Kaingetan ku Ua Sas, perkara dongeng "Valentine Day". Ieu pangalaman kuring tadi peuting, waktu nelepon si Cikal jeung Adina. Ngahajakeun puguh nelepon budak teh, maksudna mah rek ngingetan supaya tong pipilueun ngareuah-reuah "Valentine Day" tea. Naon nu matak helok, eta jawaban si Cikal. "Wah, Bapak mah katinggaleun kareta atuh, puguh Teteh oge lagi ikutan kampanye nolak perayaan Valentine Day," cenah. "Alhamdulillah," ceuk kuring teh. "Apal kitu, naon alesanana?" tanya kuring. "Tau dong!" cenah. Terus teras kuring asa bungah, meunang jawaban ti barudak, anu teu disangka-sangka ti tadina. (mh)
Perkara "Poe Basa Indung", nyaan kuring oge karek apal anyar-anyar ieu. Da sainget di lembur, teu aya baheula mah nu disebut panginget-nginget "Poe Basa Indung" teh. Pikeun nyambut "Poe Basa Indung", atuh taya salahna upama Kusnet ngahajakeun nyieun acara. Misalna, acara NULISKEUN KERETEG HATE URANG SUNDA MAKE BASA SUNDA NGEUNAAN BASA SUNDA. Sakabeh baraya Kusnet WAJIB ngiringan nulis. Sugan dina kumpulan eta tulisan aya bahan nu tiasa direkomendasikeun ka pihak anu aya pakaitna sareng usaha mulasara basa Sunda. Salam, MH MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Waktu kuring dina angkot ka pasar Suci-keun, kabeneran angkot teh nyetel radio keur acara narima telepon telepon ti kaom dangu, aya nu nelepon naha rek ngayakeun acara naon dina valentine day taun ieu, na eta mah penyiar teh mani norostos nyaritakeun acara anu bakal digelar jeung cumeluk ka balarea supaya pada datang hadir ka eta studio radio. Mun teu salah harti ceuk panyiar teh nya poe tanggal 14 Pebruari disebut "hari kasih sayang", ditujulkeunana utamana ka para rumaja. Dina angkot harita aya barudak SMP, mani galecok rame kumaha ramena ngayakeun valentine day taun kamari, majarkeun aya nu narima hadiah sababaraha bungkus ti balad baladna, tapi aya oge anu nyebutkeun valentine day teh teu sakuduna dirayakeun sagala da eta mah budaya deungeun, kuring ngareret ka budak nu ngomong kitu, kayungyun da budakna make jilbab geulis deuih. Enya mun teu salah dina hiji buku anu judulna Festival anu dikumpulkeun ku Ruth Manning-Sander taun 1972, disebutkeun eta teh keur pangeling ngeling ka Saint Valentine, biarawan di Roma dina abad ka 3. Tapi samemeh et age geus aya dina jaman Romawi kuno festival anu sifatna ngan sakadar hura-hura disebutna Lupercalia dina bulan Pebruari anu sabenerna keur mere panghormatan ka Dewa Pan. Raramean sok disebut sebut Valentine Day teh kaayeunakeun da baheula mah jaman kuring keur rumaja tara aya acara siga kitu teh, ayeuna mah ku kaayaan globalisasi tea meureun, pipilueun tea meureun atawa mun ceuk agama mah disebut tasyabbuh, pipilueun nyaruaan batur dina hiji perkara. Barudak teh obyag pipilueun, kaasup anak kuring anu kakara SD kelas 3, da balik ti sakola teh mawa bungkusan keur kuring anu kelirna kayas, dibuka teh eusina coklat cenah teh tanda bukti kasih sayang ka Abah. Kuring ukur colohok, nya kapaksa mere nyaho sok sanajan sacara sederhana da ma'lum ka budak SD nu kakara kelas 3, yen eta teh lain adapt urang, meleg meleg ti deungeun ari ceuk urang mah nu geus boga Silih Asah Silih Asih Silih Asuh saban poe ge kudu nyerep sipat kasih sayang teh. Lain deui lamun urang ngadedengekeun paringetan Poe Basa Indung anu ninggang dina tanggal 21 Pebruari, asa euweuh pisan aweuhanana, nu kakara kadenge teh PPSS ( Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda) rek ngayakeun acara di Unpad di Jl Dipati Ukur Bandung, ngan acara siga kumaha kuring ge jentre pisan. Lamun urang rada rajin ngambah internet make juru susud Google dina entri Mother Language Day bakal ngaburudul anu aya pakait jeung Unesco, disebutkeun ampir 6000 basa daerah dina mangsa kiwari keur empes-empesan siga siga bakal paeh pisan nya dina nu 6000 eta sigana basa Sunda ge aya. Lamun tatanya ka para rumaja atawa tong teuing ka para rumaja ka kolot-kolotna we naha apaleun yen tanggal 21 Pebruari teh disebut Poe Basa Indung, wallohualam. Kumaha ketak pamarentah (propinsi, kabupaten atawa kotamadya) dina nyanghareupan hal ieu, asa can kadenge. Kahayang mah atuh aya we acara nu rada punjul keur ngamumule basa Sunda, bisi enya bakal tumpur. Heup ah MSasmita ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] --------------------------------- Yahoo! Mail Use Photomail to share photos without annoying attachments. [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
