Baraya, aya postingan hegar ti milis US-di-US, lumayan kanggo landong baeud. (mh)
Asep Bandung <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Ceuk Mr.Pangaribuan mah, kadang ari keur geumpeur mah, teu di pangkat teu di rakyat biasa,sarua bae. contona waktu Silaturahmi antara Bupati di Medan, maranehna ngayakeun apel upacara Bandera. Bupati ti hiji daerah kapentog kudu macakeun Butir2 Pancasila di hareupeun barisan, dina acara silaturahmi para bupati sa Sumatra. Manehna sumanget pisan ngalengkahkeun sukuna ka hareup, di barengan ku sora anu tohaga, tapi eta bupati teh katingali jiga anu keur nyumputkeun ka geumpeurna/demam panggung, maklum bupati anyar meureun. Pancasila !!!! Satu : Ketuhanan yang Maha Esa,....(reang diturutan ku Barisan), Dua :Kemanusiaan yang adil dan beradab...(reang diturutan ku Barisan, Tiga : Persatuan Indonesia....(reang diturutan ku Barisan). Empat: Kerakyatan yang dipimpim Oleh Hikmat,..(reang diturutan ku Barisan, lima : dalam permusyawarahan dan perwakilan( reang di turutan ku Barisan) enam :.... "Lho ko jadi enam....???", bari salah oge diteruskeun,... Keadilan sosial bagi seluruh rakyat Indonesia.( reang di turutan ku Barisan, bari............narahan piseurieun.., nya aya nu kuat aya nu teu kuat...., atuh barakatak... Hua..hua...hua..ha..ha..... Hiji deui , ieu mah kajadian di Miami, waktu aya undangan makan malam, Pak Konjen, kabagean pidato ngabageakeun sekjen Pariwisata di hiji Restaurant; Manehna pidato bari semu2 geumpeur jeung rada mikir heula bahan piomongeun..., jigana mikir lain, ngomong lain.....,anu antukna satiap ngomongkeun daerah bawahannana osok kacaletot bae..., Saudara Pak Sekjen.Pariwisata yang saya Hormati, Saya Selaku kepala Konjen di wilayah Hongkong ini....,nu di maksud Huston meureun( atuh ger...areak-eyakan..., untung acarana teu pati formil. Saya merupakan orang baru di wilayah Hongkong ini..., "etamah ngan Hongkong jeung Hongkong bae...., anu antukna nya cag ditutup ku acara makan2....bari gogonjakan ngeunaan Hongkong. sakitu bae heula baraya...., dongeng-na. si oeking tea... ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] --------------------------------- Yahoo! Mail Use Photomail to share photos without annoying attachments. [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
