Haturan Kang Yan
   
  Leres pisan tah cariosan teh ari nyetop teh ulah sagawayah da memang kedah 
kituna, eta mah sami sareng bahagia diatas penderitaan orang lain ceuk 
indonesiana mah. Urang mah suka-suka sementara mahluk hirup saperti sireum, 
cacing butuh ku cai teh tah ari nepi ka kitu teuing mah ulah atuh.
   
  Pan ari ayana hujan teh ceuk karuhun baheula ge bakal datang rejeki ari ku 
urang kudu di stop nya rejeki ngurangan tea atuh. Janten kang saenyana mah 
sanes rek ngeureunkeun nepi ka euweuh tapi mindahkeun hujanna ulah waka turun 
ditempat anu keur hajatan. Tah ari beres acara mah hujan ge bisa didatangkeun 
deui, jadi mun bisa ngeureunkeun teh kudu bisa ngadatangkeun deui tah luhungna 
elmu karuhun sunda teh.
   
  Jadi memang kudu wajib percayana teh, ari kana sejarah batur kudu wajib 
percaya sanajan can pernah bukti bari jeung sakadar cenah, ari sejarah karuhun 
nu nampeu kumaha? bari jeung sok aya buktina..
   
  Sakitu heula kang pedaran teh punten bilih kirang merenah ulah matak bendu, 
da ieu mah sakadar ngiring ngobrol sareng urang silih eusian we nya. 
   
  Mihape sisir jeung minyak
  Kade kaancloman leungeun
  Mihape pikir jeung Niat
  kade kaancloman deungeun
   
  sampurasun,
  s4d3w4
       

sastranegara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  Haturan Kang Nakula

Salerena eta carana / metoda tiasa kanggo ngageuingkeun urang sunda  
keur nulungan kaum -kaum anu keuna halodo anu taneuhna jadi
garing. Cara na ngarahkeun "awan" jadi hujan ka taneuh anu gersang  
tea, produkna nyiptakeun padamelan keur nu tani, produksi nasional
jadi nambihan dina masalah hasil pertanian, peternakan tah ieu conto- 
conto no positip. Ari nyetop hujan keur pesta pora mah teu kaci atuh,
mending hujan teh keur taneuh nu kacida ceurikna da garing da panas  
teuing teu aya nu nyiram.
Ka hayang kuring mah elmu karuhun teh tong nyetop hujan wae atuh  
giring hujan teh kanu butuh cai, irigasi ameh teu seur paceklik, sugan
wae US bisa ngekport beas jeung lalab-lalaban nu hararejo ka Thailand  
atawa ka New York City-USA.

sakitu heul wae kang...baraya

yan nyc


On Feb 7, 2006, at 12:47 AM, S4D3W4 NAKULA wrote:

> Haturan,
>
>   Kang Yan meni jentre pisan medarkeun nu rasional teh da lamun  
> elmu luluhur dipedarkeun samodel kitu kacida geunahna nya. Ngan  
> meureun aya sabab na oge karuhun urang teu medarkeun elmu teh,  
> jeung lamun dipedarkeun secara luas karuhun ge rada ngemut bakal  
> tiasa henteu mawana atawa ngamalkeunana pan ceuk katerangan ge elmu  
> karuhun mah bisa teh kunu rancage hatena.
>
>   Sareng masalah keur ngebulan dapur mah mun bade ngangge elmu ti  
> karuhun mah pabalatak ngan nya kitu tea teu tiasa dipedar  
> sagawayah. Tapi lamun bade leres-2 nyukcruk mah moal sesah.
>
>   Sakitu heula ti sim kuring, punten kang yan abdi ngiringan  
> nyarios bilih lepat dina nyerat atanapi basa kirang sae nyuhunkeun  
> dihapunten ngiringan nyarios teh pedah reep we sugan aya masukan  
> oge kanggo sim kuring.
>
>   Hatur nuhun,
>
>   s4d3w4
>
>
> sastranegara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>   Baraya,  karuhun urang teh geuning karunyaeun ka US, tah geuning
> ayeunamah
> tos aya metoda nu gaib teu kedah dirusiahkeun keur nulungan US, keur
> naon atuh
> disusulumputkeun eta metoda naha lain di amalkeun ka baraya anu
> hayang terang
> eta elmu karuhun, da urang teh erek mulih ka jati mulang ka asal.
>
> Ku kuring di guratan ieu seratan Mr Rido sareng Kang Ilen
> Carana / metodana jentrekeun atuh Kang, punten ah seueur tomaros.
>
> shalat istisqo......., sareng nyarang hujan mah asa teu aya metoda na
> (?).
> ________________________________________
> taon 2007 bakal aya kajadian anu ageung..
> ka hiji: urang sunda bakal naek,jaya
>
> kadua: loba deui jalma nu neangan harta karun .. tapi
> ngan meunang sacara hakekat..nyaeta harta
> karuhun.nyaeta meunang elmu ti leluhur..
> __________________________________________
>
> Dina metakeun metoda masih acan kaharti jentrena jeung hasilna ngan
> sa ukur ningali hasilna, sami wae urang lalajo pilem mayar karcis tapi
> teu terang proses nyien eta carita pilem. Lamun dina silat mah ningali
> pendekar ngapung / ngaleungit tapi tara ngajarkeun elmuna ka muridna.
> Muridna ngan bisa sa ukur lalajo eta pendekar ngaleungit dinu caang.
>
> Ieu aya conto metoda anu euweuh rusiah di data dokumen tantara Amerika
> keur merangan  Vietnam teu kudu make misil, boom, jeung ala teknologi
> canggih,
> tapi make hujan ameh sa kota kabanjiran lilana bulanan.
>
> Kieu geura carana / metodana:
> 1. Tingali awan di langit lokasina pas luhureun kota Vietnam
> 2. Siapkeun alat angkut  udara
> 3. Siapkeun bahan kimia mangrupa uyah sareng nu sanesna
> 4. Pasawat keur ngangkut uyah di semprotkeun ti luhur awan ngango alat
>       pompa semprot keur uyah,  atawa tembakeun gumpalan uyah di
> luhur gumpalan awan.
> 5. Tah produkna hujan, teras wae banjir.
> 6. Hasilna teu jadi perang manusa jeung manusa silih bedil,
> 7. Hasilna ngaruntuhkeun integrasi sagala sektor perkotaan, ekonomi
> jeung sajabana
>
> Ka hayang kuring US teh upami gaduh elmu ti karuhun cara medarkeuna
> jiga conto  nu di luhur ameh US bisa mararaju palalinter.
> Nu kedah di ulik ku US bisa heunteu narima elmu luluhur karuhun US,
> aya naon atuh ...ma enya kudu dirusiahkeun  eta elmu teh keur US, komo
> deui keur kamajeungan urang sararea sa Sunda akur baraya.
> Kumaha yeuh upami aya US neangan keur gawe / komo deui jaman ayeunamah
> masih hese keur kabutuhan  ngebulna dapur,  aya rusiah rusiahan
> heunteu...?
>
> cag
> yan
> www.silatpdusa.com
>
>
> On Feb 6, 2006, at 3:01 AM, ilen kardani wrote:
>
>> Baraya,
>>
>> Haneut keneh pisan sim kuring ngalaman dua kali kaluhungan sunda
>> diterapkeun kana nyarang hujan. Hatur uninga wae, di urang mah aya
>> elmu
>> kanggo nyarang hujan, aya oge elmu kanggo nurunkeun
>> hujan........kumaha
>> prak-prakanana eta mah rusiah tukang sulap...moal dibejakeun.
>>
>> 1. Waktos acara seren taun anu lamina 5 dinten (18-22 Januari), teu
>> turun
>> hujan sakeclak-keclak acan, padahal di lembur sejen mah harita teh
>> nuju
>> hujan unggal dinten....na ari tos beres acarana ping 22....sonten
>> na turun
>> hujan ngagebret pisan siga meunang nyicikeun. Bukti yen kaluhungan
>> sunda
>> dipake, sanes ukur kabeneran ku usum, tapi kabeneran ditedunan
>> pamaksudan
>> ku Nu Maha Ngersakeun.
>>
>> 2. Minggon kamari pisan ping 31 Januari, sim kuring nanggap wayang
>> golek
>> seja nyambut taun baru sunda....Anu ceuk ramalan cuaca mah bandung  
>> teh
>> bakal diguyur ku hujan, komo deui ngepas pisan sareng imlek anu
>> biasana mah
>> urang Cina ngarepkeun diguyur ku hujan. Mung diparengkeun Ku Nu
>> Ngersakeun,
>> pamenta sangkan hujan teu turun dina poe harita ditedunan ku
>> Anjeuna....atuh acara wayang golek teh tiasa lumangsung tur pinuh
>> ku nu
>> nongton nepi ka rengsena........
>>
>> Kabayang lamun dina eta dua acara hujan ngagebret, tangtu moal aya nu
>> daratang da embungeun kajibrugan.....
>>
>> Pami carios ngadatangkeun hujan, kantos hiji waktos aya manager  
>> pabrik
>> ngumaha ka salah sawios sepuh.....dupi nu janten bangbaluh nyaeta  
>> dina
>> waktu eta pisan pabrikna nuju di serang ku demonstran...Saur eta
>> sepuh "
>> Keun urang kirim hujan ti dieu ngarah nu demo bubar".......teu
>> kungsi sa
>> jam ti harita turun hujan silantang di eta wewengkon, antukna nu
>> daremo teh
>> bubar saharita.
>>
>> Saleresna di ajaran islam oge aya anu disebat shalat istisqo,
>> nyaeta kanggo
>> neneda ka Nu Kagungan sangkan nurunkeun hujan...Mung pami dina  
>> palebah
>> nyarang hujan mah asa teu aya metoda na (?).
>>
>> Baktos,
>>
>> ilen kardani
>>
>>
>>
>>
>> At 01:37 PM 2/6/2006, you wrote:
>>> Baraya,
>>>
>>> Dua poe ka tukang si kuring narima sms ti salah saurang sepuh di
>>> Bandung,
>>> unina kieu: "Menurut ramalan cuaca/meteorologi di Bandung 1 feb
>>> akan hujan
>>> lebat & baai, nyatana HENTEU, ciciren ELMU SUNDA leuwih unggul,
>>> disarang ku
>>> SARINGAN bisa raat".
>>>
>>> Sajongjongan saba'da maca eta sms si kuring. Jorojoy aya
>>> sababaraha pananya
>>> jero hate, diantarana:
>>>
>>> 1) Naha enya aya keneh elmu Sunda samodel nyaring hujan sangkan
>>> teu jadi?
>>> Lamun aya keneh, siga kumaha metodelogina?
>>> 2) Naha enya eta elmu anu boga epistimologi beda jeung elmu
>>> sakolaan teh
>>> leuwih unggul tinimbang elmu sakolaan (aplikasina dina soal hujan/
>>> angin
>>> puyuh di pamarentahan aya di BMG)?
>>> 3) Naha aya ku wanian eta sepuh ngaku2 elmu Sunda leuwih onjoy,
>>> naha enya?
>>> atawa eta mah kabeneran wae? (sakapeung rada ngaenyakeun oge sabab
>>> sababaraha waktu ka tukang aya kajadian anu rada sarua, waktu
>>> ribut2 perkara
>>> Gn. Papandayan arek bitu (deui) anu leuwih gede, tapi teu tulus
>>> (pakait eta
>>> kajadian, salah saurang ajengan di Garut ngaharewos....salila aya
>>> "anta
>>> fiihi", Insya Alloh moal kajadian bancangpakewuh teh, tah ayeuna
>>> mah teangan
>>> wae, saha-saha jeung dimana wae dumukna sang "anta" teh)
>>>
>>> Cag heula, ayeuna mah mangga diantos pamairan ti baraya sadaya,
>>> ngomentaran
>>> perkara bancangpakewuh (bencana alam) disawang tina elmu naon wae.
>>> Diantos.
>>>
>>> baktos,
>>> manAR
>>>
>>>
>>> [Non-text portions of this message have been removed]
>>>
>>>
>>>
>>> PENTING..!
>>>
>>> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>>>
>>> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai  
>>> sanksi
>>> berupa pencabutan membership.
>>>
>>> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk
>>> selalu
>>> mengupdate antivirusnya.
>>>
>>> Yahoo! Groups Links
>>>
>>>
>>>
>>>
>>
>>
>>
>> PENTING..!
>>
>> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>>
>> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai
>> sanksi berupa pencabutan membership.
>>
>> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk
>> selalu mengupdate antivirusnya.
>>
>> Yahoo! Groups Links
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai  
> sanksi berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk  
> selalu mengupdate antivirusnya.
>
>
>
>
>   SPONSORED LINKS
>         Culture   Bahasa indonesia   Sunda
>
> ---------------------------------
>   YAHOO! GROUPS LINKS
>
>
>     Visit your group "kisunda" on the web.
>
>     To unsubscribe from this group, send an email to:
>  [EMAIL PROTECTED]
>
>     Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of  
> Service.
>
>
> ---------------------------------
>
>
>
>
> Send instant messages to your online friends http:// 
> uk.messenger.yahoo.com
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai  
> sanksi berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk  
> selalu mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.




  SPONSORED LINKS 
        Culture   Bahasa indonesia 
    
---------------------------------
  YAHOO! GROUPS LINKS 

    
    Visit your group "kisunda" on the web.
    
    To unsubscribe from this group, send an email to:
 [EMAIL PROTECTED]
    
    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 

    
---------------------------------
  



Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke