Haturan Teh Ika,

Sae pisan eta karancagean Universitas Al Gifari, ngayakeun acara dialog
publik. Oge hatur nuhun, salira parantos ngaluuhan eta acara sareng
ngiberkeun mataholang kacindekanana ka milist. Nguping nami "Al Gifari" teh
janten emut salah saurang sahabat Rosul, tokoh anu bumela kana kaadilan: Abu
Dzaar Al Gifari.

Tina naon anu didadarkeun ku Teh Ika, ngeunaan kasang tukang mucunghulna
masalah "megapolitan", enas-enasna perkara "megapolitan" teh sanes
kaperyogian mekarkeun wilayah, namung katuna atawa henteu mampuhna Jakarta
ngurus wilayah jeung wargana. Namung, hal ieu manifestasina atawa wujudna
jadi dipindahkeun kana urusan ngalegaan wilayah administratif (bahasa
lemesna) atawa kakawasaan (vulgarna). Nitenan RUU revisi UU No. 34/1999,
katingal pisan, sumanget dasarna para perumus eta RUU teh lain memeres soal
koordinasi atawa gawe bareng (antara DKI jeung Jabar) ngokolakeun wilayah
duanana sangkan tartib, tapi langsung nyoko kana kaperluan mekarkeun
wilayah.

Kituna mah kaharti, sabab geuningan sakumaha laporan kronologis nyusun eta
RUU, anu icikibung dina ngarumuskeun eta RUU teh ukur Pemda DKI jeung
(sababaraha anggota DPR). Lamun enya mah aya niatan anu lempeng, anu diatur
dina RUU revisi teh lain urusan ngalegaan wilayah, balikta kumaha duduk
perkarana koordinasi anu hade antara dua pamarentahan Jabar jeung DKI dina
ngatur jeung nata wilayahna anu pasanding jeung masyarakatna sapopoe
pagilinggisik jeung lar sup ka masing-masing wilayah.

Saterasna, sim kuring sapuk pisan kana pamadegan sareng usulan-usulan ti
sadaya narasumber. Pamendak Prof. Mansyur leres pisan. Upami Bodetabekjur
asup ka Jakarta, geus tangtu aya parobahan budaya anu kawilang badag tur
matak pikahariwangeun. Hongdul (bohong jeung wadul) lamun aya pejabat daerah
anu rek asup ka Jakarta nyebutkeun : anu penting DKI bisa miara budaya kami
(Sunda). Eta kekecapan teh dasarna leuwih nyoko kana nyieun alesan, sangkan
henteu kasebut muna atawa leutik burih tea. Pon kitu deui alesan-alesan
sejenna anu nyaratujuan, lolobana mah leuwih disetir ku sumanget jeung rasa
hayang gabung tea (ulah-ulah geus diiming-iming, kitu oge
individu-individuna wae) tinimbang alesan anu bener-bener rasional.
Tanda-tanda jeung bukti-bukti sajarah anu keur mah saeutik di wilayah eta
geus tangtu bakal kagusur atas nama pembangunan. Keur aya di wilayah Jabar
wae aya pejabat nasional satingkat menteri anu wani ngagunasika, komo deui
lamun geus jadi wilayah nu sejen.

Pamadegan sareng panggero Abah Surya (Kang Hidayat Suryalaga) ngahudangkeun
salah sahiji unsur kapamimpinan anu di tataran pamarentahan jeung masyarakat
Jabar dicirian - ceuk cenah - rada melempem: SOAL KAWANI. Aya 3 syarat anu
poko keur pamimpin, ceuk para ahli, nyaeta: Jujur, pinter, jeung
wani. Kajujuran Insya Alloh...ku tambah rame prak-prakanana ngahulag KKN
jeung sabangsana, baris tambah ajeg nangtung. Kapinteran tos nyarampak, teu
saeutik ti US anu palinter jaradi "jelema" tug nepi ka di tingkat nasional.
Tah, ngeunaan "wani", akhir-akhir ieu (sanggeus periode Ali Sadikin jeung
Petisi 50-na) cenah US teh rada ngurangan. Sugan wae, ayeuna waktuna
nangtungkeun jeung ngebrehkeun deui kawani dina bebeneran. Alhamdulillah,
pamadegan Gubernur Jabar dina  lebah dieu geus ngebrehkeun ieu kawani. Hayu
urang rojong ku sadayana ku ebrehan kawani mageuhan kabuyutan Tatar Sunda,
ulah nepi ka narungtutan ting saremplak direwegan ku anu hawek kana
kakawasaan.

Pamendak Prof Turmudzi oge leres. Pamarentah Jabar sareng urang sadaya kedah
langkung ngarojong kana PP ngeunaan RTRW eta kawasan anu teu aya sapasal oge
ngatur soal alih wilayah (kitu sanes Teh Ika?). RTRW Jabodetabekjur justru
ngatur soal koordinasi nata ruang di dua wilayah ku cara sewang-sewangan
dina praktekna, namung ngahiji dina tujuan jeung cara-carana, nyoko kana
karaharjaan di eta wilayah (anu gede pangaruhna boh ka Jabar atawa ka DKI).
Sagigireun ti eta, sakumaha dicirian ku Prof Turmudzi, leres Jabar oge kedah
langkung merhatikeun kaperluan masyarakat di eta wewengkon. Lebah dieu si
kuring kaharewosan ku salah saurang tokoh masyarakat. Kieu saurna: "Cik atuh
soal remeh saperti urusan pindah nomer kandaraan di eta wilayah (letter B,
Jakarta ka letter Jabar) ulah nepi ka hese anu antukna masyarakat horeameun
ngurusna da hese jeung gede biayana. Hal-hal sarupa kieu anu matak
masyarakat leuwih resep diatur ku Jakarta anu ngagampangkeun keur maranehna.
Jeung deui, coba wae sabaraha rebu kandaraan anu letter B anu aya di wilayah
(Jabar) eta? apan sakitu gedena pajeg anu asup ka DKI ti Jabar?". Rupina,
pelayanan sapertos urusan pindah letter kendaraan anu dimaksud ku Prof.
Turmudzi salaku pelayanan masyarakat anu kudu ditingkatkeun ku Jabar di eta
wewengkon.

Ala kuli hal, ngarojong pisan kana pamadegan Pamarentah Jabar anu nolak
sakabeh wewengkon administratif Jabar ayeuna diasupkeun (alih
pamarentahanana) ka Jakarta. Oge ngarojong ka pamadegan sareng usulan tilu
ahli anu kasebat di luhur. Hayu urang rojong kalayan teuneung ludeung
sakamapuh urang, boh sewang-sewangan atawa rereongan ngahiji.

baktos,
manAR



On 2/16/06, ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
>
>    Baraya.
> Istilah megapolitan teh aya dina RUU Revisi  UU No. 34/1999 perkawis
> Ibukota Negara RI Jakarta. RUU ieu mangrupakeun inisiatif DPR-RI nu cenah
> ngarasa teu genah ningali Jakarta nu loba masalah. Teras DPR ngulem Gubernur
> DKI, nu ngusulkeun 7 poin, diantarana tata ruang Jabodetabekjur. Dina waktos
> nu sami saleresna ku Eksekutif (Pusat) nuju dibahas Peraturan Presiden
> perkawis RTRW Jabodetabekjur nu tos disepakati ku Gubernur DKI jeung Jabar
> taun kamari. Jadi jigana teu aya komunikasi antara DPR sareng Eksekutif,
> komo ka Pemprov Jabar mah. Panginten rada puyeng DPR perkawis prosedur
> pengajuan RUU. Jeung geningan Ketua Pansus RUU teh anggota DPR asal Jabar,
> Ferry Mursyidan Baldan.
> Jadi memang riweuh ngurus Republik teh. Komunikasi antar lembaga
> pamarentahan di Pusat susah, oge antar Pemprov.
> Saleresna dina RUU perkawis Ibukota negara teu kedah aya perkawis tata
> ruang Jabodetabekjur. sareng kedahna mah nyebatkeun batas2 DKI Jakarta. Nu
> dina RUU teu acan aya. Matak curiga, hehehe....jiga DKI rek dimekarkeun
> wilayahna. Panginten da masih rancangan.
> Tadi siang, abdi ngiring Dialog perkawis megapolitan nu diayakeun ku
> Universitas Al-Ghifari. Pemakalahna aya Abah Suryalaga, Prof Mansyur
> Suryanegara, sareng Prof Didi Turmudzi (Rektor UNPAS). Nu didugikeun ku
> aranjeuna sae pisan, intina supaya US nyalurkeun aspirasina keur penataan
> ruang Jabodetabekjur. Oge US kudu ati-ati bilih indikasi perluasan wilayah
> DKI kajadian. Saur Prof Mansyur, lain ngan saukur kasejahteraan nu ku urang
> kudu diemut (lamun hayang sejahtera gabung wae ka DKI) da can puguh karuh.
> Tapi sacara politik, saurna urang kudu boga harga diri. Lamun mikir
> sejahtera mah saurna teh, tos wae atuh urang gabung jeung Amerika.
> Prof. Mansyur, ngingetkeun kumaha wae oge lamun Jabodebekjur geus jadi
> "kota" nu gabung jeung Jakarta, patilasan (situs-situs) sajarah Sunda jeung
> Islam bakal leungit. Hubungan jalur US Banten-Jawa Barat nu geus pisah
> pamarentahan bakal leuwih pisah sacara budaya.
> Abah Surya oge sami ngingetkeun yen US kudu nunjukkeun kawani, supaya
> katingali ku sarerea yen US teh aya keneh.
> Ti Prof Turmuzdi pesen ka Pemprov jabar supaya leuwih proaktif dina nyusun
> RTRW Jabodetabekjur, ningkatkeun pelayanan masyarakat, nyalurkeun aspirasi
> masyarakat ngeunaan RUU oge Perpres RTRW Jabodetabekjur.
> Sakitu heula, gening pegel oge ngetik seueur teuing teh.
>
> Baktos,
> ika
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
> mengupdate antivirusnya.
>
>
>
>
>
> SPONSORED LINKS
>        Culture   Bahasa indonesia
>
> ---------------------------------
> YAHOO! GROUPS LINKS
>
>
>    Visit your group "kisunda" on the web.
>
>    To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>
>    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
>
>
> ---------------------------------
>
>
>
>
>
> ---------------------------------
> Relax. Yahoo! Mail virus scanning helps detect nasty viruses!
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke