Kang MH, bah Willy oge kum bae ka sadayana. Perkara data di nagara urang memang hiji pasualan nu matak ngalieurkeun ti baheula keneh, sabab ayana kapentingan sewang-sewangan, saperti kieu : 1) Dumasar kana Undang-undang, intansi nu boga tanggungjawab sual data nu kudu dipake jadi dasar sagala rancana jeung kawijakan, nyaeta BPS, namung kanyataan data nu dikumpulkeun ku BPS sifatna mangrupa data dasar nu teu cukup pikeun dipake dadasar nyusun rancana jeung kawijakan nu sifatna sektoral nu merlukeun data husus, nya ahirna unggal sektor ngadata masing-masing kaperluanana kaabus oge data dasarna, balukarna hasil data dasar nu dikumpulkeun bisa beda, sabab unggal sektor teu bareng waktu ngadatana, sok sanajan taun ngadatana sarua. 2) BPS sok ngayakeun sensus nasional (ngumpulkeun data "primer")mun teu salah unggal 10 taun sakali, jeung ditengah-tengah (unggal 5 taun) diayakeun sensus antar waktu nu sifatna "sampling", nya data diluar sampling eusina dikira-kira (forecast) dumasar kana teori statistik. 3) Diluar Kantor Statistik di unggal desa/kalurahan sok diayakeun nyusun profil desa (baheula disebut monogafi desa/kalurahan nu sok ditulis dina papan tulis atawa white board). Tah dina data ieu rupa-rupa kajadian, aya desa/kalurahan nu rajin unggal bulan dicatet parobahanana, aya oge nu males malah teu jarang geus mangtaun-taun datana teu robah. Dina ayana formulir eusian data ti kacamatan atawa ti Kantor Statistik, sabagean aya nu dikarang/dikira-kira. Oge teu saeutik desa-desa nu teu boga arsip data eusian eta, nu ngabalukarkeun mun aya deui formulir eusian ti instansi lianna, nya dikira-kira deui nu can tangtu sarua jeung eusian nu ti heula. 4) Data taunan nu aya di kantor statistik kacamatan atawa kabupaten/kota, umumna oge mangrupakeun data "forecasting" lain dumasar tina ngadata langsung. 5) Data teu jarang direkayasa, Pamarentah kabupaten/kota dina ngadata pendudukna sok diguntaganti gumantung kaperluan, saperti waktu jaman inpres, kulantaran gedena dana inpres ti pamarentah pusat dumasar kana jumlah penduduk, nya ngahaja junlah pendudukna digede-gedekeun, sabalikna keur data PDRB contona sok kadang dileutikan supaya angka income perkapita jadi rada gede (pangaruh kana citra Bupati/Walikota). 6) Tiheula pernah urang maca di koran sababaraha Bupati ngarambek kulantaran daerahna dicatet loba penduduk miskinna (ngarasa era jeung citrana turun), tapi barang diumumkeun yen pamarentah pusat rek ngalirkeun dana bantuan keur masarakat miskin ka daerah-daerah, ngadadak para bupati jeung walikota rame-rame ngadata paloba-loba ngajukeun data penduduk miskinna. 7) Dina ngadata penduduk miskin, "kriteria" nu ditetepkeun BKKBN jeung nu dipake Kantor statistik beda-beda, anu tangtu data penduduk miskin di unggal daerah jadi beda-beda, ieu matak lieur keur nu mana nu rek dipake pikeun nyalurkeun dana bantuan penduduk miskin. 8) Anyar-anyar ieu loba kaributan sual dana kompensasi BBM, nu ngait kana teu benerna pendataan. Nu jelas kaayaaan pendataan di urang memang matak lieur jeung oge sering nimbulkeun kaributan, lamun aya kaitan eung duit. Pamarentah memang sadar kana kaayaan pendataan nu pabaliut kieu, jeung geus boga gagasan pikeun ngembangkeun sistim Database, tapi duka iraha bisa beres.
Kitu kang sakaterang sim kuring mah. Cag. Rampes. Pun Engkus --- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Bah Willy, Kang Engkus, sareng nu baraya sanesna. > Pikeun nambihan kalieur, kamari basa ka lembur > kuring kungsi ngadongeng jeung salah saahiji tokoh > masayarakat (pasantren), perkara data statistik oge. > Numutkeun informasi ti anjeunna, cenah data > statistik kabupaten jeung propinsi oge teu singkron. > Kulantaran kitu pikeun meunangkeun data potensi > desa, anjeunna teu wani make data kabupaten oge > propinsi. Cenah mah rek sensus sorangan, ngarah > meunang data primer. Duka teuing tambah lieur kuring > oge. > > Baktos, > MH > > Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Sampurasun Kang Engkus. Data BPS pusat di > Indonesia teh lalaki anu langkung seueur ti awewe, > tiasa ditingali di www.bps.go.id. Duka mana nu leres > ieu teh, naha BPS Jabar atanapi BPS pusat?. Jadi > lieur kieu geuning > data kepundudukan teh, paingan atuh kawijaksanaan > pamarentah teh salah ae. > > Baktos, > WALUYA > > > Sampurasun para wargi, simkuring ngiring deui > > sinewaka, ka kang Oman kuring bade mairan perkara > > kapendudukan hususna ngeunaan babandingan jumlah > wewe > > jeung lalaki. Sakaterang kuring nu belasan taun > sok > > sering ngaji perkara kapendudukan dina raraga > > ngarencanakeun kota (kaleresan garapan sim kuring > nu > > matuh dina widang konsultan pangwangunan > kota/daerah) > > ampir unggal daerah, jumlah awewe leuwih loba > > tinimbang lalaki. Kanyataan catetan/ data nu model > > kitu, keur sabagean kaum lalaki sok dipake alesan > uat > > pikeun ngabenerkeun laku lampah nyandung. > > > ===== > Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ > [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] > > --------------------------------- > Yahoo! DSL Something to write home about. Just > $16.99/mo. or less > > [Non-text portions of this message have been > removed] > > __________________________________________ Yahoo! DSL Something to write home about. Just $16.99/mo. or less. dsl.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
