Haturan Kang Ilen,
  
  Hatur nuhun kana pangemutna.
Aya sababaraha hal nu jadi  kasangtukang, kunaon eta patarosan diajukeun ka ieu 
rohangan. Upama  urang nitenan warta di media, jigana tiasa disimpulkeun yen 
fungsi basa  Sunda sakedik demi sakedik ngirangan. Hal ieu tiasa dititenan dina 
 sababaraha faktor, diantarana pangajaran basa Sunda di sakola, basa  
komunikasi nu dipake ku nonoman Sunda. Ssjb. 
  
  Tah kulantaran anu di serat di luhur, sim kuring panasaran, hoyong  uninga 
kumaha pamendak baraya di ieu rohangan kana perkara eta.
  
  Janten teu pisan-pisan aya maksad tamelar,  komo deui kadongdora  teu, pedah 
sim kuring salaku seke seler Sunda naroskeun penting  henteuna basa Sunda ka 
baraya anu oge seke seler Sunda. Ari maksadna  mah taya sanes, seja "mupu 
kembang" ti para inohong di ieu rohangan,  kalebet akang kuanjeun. Hoyong 
uninga, kumaha kacindekan penting  heunteuna basa pikeun hiji bangsa. Nu 
kaimpleng ku sim kuring, upama  urang uninga kana naon pentingna basa pikeun 
hiji bangsa, mudah-mudahan  tiasa nambihan kaeguegut, kameumeut sareng kareueus 
pikeun ngamumulena.  Tah kitu numutkeun pangemut sim kuring mah.
  
  Tah justru nu diantos teh, kumaha pangemut akang sareng inohong  sanesna. 
Mangga geura pedar, kumaha pentingna basa Sunda pikeun  kahirupan urang Sunda 
teh.
  
  Baktos,
  MH
  
ilen kardani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          Haturan baraya sadayana,
  
Saena mah cekapkeun dugi kadieu wae sensus ngeunaan penting  henteuna Basa 
Sunda keur urang sadayana, margi da moal jucung dugi ka  aya kasimpulan anu 
  buleud. Kalihna ti eta, beut asa tamelar temenan salaku seke seler  Sunda 
nanyakeun penting henteuna basa anu sapopoe keur dipake ku jutaan  manusa 
Sunda, tur geus rebuan mungkin jutaan taun katukang umurna ieu  basa.

  Kadongdora ayeuna disensus deui oge sabab basa Sunda geus ngulit daging jeung 
manusa Sunda.
Cing  lamun kasimpulanana "henteu penting", naha arek dilarang bahasa Sunda  di 
pake di tatar Sunda?. Terus lamun dijawab "penting", naha Basa Sunda  
  arek dijadikeun bahasa wajib keur Manusa nu hirup di tatar Pasundan?
  
  Kumargi kitu, urang pungkas wae ieu sensus teh dugi ka dinten ieu,  sanes 
maksad bade nyuparkeun kadariaan para wargi di ieu rohangan tapi  bawaning 
  ku ajrih ka para Karuhun Sunda anu parantos ngawaris ieu basa ka urang  
sadayana. Kanggo kapayun, mangga bilih aya deui sensus sarupi anu  langkung 
daria tur ngeuyeuban kamekaran Sunda.
  
  Nyanggakeun,
  ilen kardani
  
      



=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke