Baraya,
Dua poe ka tukang si kuring narima sms ti salah saurang sepuh di Bandung,
unina kieu: "Menurut ramalan cuaca/meteorologi di Bandung 1 feb akan hujan
lebat & baai, nyatana HENTEU, ciciren ELMU SUNDA leuwih unggul, disarang ku
SARINGAN bisa raat".
Sajongjongan saba'da maca eta sms si kuring. Jorojoy aya sababaraha pananya
jero hate, diantarana:
1) Naha enya aya keneh elmu Sunda samodel nyaring hujan sangkan teu jadi?
Lamun aya keneh, siga kumaha metodelogina?
2) Naha enya eta elmu anu boga epistimologi beda jeung elmu sakolaan teh
leuwih unggul tinimbang elmu sakolaan (aplikasina dina soal hujan/ angin
puyuh di pamarentahan aya di BMG)?
3) Naha aya ku wanian eta sepuh ngaku2 elmu Sunda leuwih onjoy, naha enya?
atawa eta mah kabeneran wae? (sakapeung rada ngaenyakeun oge sabab
sababaraha waktu ka tukang aya kajadian anu rada sarua, waktu ribut2 perkara
Gn. Papandayan arek bitu (deui) anu leuwih gede, tapi teu tulus (pakait eta
kajadian, salah saurang ajengan di Garut ngaharewos....salila aya "anta
fiihi", Insya Alloh moal kajadian bancangpakewuh teh, tah ayeuna mah teangan
wae, saha-saha jeung dimana wae dumukna sang "anta" teh)
Cag heula, ayeuna mah mangga diantos pamairan ti baraya sadaya, ngomentaran
perkara bancangpakewuh (bencana alam) disawang tina elmu naon wae. Diantos.
baktos,
manAR
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/