Baraya,
Haneut keneh pisan sim kuring ngalaman dua kali kaluhungan sunda
diterapkeun kana nyarang hujan. Hatur uninga wae, di urang mah aya elmu
kanggo nyarang hujan, aya oge elmu kanggo nurunkeun hujan........kumaha
prak-prakanana eta mah rusiah tukang sulap...moal dibejakeun.
1. Waktos acara seren taun anu lamina 5 dinten (18-22 Januari), teu turun
hujan sakeclak-keclak acan, padahal di lembur sejen mah harita teh nuju
hujan unggal dinten....na ari tos beres acarana ping 22....sonten na turun
hujan ngagebret pisan siga meunang nyicikeun. Bukti yen kaluhungan sunda
dipake, sanes ukur kabeneran ku usum, tapi kabeneran ditedunan pamaksudan
ku Nu Maha Ngersakeun.
2. Minggon kamari pisan ping 31 Januari, sim kuring nanggap wayang golek
seja nyambut taun baru sunda....Anu ceuk ramalan cuaca mah bandung teh
bakal diguyur ku hujan, komo deui ngepas pisan sareng imlek anu biasana mah
urang Cina ngarepkeun diguyur ku hujan. Mung diparengkeun Ku Nu Ngersakeun,
pamenta sangkan hujan teu turun dina poe harita ditedunan ku
Anjeuna....atuh acara wayang golek teh tiasa lumangsung tur pinuh ku nu
nongton nepi ka rengsena........
Kabayang lamun dina eta dua acara hujan ngagebret, tangtu moal aya nu
daratang da embungeun kajibrugan.....
Pami carios ngadatangkeun hujan, kantos hiji waktos aya manager pabrik
ngumaha ka salah sawios sepuh.....dupi nu janten bangbaluh nyaeta dina
waktu eta pisan pabrikna nuju di serang ku demonstran...Saur eta sepuh "
Keun urang kirim hujan ti dieu ngarah nu demo bubar".......teu kungsi sa
jam ti harita turun hujan silantang di eta wewengkon, antukna nu daremo teh
bubar saharita.
Saleresna di ajaran islam oge aya anu disebat shalat istisqo, nyaeta kanggo
neneda ka Nu Kagungan sangkan nurunkeun hujan...Mung pami dina palebah
nyarang hujan mah asa teu aya metoda na (?).
Baktos,
ilen kardani
At 01:37 PM 2/6/2006, you wrote:
>Baraya,
>
>Dua poe ka tukang si kuring narima sms ti salah saurang sepuh di Bandung,
>unina kieu: "Menurut ramalan cuaca/meteorologi di Bandung 1 feb akan hujan
>lebat & baai, nyatana HENTEU, ciciren ELMU SUNDA leuwih unggul, disarang ku
>SARINGAN bisa raat".
>
>Sajongjongan saba'da maca eta sms si kuring. Jorojoy aya sababaraha pananya
>jero hate, diantarana:
>
>1) Naha enya aya keneh elmu Sunda samodel nyaring hujan sangkan teu jadi?
>Lamun aya keneh, siga kumaha metodelogina?
>2) Naha enya eta elmu anu boga epistimologi beda jeung elmu sakolaan teh
>leuwih unggul tinimbang elmu sakolaan (aplikasina dina soal hujan/ angin
>puyuh di pamarentahan aya di BMG)?
>3) Naha aya ku wanian eta sepuh ngaku2 elmu Sunda leuwih onjoy, naha enya?
>atawa eta mah kabeneran wae? (sakapeung rada ngaenyakeun oge sabab
>sababaraha waktu ka tukang aya kajadian anu rada sarua, waktu ribut2 perkara
>Gn. Papandayan arek bitu (deui) anu leuwih gede, tapi teu tulus (pakait eta
>kajadian, salah saurang ajengan di Garut ngaharewos....salila aya "anta
>fiihi", Insya Alloh moal kajadian bancangpakewuh teh, tah ayeuna mah teangan
>wae, saha-saha jeung dimana wae dumukna sang "anta" teh)
>
>Cag heula, ayeuna mah mangga diantos pamairan ti baraya sadaya, ngomentaran
>perkara bancangpakewuh (bencana alam) disawang tina elmu naon wae. Diantos.
>
>baktos,
>manAR
>
>
>[Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
>PENTING..!
>
>attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
>dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
>berupa pencabutan membership.
>
>terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
>mengupdate antivirusnya.
>
>Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/