Mangga Kang, rancang bangunna aya. Video (cd-na) oge aya anu ngagambarkeun ti mimiti asal cai, ngawangun/masangkeun patmo, nepi ka cai ngocor di tempat anu leuwih luhur ti sumberna.
Aya beda antara "pembangkit" energi (boh cai atawa listrik) sistem turbin + PATMO. Turbin (boh keur listrik atawa keur ngangkat cai) perlu morfologi (bentang alam) anu rada khusus, nyatana wewengkon walungan anu luhur-lebarna gawir kudu nyukupan keur nyieun bendungan anu engkena cai tina ieu bendungan dicorogkeun kana turbin. Umumna luhurna gawir kudu leuwih ti 3 meter jeung lebarna nya ulah kateuingan bisi gede teuing waragad ngabendungna. Keur PATMO, syarat-syarat tadi teu heureut teuing, asal aya tempat keur nyieun "weir" (bendungan) sajangkung 3 meteran geus cukup. Sok sanajan kitu, leres, wewengkon Tatar Sunda, potensial pisan keur ngamekarkeun energi bersih, boh listrik sistem Hidropower atawa cai samodel PATMO. Nuhun Kang atensina. baktos, manAR On 2/23/06, Lodaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Sampurasun, > > Panuju pisna kang, alah.....mun seug aya gambarnanya (rancang-bangun > PATMO)......aduh punten biasa ari jalmi mah dipasihan sajeungkal menta > sadeupa.... punten...punten...100x punten....... > > sakar kangge tambihan informasi (ngabejaan bulu tuur), ngeunaan Turbin > Pembangkit Listrik Tenaga Air Skala Kecil kangge di padesaan, khususna > anu aya sumber air (walungan). Ku ieu teknologi tepat guna, tiasa > ngirangan pengeluaran listrikkk.....lumayan.... ngan hanjakal di di > Bandung mah hese neang walungan...... duka cai banjirmah.... > > cobian buka: > http://www.pu.go.id/balitbang/websementara/prep_ttg.asp?idb=86 > http://www.pu.go.id/balitbang/websementara/prep_ttg.asp?idb=85 > http://www.pu.go.id/balitbang/websementara/prep_ttg.asp?idb=102 > http://www.pu.go.id/balitbang/websementara/prep_ttg.asp?idb=104 > > dina situs ieu pokona seueur alternatifna...... > punten ah ngan saukur ngabejaan bulu tuur.... > > ngenaan pembangit tenaga listrik, janten emut langkung 10 taun ka > pengker, waktos ka Kampung Sirnarasa (?) di Cisolok Sukabumi, sihoreng > Abah Anom (namina hilap deui, sesepuh Kampung Sirnarasa; ayeuna mah > tos ngalih tempat upami teu lepat) tiasa ngadamel turbin listrik > nyalira.....(salutlah.....) > > AG./bdg.... > > > > > --- In [email protected], "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Baraya, > > > > Aya iber pikabungaheun dina widang pertanian karya-karya rancage manusa > > Sunda, khususna dina lebah teknologi pertanian pikeun ngajamin > kasadian cai > > keur tatanen jeung sarana gemuk keur ningkatkeun hasil pertanian. Dina > > widang nyadiakeun cai keur kaperluan tatanen ayeuna geus siap nyumponan > > kaperluan masyarakat, mesin anu teu merlukeun listrik, namina PATMO. > Dina > > widang gemuk, sarana kaperluan patani anu kudu aya wae salila tatanen, > > ayeuna geus aya GRAMMOR cai (Grammor cair). Ieu dua produk teh asli > karya > > urang Sunda anu sajarah nyiptakeunana lumayan panjang. > > > > 1. PATMO > > > > PATMO singggetan tina "pompa air tanpa motor". Hartina, mesin keur > > ngagerakeun cai sangkan naek ka luhur atawa ngamalir kamana wae anu > > dipikahayang teu merlukeun listrik. Timana energi keur ngagerakkeun > mesinna? > > Jawabna: Tina cai anu rek dikamalirkeunana. Nya asup kana babasan > ngagoreng > > daging ku gajihna tea. Leres, PATMO sami sareng prinsip pompa > Hydram, ngan > > bedana, daya kerjana leuwih gede. Efektif jeung kacida manfaatna keur > > wewengkon-wewengkon anu garing di luhur, tapi di handap ngamalir > cai, boh > > susukan atawa walungan, upmana wae : pakidulan Tatar Sunda tug nepi > ka Tatar > > Wetan (Jateng & Jatim), derah-daerah "minus" sejenna di P. Jawa > jeung luar > > P. Jawa anu di handapna aya walungan, jst. PATMO teh ciptaan Pa > Tatang urang > > Bandung asli. Pikeun informasi salengkepna ngeunaan PATMO, dihaturanan > > marioasan alamat ramat lokana: http://www.yurista.com/patmo/index.htm . > > > > Ka anu merlukeun katerangan leuwih jauh mangga, tiasa dikontak: Kang > Endang > > Wawan Sungkawa (HP: 08882372344; R: 022-2507176) atawa di kuring > sorangan > > (mangga japri wae). Keur informasi tambahan: > > > > 1) PATMO tos diuji coba di Tasik Kidul, Gunung Kidul jeung Kabupaten > Gowa, > > Sulsel. Alhamdulillah sukses, tiasa ngocorkeun cai ti walungan di > handap ka > > tempat garing di saluhureunana; > > > > 2) Danget ieu tos seueur pesenan ti daerah-daerah, utamana > > kabupaten-kabutapen di Sulawesi Selatan, ngan nyakitu, bubuhan usaha > > ngamimitian, Pa Tatang teh rada kakurangan modal. Nya aya pamodal ti > > Malaysia, tapi ieu pamodal teh perlu ningali demona heula, cenah, nya Pa > > Tatang ayeuna nuju ngadamel demo di Padalarang, Insya Alloh poe Ahad > hareup > > ieu demo PATMO tos siap; > > > > 3) Upama aya anu ngaku-ngaku bisa nyieun PATMO tapi lain Pa Tatang > ku anjeun > > (masing ngaku murid atawa "anak buah" Pa Tatang), mugi ulah diandel > (kajaba > > aya konfirmasi ti Pa Tatang, Pa Wawan oge si kuring sorangan), sabab > tos aya > > kajadian nipu ngagunakeun nami Pa Tatang. > > > > 2. GRAMMOR > > > > Singgetan tina "granular macro-micro organic", hiji jenis gemuk > (pupuk) anu > > ngandung unsur-unsur kaperluan tatanen anu kumplit. GRAMMOR ngandung boh > > unsur makro N, P, K (N = Nitrogen teh kaperluan mutlak pepelakana, > waktu ieu > > dicumponan tina urea; P = Posfor sareng K = Kalium oge sami kaperluan > > pepelakan/tatanen anu dina waktu samemehna masing-masing dicumponan > ku gemuk > > TSP jeung KCl), unsur mikro (S, Cu, Mg, Al, jst) + zat organik dina > takeran > > anu cukup (teu leuwih) keur kaperluan tatanen. GRAMMOR memang tadina > mah rek > > diproduksi dina wangun (bentuk) padat, tapi kusabab permesinana > mahal, nya > > diproduksi dina wangun cai (cair) wae saheulaanan mah (keun wae rada > > patojaiyah jeung ngaranna oge, anu penting khasiatna). GRAMMOR teh > ciptaan > > Pa Idrus, alumni Fak Pertanian Unpad angkatan kahiji. Anjeunna > linggih di > > Bandung. > > > > Sababaraha data teknis ngeunaan GRAMMOR: > > 1) Irit kaperluanana, gampang mawana da ukur dina botol, kawilang murah > > hargana; dijieunna tina zat organik plus sababaraha unsur anorganik anu > > dipelrukeun tatanen; > > > > 2) Geus diuji coba di 11 kacamatan di Kab. Sidrap, Sulawesi Selatan. > > Hasilna: nyugemakeun. Ieu datana: melak pare (nyawah) make Grammor mah > > HENTEU merlukeun deui TSP jeung KCL, Urea masih diperlukeun, tapi > ngurangan > > pisan. Tina satuan 1 HA sawah, kaperluan gemuk lamun ngaunakeun > Grammor jadi > > kieu: Urea ukur perlu 1,5 kintal, Grammor : 5 liter, Hydrasil 5 liter. > > Ayeuna bandingkeun jeung kaperluan gemuk lamun HENTEU make Grammor > (satuan > > sawah sarua 1 Ha) : Urea = 6-7 kintal/ha, TSP jeung KCl masing-masing 1 > > kintal/Ha. Tiasa dietang, tina ongkos produksi wae melak pare (atawa > tatanen > > sejenna) make Grammor kacida ngiritna (harga tungtung di patani: > Grammor kl > > Rp 30.000/liter; harga Hydrasil kl Rp 40.000/liter; harga-harga Urea mah > > mangga pilarian wae di pasaran); > > > > 3) Hasil tatanen kalayan ngagunakeun Grammor ngaronjat. Tina anu geus > > kabuktian, ngaronjatna teh nepi ka 2-3 ton/Ha. Jadi, anu biasana patani > > rata-rata ukur meunang 4-5 ton/Ha, make Grammor mah ngahontal 6 - 7 > ton/Ha. > > Malah, Kang Idrus nyebatkeun, lamun hade nyawahna, hasil nyawah make > Grammor > > bisa ngahontal antara 8-10 ton/Ha. > > > > Sakitu heula para wargi. Punten upama ieu posting rada aya sari promosi. > > Asana lamun keur kaperluan umum, meunang wae nitip informasi di > media umum > > (mangga ka anu sanes oge, bilih aya anu bade wawar hal anu sami, > syaratna: > > keur kaperluan umum model tatanen, jst; jeung utamakeun hasil karya > bangsa > > urang sorangan). > > > > Mangga, ieu sigana diantara elmu Sunda anu ayeuna geus turun ka > dunya nyata > > teh (sanes kitu, Kang Gibson?). Ceuk emutan, geus sayogi sarana keur > Jabar > > ngahontal salah sahiji misina: ningkatkeun pangan alias katuangeun > kaperluan > > sapopoe. Atuh bisi perlu ku teknologi anu leuwih canggih, nya kari > > diiberkeun di milist atawa media sejenna: panggero ka masyarakat sangkan > > ngasongkeun pamendak + karyana ngeunaan kumaha carana ngaronjatkeun > hasil > > pangan. Ke bagean pamarentah (jeung sacara otomatis: pasar) anu > nangtukeun > > pilihanana. > > > > baktos, > > manAR > > > > > > [Non-text portions of this message have been removed] > > > > > > > > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi > berupa pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu > mengupdate antivirusnya. > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
