Urang uih deui kana Unicode, nya :)

Abdi kenging informasi deui, yen geuningan slot kanggo aksara Sunda dina
Unicode parantos dialokasikeun. Cobi tingali dina
http://www.unicode.org/roadmaps/bmp/

Di dinya aya tabel slot kanggo 65536 aksara. Aksara Sunda merenahna dina
baris 1B, kolom 8,9,A,B. Cekap kanggo 1024 aksaraeun. Masih keneh dipasihan
tanda-tanya (?Sundanese?) margi aya patarosan-patarosan anu teu acan kawaler
tea.

65536 aksara ieu teh (namina BMP) dihususkeun kanggo aksara-aksara anu masih
keneh "hirup", atanapi masih keneh aya pamakena. Aksara-aksara nu jarang
dianggo, bakal ditempatkeun di 65536 slot kadua (SMP), katilu, jst. Di dieu
urang peryogi ngabuktoskeun yen aksara Sunda masih aya pamakena: tiasa ku
foto nami gedung, foto nami jalan, scan dokumen anu nganggo aksara Sunda,
serat rekomendasi Gubernur, jsb.

Urang oge ningali aya tanggapan positif ti pihak Unicode anu parantos
nyayogikeun tempat kanggo aksara Sunda ieu ti sasih September 2005 kamari.
Kantun urang masihan dukungan mangrupi informasi anu diperyogikeun, oge
komunikasi + koordinasi nu sae. Insya Allah garapan ieu bakal laksana. Sim
kuring ngusulkeun aya salah saurang di Tatar Sunda anu janten pimprona.
Ambeh langkung tangginas. Kumargi sim kuring ti dieu mah mung tiasa kontak
virtual wae atanapi ngalangkungan telepon.

Saupami bade ngajukeun pendanaan, anu peryogi diperhatoskeun panginten biaya
komunikasi, konsultasi sareng para ahli, publikasi, sareng kanggo
proyek-proyek tambihan samodel ngadamel prototip aksara Sunda versi Unicode
+ papan ketikna.

Baktos,
-Dian-


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke