Ti acara sawargi Lisenda (lingkung seni sunda) itenas

Lisenda, di awal acara mah, lingkung seni sunda. Nu jadi panata calagara
(panitia) acara Sawargi. Acara nu lucuna, salian ti pasang giri nari merak
pikeun murid SD, aya calung Lisenda.  Nu ieu mah lingkung seni walanda.
Haha.  Acara eta diramekeun ku ayana sababaraha kios nu dagang produk2
urang sunda, kaasup nu ngajual miniatur kendang, angklung, kadaharan
(awug), jeung sajabana.

Acara munggaran mangrupa diskusi peran perguruan tinggi dalam memajukan
kebudayaan sunda.  Nu janten panyaturna nyaeta Dr. Tresna Dermawan Kunaefi
(kang Iwan), Kepala Kopertis IV Jabar Banten, dosen Teknik Lingkungan ITB,
Drs HR Hidayat Suryalaga (abah Surya) dosen sastra Sunda Unpad manten,
dosen Unpas, staf ahli sundanet.com, Ibu Dra. Romlah, ti Disbudpar,
ngawakilan Kepala Disbudpar Jabar, teras Ni ‘a, mojang 2002 Jabar, msiswi
Fikom Unpad, sareng si kuring, wakil PR III Itenas. Moderatorna kang Wida
Sopandi, pupuhu Damas puser manten.  Acara sawargi teh tilu poe, ti kemis
nepi ka saptu. 22-24 desember 2005.

Eusi diskusi diantara ngaguar ketak Paguron Luhur Jabar nu masing-masing
mere rohangan pikeun ngamekarkeun lingkung seni, diantarana nu mangrupa
unit kegiatan mahasiswa (ukm). Ampir sadaya Paguron Luhur di bandung
utamana garaduh ukm kasundaan, lingkung seni sunda. Nu ngaranana beda2. di
ITB LSS, Itenas Lisenda, Unpas Lisma, Unpad Lises, jeung sajabana. Malah
geus aya ‘holding’na atawa pakumpulan lingkung seni eta, ngarana
Fokalismas, forum komunikasi lingkung seni mahasiswa sunda. Atuh perkara
karancageanana, masing2 ukm eta baroga udagana sewang2an nu rada beda.
Barudak Lisenda Itenas ayeuna boga grup Tren Sunda, ngagabungkeun seni
sunda jeung musik modern. LSS itb sok ngayakeun acara ngondang kasenian
sunda ti mana mendi pikeun minton di itb, jeung sajabana. Pihak Kopertis
keur ngadata jumlah  unit lingkung seni sunda di paguron luhur sajabar
banten. Pihak disbudpar oge kitu bari cenah memang boga pancen oge pikeun
milu mekarkeun kasenian sunda di lingkungan paguron luhur sajabar.

Aya nu nanya, ari pihak Paguron Luhur sorangan kumaha ketakna? Nu apal
mah, pihak paguron luhur, itenas jeung itb contona, mere kasempetan jeung
tempat pikeun mekarna kasenian sunda, oge kasenian sejen. Masing2 ukm
otonom, hartina pihak kampus teu nangtukeun kudu kumaha-kumaha eta
lingkung seni sunda nu aya. Jadi kasempetan gede pikeun mekarkeun naon bae
nu dipikihayang. Pihak kampus ngan ukur mantuan waragad sanajan teu bisa
toh2an, da waragadna dibagi rata pikeun unit kagiatan nu sejen.

Tangtuna pikeun saayeunaeun mah, teu sadaya paguron boga lembaga
kasundaan, sabab patali jeung sifat kampus. Di unpas aya lembaga kebudaaan
sunda. Nya geus kuduna, da ngarana Universitas Pasundan. Malah mun bisa
mah kudu jadi puseur kamekaran soal kasundaan. Bareng jeung unpad atawa
unpar. Kang Iwan Tresna DK, kepala kopertis malah mere conto kumaha
Universitas Kristen Maranatha mun wisudaan cenah sok dipirig  atmosfer
sunda. Musikna teh sok make degung. Sanajan urang sunda na saeutik dina
ayana nu ngagem agama karesten, maranatha sadar kana kabudayaan lokal
sunda.  Dina palebah dieu mah Itenas oge geus milu: ngaganti lagu Godeamus
dina acara  wisuda ku lagu Kandaga Atikan yasana kang Yus Wiradiredja ti
STSI. Malah barudak Lisenda geus langganan jadi tukang ngaramekeun acara
ku degung jeung rampak kendang, bareng jeung paduan suara. Di itb oge
asana kitu. Nu apal basa wisuda s2 taun 2001. acara teh dipirig ku
angklung mahasiswa.

Kang Iwan Tresna oge netelakeun yen keur ngusahakeun ilmu budaya dasar,
mata kuliah di tingkat hiji, make muatan lokal. Nu pikeun daerah jabar
mah, make elmuning warisan karuhun utamana dina ajaran moral, saperti nu
aya dina buku Rawayan Jati kenging Abah Surya.

Acara panungtung, poe sabtu, rame cenah (si kuring teu datang-rada
migren). Aya calung lisenda tea, terus lingkung seni paguron luhur sejen
milu mintonkeun kamonesanana.

eh, yp kusnet oge mantuan waragad, lima ratus rebu.

sakitu we laporanana, rada pakepuk ngawitan lebet deui di taun anyar
masehi 2006


mj

http://geocities.com/mangjamal






PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke