Ralat: baris 1B, kolom 8 dugi ka B cekapna kanggo 64 aksara (sanes 1024).. punten pisan.
On 10/01/06, Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Urang uih deui kana Unicode, nya :) > > Abdi kenging informasi deui, yen geuningan slot kanggo aksara Sunda dina > Unicode parantos dialokasikeun. Cobi tingali dina > http://www.unicode.org/roadmaps/bmp/ > > > Di dinya aya tabel slot kanggo 65536 aksara. Aksara Sunda merenahna dina > baris 1B, kolom 8,9,A,B. Cekap kanggo 1024 aksaraeun. Masih keneh dipasihan > tanda-tanya (?Sundanese?) margi aya patarosan-patarosan anu teu acan kawaler > tea. > > 65536 aksara ieu teh (namina BMP) dihususkeun kanggo aksara-aksara anu > masih keneh "hirup", atanapi masih keneh aya pamakena. Aksara-aksara nu > jarang dianggo, bakal ditempatkeun di 65536 slot kadua (SMP), katilu, jst. > Di dieu urang peryogi ngabuktoskeun yen aksara Sunda masih aya pamakena: > tiasa ku foto nami gedung, foto nami jalan, scan dokumen anu nganggo aksara > Sunda, serat rekomendasi Gubernur, jsb. > > Urang oge ningali aya tanggapan positif ti pihak Unicode anu parantos > nyayogikeun tempat kanggo aksara Sunda ieu ti sasih September 2005 kamari. > Kantun urang masihan dukungan mangrupi informasi anu diperyogikeun, oge > komunikasi + koordinasi nu sae. Insya Allah garapan ieu bakal laksana. Sim > kuring ngusulkeun aya salah saurang di Tatar Sunda anu janten pimprona. > Ambeh langkung tangginas. Kumargi sim kuring ti dieu mah mung tiasa kontak > virtual wae atanapi ngalangkungan telepon. > > Saupami bade ngajukeun pendanaan, anu peryogi diperhatoskeun panginten > biaya komunikasi, konsultasi sareng para ahli, publikasi, sareng kanggo > proyek-proyek tambihan samodel ngadamel prototip aksara Sunda versi Unicode > + papan ketikna. > > Baktos, > -Dian- > [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
