Sampurasun,

Panuju pisna kang, alah.....mun seug aya gambarnanya (rancang-bangun
PATMO)......aduh punten biasa ari jalmi mah dipasihan sajeungkal menta
sadeupa.... punten...punten...100x punten.......

sakar kangge tambihan informasi (ngabejaan bulu tuur), ngeunaan Turbin
Pembangkit Listrik Tenaga Air Skala Kecil kangge di padesaan, khususna
anu aya sumber air (walungan). Ku ieu teknologi tepat guna, tiasa
ngirangan pengeluaran listrikkk.....lumayan.... ngan hanjakal di di
Bandung mah hese neang walungan...... duka cai banjirmah....

cobian buka: 
http://www.pu.go.id/balitbang/websementara/prep_ttg.asp?idb=86
http://www.pu.go.id/balitbang/websementara/prep_ttg.asp?idb=85
http://www.pu.go.id/balitbang/websementara/prep_ttg.asp?idb=102
http://www.pu.go.id/balitbang/websementara/prep_ttg.asp?idb=104

dina situs ieu pokona seueur alternatifna......
punten ah ngan saukur ngabejaan bulu tuur....

ngenaan pembangit tenaga listrik, janten emut langkung 10 taun ka
pengker, waktos ka Kampung Sirnarasa (?) di Cisolok Sukabumi, sihoreng
Abah Anom (namina hilap deui, sesepuh Kampung Sirnarasa; ayeuna mah
tos ngalih tempat upami teu lepat) tiasa ngadamel turbin listrik
nyalira.....(salutlah.....)

AG./bdg....




--- In [email protected], "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Baraya,
> 
> Aya iber pikabungaheun dina widang pertanian karya-karya rancage manusa
> Sunda, khususna dina lebah teknologi pertanian pikeun ngajamin
kasadian cai
> keur tatanen jeung sarana gemuk keur ningkatkeun hasil pertanian. Dina
> widang nyadiakeun cai keur kaperluan  tatanen ayeuna geus siap nyumponan
> kaperluan masyarakat, mesin anu teu merlukeun listrik, namina PATMO.
Dina
> widang gemuk, sarana kaperluan patani anu kudu aya wae salila tatanen,
> ayeuna geus aya GRAMMOR cai (Grammor cair). Ieu dua produk teh asli
karya
> urang Sunda anu sajarah nyiptakeunana lumayan panjang.
> 
> 1. PATMO
> 
> PATMO singggetan tina "pompa air tanpa motor". Hartina, mesin keur
> ngagerakeun cai sangkan naek ka luhur atawa ngamalir kamana wae anu
> dipikahayang teu merlukeun listrik. Timana energi keur ngagerakkeun
mesinna?
> Jawabna: Tina cai anu rek dikamalirkeunana. Nya asup kana babasan
ngagoreng
> daging ku gajihna tea. Leres, PATMO sami sareng prinsip pompa
Hydram, ngan
> bedana, daya kerjana leuwih gede. Efektif jeung kacida manfaatna keur
> wewengkon-wewengkon anu garing di luhur, tapi di handap ngamalir
cai, boh
> susukan atawa walungan, upmana wae : pakidulan Tatar Sunda tug nepi
ka Tatar
> Wetan (Jateng & Jatim), derah-daerah "minus" sejenna di P. Jawa
jeung luar
> P. Jawa anu di handapna aya walungan, jst. PATMO teh ciptaan Pa
Tatang urang
> Bandung asli. Pikeun informasi salengkepna ngeunaan PATMO, dihaturanan
> marioasan alamat ramat lokana: http://www.yurista.com/patmo/index.htm .
> 
> Ka anu merlukeun katerangan leuwih jauh mangga, tiasa dikontak: Kang
Endang
> Wawan Sungkawa (HP: 08882372344; R: 022-2507176) atawa di kuring
sorangan
> (mangga japri wae). Keur informasi tambahan:
> 
> 1) PATMO tos diuji coba di Tasik Kidul, Gunung Kidul jeung Kabupaten
Gowa,
> Sulsel. Alhamdulillah sukses, tiasa ngocorkeun cai ti walungan di
handap ka
> tempat garing di saluhureunana;
> 
> 2) Danget ieu tos seueur pesenan ti daerah-daerah, utamana
> kabupaten-kabutapen di Sulawesi Selatan, ngan nyakitu, bubuhan usaha
> ngamimitian, Pa Tatang teh rada kakurangan modal. Nya aya pamodal ti
> Malaysia, tapi ieu pamodal teh perlu ningali demona heula, cenah, nya Pa
> Tatang ayeuna nuju ngadamel demo di Padalarang, Insya Alloh poe Ahad
hareup
> ieu demo PATMO tos siap;
> 
> 3) Upama aya anu ngaku-ngaku bisa nyieun PATMO tapi lain Pa Tatang
ku anjeun
> (masing ngaku murid atawa "anak buah" Pa Tatang), mugi ulah diandel
(kajaba
> aya konfirmasi ti Pa Tatang, Pa Wawan oge si kuring sorangan), sabab
tos aya
> kajadian nipu ngagunakeun nami Pa Tatang.
> 
> 2. GRAMMOR
> 
> Singgetan tina "granular macro-micro organic", hiji jenis gemuk
(pupuk) anu
> ngandung unsur-unsur kaperluan tatanen anu kumplit. GRAMMOR ngandung boh
> unsur makro N, P, K (N = Nitrogen teh kaperluan mutlak pepelakana,
waktu ieu
> dicumponan tina urea; P = Posfor sareng K = Kalium oge sami kaperluan
> pepelakan/tatanen anu dina waktu samemehna masing-masing dicumponan
ku gemuk
>  TSP jeung KCl), unsur mikro (S, Cu, Mg, Al, jst) + zat organik dina
takeran
> anu cukup (teu leuwih) keur kaperluan tatanen. GRAMMOR memang tadina
mah rek
> diproduksi dina wangun (bentuk) padat, tapi kusabab permesinana
mahal, nya
> diproduksi dina wangun cai (cair) wae saheulaanan mah (keun wae rada
> patojaiyah jeung ngaranna oge, anu penting khasiatna). GRAMMOR teh
ciptaan
> Pa Idrus, alumni Fak Pertanian Unpad angkatan kahiji. Anjeunna
linggih di
> Bandung.
> 
> Sababaraha data teknis ngeunaan GRAMMOR:
> 1) Irit kaperluanana, gampang mawana da ukur dina botol, kawilang murah
> hargana; dijieunna tina zat organik plus sababaraha unsur anorganik anu
> dipelrukeun tatanen;
> 
> 2) Geus diuji coba di 11 kacamatan di Kab. Sidrap, Sulawesi Selatan.
> Hasilna: nyugemakeun. Ieu datana: melak pare (nyawah) make Grammor mah
> HENTEU merlukeun deui TSP jeung KCL, Urea masih diperlukeun, tapi
ngurangan
> pisan. Tina satuan 1 HA sawah, kaperluan gemuk lamun ngaunakeun
Grammor jadi
> kieu:  Urea ukur perlu 1,5 kintal, Grammor : 5 liter, Hydrasil 5 liter.
> Ayeuna bandingkeun jeung kaperluan gemuk lamun HENTEU make Grammor
(satuan
> sawah sarua  1 Ha) : Urea = 6-7 kintal/ha, TSP jeung KCl masing-masing 1
> kintal/Ha. Tiasa dietang, tina ongkos produksi wae melak pare (atawa
tatanen
> sejenna) make Grammor kacida ngiritna (harga tungtung di patani:
Grammor kl
> Rp 30.000/liter; harga Hydrasil kl Rp 40.000/liter; harga-harga Urea mah
> mangga pilarian wae di pasaran);
> 
> 3) Hasil tatanen kalayan ngagunakeun Grammor ngaronjat. Tina anu geus
> kabuktian, ngaronjatna teh nepi ka 2-3 ton/Ha. Jadi, anu biasana patani
> rata-rata ukur meunang 4-5 ton/Ha, make Grammor mah ngahontal 6 - 7
ton/Ha.
> Malah, Kang Idrus nyebatkeun, lamun hade nyawahna, hasil nyawah make
Grammor
> bisa ngahontal antara 8-10 ton/Ha.
> 
> Sakitu heula para wargi. Punten upama ieu posting rada aya sari promosi.
> Asana lamun keur kaperluan umum, meunang wae nitip informasi di
media umum
> (mangga ka anu sanes oge, bilih aya anu bade wawar hal anu sami,
syaratna:
> keur kaperluan umum model tatanen, jst; jeung utamakeun hasil karya
bangsa
> urang sorangan).
> 
> Mangga, ieu sigana diantara elmu Sunda anu ayeuna geus turun ka
dunya nyata
> teh (sanes kitu, Kang Gibson?). Ceuk emutan, geus sayogi sarana keur
Jabar
> ngahontal salah sahiji misina: ningkatkeun pangan alias katuangeun
kaperluan
> sapopoe. Atuh bisi perlu ku teknologi anu leuwih canggih, nya kari
> diiberkeun di milist atawa media sejenna: panggero ka masyarakat sangkan
> ngasongkeun pamendak + karyana ngeunaan kumaha carana ngaronjatkeun
hasil
> pangan. Ke bagean pamarentah (jeung sacara otomatis: pasar) anu
nangtukeun
> pilihanana.
> 
> baktos,
> manAR
> 
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]
>






PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke