Sampurasun......
   
  Mugia berkah jembar waluyana mubyar ka para wargi, baraya,ki dulur Sunda anu 
sawawa sangartian dina galur kasiliwangian ku cara nu rineka gelar tur lampah. 
Rahayu..
   
  Tahun 2006 geus datang jeung keur disorang..sanajan dumasar kana pananggalan 
bangsa deungeun, tapi satemena urang sakabeh hirup dina kurungan titimangsa 
eta. Teu jadi masalah nu ari eta mah, ngan nu perluna mah kumaha urang sadaya 
nyieun garapan anu nyata dina leuwih ngaronjatkeun deui kamekaran, kajembaran, 
kaparamartaan,kasugihan,kaadilan, kadamayan,katengtreman khususna pikeun urang 
Sunda sacara etnisitas, filofis atawa geografisna. Tangtuna pikeun kajembaran 
jeung kajayaan Sunda Gede-Leutik (Nusantara).
   
  Hal anu nyata jadi sawangan:
  1.Geus wayahna "nonoman Ki Sunda" tahun-wanci 2006 mulai tandang babarengan 
sauyunan,ngaleupaskeun pacengkadan nu dumasar kana kasangtukang 
ideologi,agama,politik, golongan,kapentingan nu heureut jeung sajabana.
  2.Nonoman Ki Sunda, geus wayahna boga paradigma anu leuwih jembar batan-kolot 
baheula anu nepi ka kiwari masih keneh karasa paguntrengan ku dasar perbedaan 
anu jadi kasangtukang kasebut di luhur tadi.
  3. Nonoman Ki Sunda geus wayahna nyangking "estapet" dina sagala posisi lamun 
bebener-bener deuk nataharan "mapag padjadjaran wanda anyar" anu geus kagurat 
dina titis tulis ti baheula boh lisan jeung tulisanana.
  4.Nonoman Sunda geus wayahna ngaronjatkeun kaparigelanana anu boga guna 
pikeun balarea dina ngaruat budaya jeung sakur hasil kabudayaanana anu geus 
diwaris ti baheula jeung dimekarkeun saluyu jeung kamekaran jamana.
  5.Nonoman Sunda kudu boga tangtungan anu puguh, panceg, kukuh jeung jembar 
dina kakukuhanana boh jembar pikir jeung rasana batan mangsa-mangsa katukang.
  6.Nonoman Sunda geus wayahna boga "PR" atau pagawean gede pikeun 
ngaevaluasi,ngakritisi,nata,ngajaga jeung nyieun pondamen anyar anu "nyunda" 
pikeun jadi "social control" anu jujur jeung bijak, pikeun jadi"agent social 
change" kana perubahan anu jelas,"evolusioner progresif", anu leuwih 
mentingkeun rahayat leutik,jeung banda budayana sorangan.
  7. Tahun 2006 ieu geus wayahna... Nonoman Sunda "diuk dina amparan rasa 
satata", "sawala ngariksa banda budaya sorangan", ngawangun tatanan anyar 
pikeun nganyatakeun / mulangkeun deui "Sunda Pakuan Pajajaran Siliwangi" pikeun 
kajayaan Nusantara babarengan. "baris bukti...baris jadi...mun urang sadar kana 
diri salakau manusa nu dikudratkeun boga bangsa jeung lemah cai nu mandiri !!!"
   
  Sakitu panuntun catur dina mangsa anyar athun anyar 2006. Mugya laksana mugya 
sapaneja sareng karsa pangersa Gusti Nu Maha Tunggal...urang sami-sami sakseni 
babarengan. hayu...rempug jukung...babarengan. 
   
  Neda hapunten dina langkung saurna bahe carekna. cag. rampes
   
  RKK ti tutugan Gunung Mandalawangi,
  (ayeuna ngumbara di patilasan leuwi Sang Guru Hiang)

                
---------------------------------
Yahoo! Shopping
 Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo! Shopping 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke