Pun amit tabe pun Sampurasun..

Kang Ilen Kumaha damang ? Pribados sapagodos sareng
pamendak salira. etang-etang panambih we upami dina
tembang sunda mah janten kieu;
"basa...salah sahiji unsur tina kabudayaan salian ti
unsur-unsur sejena. rada hese mun nengetan mangsa
kiwari aya keneh bangsa anu ngawengku kabudayaan
sacara utuh jeung ajeg sabeuleugeunjeurna, sabab
kabudayaan ayana di masyarakat, dina halmana tangtuna
masarakat teh sifatna teu statis tapi dinamis.
Kadinamisan masarakat geus pasti ngabalukarkeun
dinamisna kabudayaanana. Sanajan nu kasebut masarakat
nu ilaharna linggih di wewengkon pagunungan oge mangsa
kiwari geus loba nu kapangaruhan tina kabudayaan luar
masarakatna. Pon kitu basana geus dipastikeun aya
perobahanana.
Kaduana, basa teh apanan diantarana mangrupakeun
pangeunteupan, rasa,elmu,daya,nilai, jeung sajabana.
boh nu sifatna basa lisan atawa tulisan sok komo mun
ngudak kana basa gerak laku atawa gesture. Ngan,
robahna perkembangan basa tangtuna aya anu balukarna
tina daya gerak internal masarakat atanapi eksternal
pedah kapangaruhan ti tarikna budaya kuar masarakat.
rek kamana jeung nepi kamana perkembangan eta basa,
geus tangtu gumantung; (1) bangsa anu boga basa eta
ngaping jeung ngajaga perkembangan basana sangkan teu
ngaleungitkeun identitas jeung ajen bangsana, (2)
sakumaha tarikna pangaruh budaya luar anu ngawengku
berbagai kapentinganana ngalangkungan macem-macem
media teknologi informasi manehna.

tah, ayeuna basa sunda,tangtuna ari punah teuna mah
duka, ngan salila bangsana bener-bener ngarawat jeung
ngaruwat jeung mekarkeun saluyu kamekaran jaman jeung
kabutuhan masarakatna tapi teu leupas tina dadasar
ajen inajena bangsana, basa sunda masih dipentingkeun
minimal ku bangsana atau ku balarea."

sakitu heula.
kang manawi tiasa abdi aya peryogi ka akang di bdg,
iraha tiasa tepang kanggo ngabahas saresehan masarakat
penghayat kapercantenan ka Gusti Nu maha Tunggal tahun
payun. hatur nuhun.

cag. rampes
--- ilen kardani <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

> Haturan baraya sadayana,
> 
> Saena mah cekapkeun dugi kadieu wae sensus ngeunaan
> penting henteuna Basa 
> Sunda keur urang sadayana, margi da moal jucung dugi
> ka aya kasimpulan anu 
> buleud. Kalihna ti eta, beut asa tamelar temenan
> salaku seke seler Sunda 
> nanyakeun penting henteuna basa anu sapopoe keur
> dipake ku jutaan manusa 
> Sunda, tur geus rebuan mungkin jutaan taun katukang
> umurna ieu basa.
> Kadongdora ayeuna disensus deui oge sabab basa Sunda
> geus ngulit daging 
> jeung manusa Sunda.
> Cing lamun kasimpulanana "henteu penting", naha arek
> dilarang bahasa Sunda 
> di pake di tatar Sunda?. Terus lamun dijawab
> "penting", naha Basa Sunda 
> arek dijadikeun bahasa wajib keur Manusa nu hirup di
> tatar Pasundan?
> 
> Kumargi kitu, urang pungkas wae ieu sensus teh dugi
> ka dinten ieu, sanes 
> maksad bade nyuparkeun kadariaan para wargi di ieu
> rohangan tapi bawaning 
> ku ajrih ka para Karuhun Sunda anu parantos ngawaris
> ieu basa ka urang 
> sadayana. Kanggo kapayun, mangga bilih aya deui
> sensus sarupi anu langkung 
> daria tur ngeuyeuban kamekaran Sunda.
> 
> 
> Nyanggakeun,
> 
> 
> ilen kardani
> 
> 



                
__________________________________________ 
Yahoo! DSL – Something to write home about. 
Just $16.99/mo. or less. 
dsl.yahoo.com 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke