Baraya sadaya, 
  Hatur nuhun kintunanana. Tos dibolak-balik macana, ceuk sim kuring mah perlu 
dibedel supados gampil mun rek ngalengkah ngalajuninglakuna. Kahiji peryogi 
dijelaskeun, dijejerkeun deui maksad masing-masing "statement" nu tujuh. 
Saterasna ieu mah lengkah-lengkah nu diusulkeun sim kuring, nyaeta:
  1. Dinegasikeun nu hartina jadi kaayaan nu masih lumangsung
  2. Masing-masing bagean (angka) kedah ditelaah deui difokuskeun widang, 
masalahna  
  3. Nu katilu majukeun bongbolong, asupan
  Nomer 2 sareng 3 tangtos kedah dideuheus sasarengan supados identifikasi 
jeung tarekahan nu dikahareupkeun bisa rempeg.
  Model ieu tiasa diteraskeun janten matriks, ditambihan saha, dimana, iraha 
jst. nu mangpaat keur lajuning laku, sanes keur wacana hungkul.
   
  Mangga urang cobi sasarengan ngawitan ti negasina:
   
  1. "nonoman Ki Sunda" masih nyoranganan alatan kagulung ku pacengkadan nu 
dumasar kana kasangtukang ideologi,agama,politik, golongan,kapentingan nu 
heureut jeung sajabana.
   
  ??? ceuk sim kuring ieu kedah dibedel deui, diidentifikasi saha, iraha, 
dimana kajadian jst.
  
  2.Nonoman Ki Sunda masih make paradigma nu dipake kolot baheula anu 
ngabalukarkeun paguntrengan altan no. 1 diluhur.
   
    ??? ieu oge kedah diidentifikasi "value" kolot baheula nu mana?
  

  3. Nonoman Ki Sunda can nyangking "estapet" dina sagala posisi atawa teu 
keyeng deuk nataharan "mapag padjadjaran wanda anyar" anu geus kagurat dina 
titis tulis ti baheula boh lisan jeung tulisanana.

   
    ??? punten kersana ngabeberkeun langkung panjang masalah (1) estapet; (2) 
Pajajaran wanda anyar.


  
  4.Nonoman Sunda can mampu ngaronjatkeun kaparigelanana pikeun balarea dina 
ngaruat budaya jeung sakur hasil kabudayaanana anu geus diwaris ti baheula 
jeung dimekarkeun saluyu jeung kamekaran jamana.
   
   
    ??? perlu diidentifikasi budaya nu dimaksud.
  

  5.Nonoman Sunda mangmang, teu boga tangtungan anu puguh, panceg, kukuh jeung 
jembar dina kakukuhanana boh jembar pikir jeung rasana.

   
  ??? ieu oge perlu diidentifikasi "teu pe de" na nonoman sunda, naha memerian 
bae kamana nu ngagiring?
  
  6.Nonoman Sunda can boga "PR" atawa pagawean gede pikeun 
ngaevaluasi,ngakritisi,nata,ngajaga jeung nyieun pondamen anyar anu "nyunda" 
pikeun jadi "social control" anu jujur jeung bijak, pikeun jadi"agent social 
change" kana perubahan anu jelas,"evolusioner progresif", anu leuwih 
mentingkeun rahayat leutik,jeung banda budayana sorangan.
   
    ??? Seurieus......pang jejerkeun deui maksad pagawean gede, teras naha enya 
dina mangsa ieu tacan aya pagawean gede dimaksad?

  7. Nonoman Sunda teu boga solidaritas keur ngawangun tatanan anyar pikeun 
nganyatakeun / mulangkeun deui "Sunda Pakuan Pajajaran Siliwangi" pikeun 
kajayaan Nusantara babarengan. 

   
    ??? Punten ieu teh asa geus akrab masalah ieu tapi sigana mah keukeuh kudu 
dijejerkeun deui widang jeung masalah nu pakaitna.

   
  Hatur nuhun kana perhatosanana, hapunten kana kakirangan.
   
  salam
  tirta
  

   
   
   
  Ira Indrawardana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  Sampurasun......
   
  Mugia berkah jembar waluyana mubyar ka para wargi, baraya,ki dulur Sunda anu 
sawawa sangartian dina galur kasiliwangian ku cara nu rineka gelar tur lampah. 
Rahayu..
   
  Tahun 2006 geus datang jeung keur disorang..sanajan dumasar kana pananggalan 
bangsa deungeun, tapi satemena urang sakabeh hirup dina kurungan titimangsa 
eta. Teu jadi masalah nu ari eta mah, ngan nu perluna mah kumaha urang sadaya 
nyieun garapan anu nyata dina leuwih ngaronjatkeun deui kamekaran, kajembaran, 
kaparamartaan,kasugihan,kaadilan, kadamayan,katengtreman khususna pikeun urang 
Sunda sacara etnisitas, filofis atawa geografisna. Tangtuna pikeun kajembaran 
jeung kajayaan Sunda Gede-Leutik (Nusantara).
   
  Hal anu nyata jadi sawangan:
  1.Geus wayahna "nonoman Ki Sunda" tahun-wanci 2006 mulai tandang babarengan 
sauyunan,ngaleupaskeun pacengkadan nu dumasar kana kasangtukang 
ideologi,agama,politik, golongan,kapentingan nu heureut jeung sajabana.
  2.Nonoman Ki Sunda, geus wayahna boga paradigma anu leuwih jembar batan-kolot 
baheula anu nepi ka kiwari masih keneh karasa paguntrengan ku dasar perbedaan 
anu jadi kasangtukang kasebut di luhur tadi.
  3. Nonoman Ki Sunda geus wayahna nyangking "estapet" dina sagala posisi lamun 
bebener-bener deuk nataharan "mapag padjadjaran wanda anyar" anu geus kagurat 
dina titis tulis ti baheula boh lisan jeung tulisanana.
  4.Nonoman Sunda geus wayahna ngaronjatkeun kaparigelanana anu boga guna 
pikeun balarea dina ngaruat budaya jeung sakur hasil kabudayaanana anu geus 
diwaris ti baheula jeung dimekarkeun saluyu jeung kamekaran jamana.
  5.Nonoman Sunda kudu boga tangtungan anu puguh, panceg, kukuh jeung jembar 
dina kakukuhanana boh jembar pikir jeung rasana batan mangsa-mangsa katukang.
  6.Nonoman Sunda geus wayahna boga "PR" atau pagawean gede pikeun 
ngaevaluasi,ngakritisi,nata,ngajaga jeung nyieun pondamen anyar anu "nyunda" 
pikeun jadi "social control" anu jujur jeung bijak, pikeun jadi"agent social 
change" kana perubahan anu jelas,"evolusioner progresif", anu leuwih 
mentingkeun rahayat leutik,jeung banda budayana sorangan.
  7. Tahun 2006 ieu geus wayahna... Nonoman Sunda "diuk dina amparan rasa 
satata", "sawala ngariksa banda budaya sorangan", ngawangun tatanan anyar 
pikeun nganyatakeun / mulangkeun deui "Sunda Pakuan Pajajaran Siliwangi" pikeun 
kajayaan Nusantara babarengan. "baris bukti...baris jadi...mun urang sadar kana 
diri salaku manusa nu dikudratkeun boga bangsa jeung lemah cai nu mandiri !!!"
   
  Sakitu panuntun catur dina mangsa anyar tahun anyar 2006. Mugya laksana mugya 
sapaneja sareng karsa pangersa Gusti Nu Maha Tunggal...urang sami-sami sakseni 
babarengan. hayu...rempug jukung...babarengan. 
   
  Neda hapunten dina langkung saurna bahe carekna. cag. rampes
   
  RKK ti tutugan Gunung Mandalawangi,
  (ayeuna ngumbara di patilasan leuwi Sang Guru Hiang)

            
---------------------------------
Yahoo! Shopping
Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo! Shopping 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.



    
---------------------------------
  YAHOO! GROUPS LINKS 

    
    Visit your group "kisunda" on the web.
    
    To unsubscribe from this group, send an email to:
 [EMAIL PROTECTED]
    
    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 

    
---------------------------------
  

  


Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke