Haturan baraya sadayana, Saena mah cekapkeun dugi kadieu wae sensus ngeunaan penting henteuna Basa Sunda keur urang sadayana, margi da moal jucung dugi ka aya kasimpulan anu buleud. Kalihna ti eta, beut asa tamelar temenan salaku seke seler Sunda nanyakeun penting henteuna basa anu sapopoe keur dipake ku jutaan manusa Sunda, tur geus rebuan mungkin jutaan taun katukang umurna ieu basa. Kadongdora ayeuna disensus deui oge sabab basa Sunda geus ngulit daging jeung manusa Sunda. Cing lamun kasimpulanana "henteu penting", naha arek dilarang bahasa Sunda di pake di tatar Sunda?. Terus lamun dijawab "penting", naha Basa Sunda arek dijadikeun bahasa wajib keur Manusa nu hirup di tatar Pasundan?
Kumargi kitu, urang pungkas wae ieu sensus teh dugi ka dinten ieu, sanes maksad bade nyuparkeun kadariaan para wargi di ieu rohangan tapi bawaning ku ajrih ka para Karuhun Sunda anu parantos ngawaris ieu basa ka urang sadayana. Kanggo kapayun, mangga bilih aya deui sensus sarupi anu langkung daria tur ngeuyeuban kamekaran Sunda. Nyanggakeun, ilen kardani ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
