Ngirih bingah atuh Kang, ari PATMO atos dipatenkeun mah, sugan nyusul Grammor 
sareng anu sanesna deui pamanggih urang sunda.

  Simkuring saukur bade nambihan buktos anu tos didugikeun ku Kang Kumincir, 
salain paten kulkas panas/dingin, ieu mah anu kusimkuring kaemutan, sugan 
langkung katingali pentingna paten:
    Kopi Toraja asalna ti Tana Toraja, Sulawesi Selatan, produk khas indonesia. 
Kopi jenis arabika ieu katelahna ratuna kopi dunia kulantaran aroma sareng 
rasana. Kopi anu ampir mirip nyaeta kopi Kolombia. Nanging kopi Toraja atos 
dipatenkeun ku Key Coffee di Jepang sareng di USA. Kusabab kitu, eksportir 
Indonesia teu tiasa ngical kopi Toraja langsung ka pasaran, kedah ngalangkungan 
Key Coffee. Atuh volume sareng hargana tiasa diatur ku maranehna, jadina 
ngagendutan maranehna, patani urang ngegel curuk.
   
  Sanes kopi Toraja wae produk asli indonesia anu dipatenkeun ku bangsa 
deungen. Aya oge batik, tenunan tradisional, jamu tradisional, pempek 
palembang, keripik sanjai padang, bakpia pathok, tahu sumedang. Simkuring osok 
meseran tahu sumedang di Perth, meserna di toko Asia (baca: Cina). Resep lamun 
ngadamel baso kuah. Dina labelna teu disebatkan tahu sumedang, tapi simkuring 
(jeung batur ti Bandung sanesna) apal eta tahu sumedang. Nangin patenna sanes 
ku urang Sumedang….nya ku urang batur. Universitas di Jepang keur giat-giatna 
ngalakukeun panelitian dina tempe, sumber protein nabati anu aman kana 
kasehatan jelema. Upamana hasilna dipatenkeun di jepang jeung di Indonesia (ku 
pangusaha Jepang), kumaha tah nasib pangusaha tempe tradisional di urang, 
meureun bakal tararutup, kusabab urang kudu boga lisensi (ijin) ti pangusaha 
jepang, kajeun usaha urang geus ti baheula keneh…. Kitu tah paten mah….. 
Aya beja ti HKI LIPI, yen hui cilembu anu amis tur sengit, anu asalna asli 
sumedang
 oge, bade diekspor. Saumpamana bener jadi diekspor ka nagara tatanggi bari teu 
diproteksi ku paten, entong kaget mun engke aya paten hui cilembu di nagara 
tatanggi, sami sareng buah-buahan asli indonesia anu ayeuna dipatenkeun ku 
nagari tatanggi. Boa engke mah moal aya dei hui cilembu di puncak atawa di 
nagreg…
    Martha Tilaar kantos oge ngalaman paitna disodok ku pangusaha jepang. Basa 
keur nungguan proses paten di Indonesia, kaluar paten di jepang, Shiseido, anu 
matenkeun produk anu sami, diklaim produk eta milik manehna. Saatosna gaduh 
pangalaman kitu, samemeh kaluar patenna, Martha Tilaar ati-ati 
ngabejakeun/nembongkeun hasil perusahaannana ka batur sareng langkung ati-ati 
upama aya kerja sama sareng bangsa deungen.
    Pangalaman rerencangan sanes deui. Rerencangan tukang arsitektur sareng 
desainer, disuhunkeun presentasi proyek kanggo ngadamel tempat rekreasi. Ari 
rerencangan jujur teuing, nerangkeun jentre pisan, dipasihkeun detailna eta 
proyek ka pangusaha keturunan Cina. Tos lami, aya berita, proyekna di tolak, 
ceunah mah mahal teuing. Ngalangkungan sataun duataunan aya peresmian tempat 
rekreasi anyar. Barang diilikan, eta tempat rekreasi sami sareng anu 
dipresentasikeun ku rerencangan, anu baheula ditolak. Bade dituntut teu tiasa, 
da buktos aya rapat/presentasina oge teu aya dokumen/arsipna, teu aya serat, 
teu aya kerja sama. Kedahna mah upama bade presentasi proyek/hasil kedah aya 
parjanjian supados presentasi urang teu dipaok atawa diaku-aku kubatur jeung 
tong dipasihkeun detailna.
    Manfaat paten teh atuh nyaeta aya kapastian hukum kana produk anu pamanggih 
urang, royalti anu ngucur 20 taun saumpamana produk urang aya anu nganggo. 
Contona rerencangan deui anu atos matenkeun hiji tumbuhan tradisional. Patenna 
didaftarkeun di Jerman ku pangusaha jerman. Mun hayang mah rerencangan teh teu 
kedah didamel deui, da tina royalti oge tos cekap kanggo anak incuna.
    Hesena ngurus paten nyaeta, waktosna lami sareng biayana mahal. Ngan sanes 
saurang wae anu tiasa matenkeun produk, kelompok siga koperasi jeung yayasan, 
tiasa oge janten sponsor paten. Royaltina dibagi sponsor sareng panemu produk 
paten. Sugan dina mangsa kapayun mah, Yayasan Perceka tiasa ngabantos dina 
sponsoran paten urang Sunda.

Sugan ayeuna parantos tiasa kauninga perluna urang ngadamel paten. Naon bae 
tiasa dipatenkeun, kaasup ide/pamikirin urang ka hareup (paten ide/pamikirin 
biasana aya di parusahaan gede, siga SONY, Mac, Toyota).

Upami hoyong uninga langkung tebih naon anu dipikamaksad ku paten sareng merek, 
kumaha prosedurna, biayana, mangga ameng ka Ditjen HaKI-Depkeh HAM Kanwil Jabar
Jl. Jakarta No.27 Bandung 40272
Telepon : (022) 7272189, 772185
Fax : (022) 7273898
Email : [EMAIL PROTECTED]  

Wassalam

Yudhi, Perth

oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
     Baraya sadaya,
 
 Kamari parantos dipariksa deui status akhir HAKI PATMO, alhamdulillah ayeuna
 mah parantos kenging HAKI-na ti Dep. Kehakiman dan HAM tea. HAKI PATMO
 ngeunaan Sertifikat Desain Industri No : ID 0 001 596. Judul Desain
 Industri: Pompa Air Sistem Hydram, nama pedesain:: Tatang Sucherman.
 
 Ngeunaan Grammor, Insya Alloh bade diperjuangkeun HAKI-na, dibantosan ku Pa
 Andi, urang Sulsel anu tos lami di Bandung. Dina danget ieu malah aya iber
 sae: Kang Idrus diulem ku Bupati Sidrap, Sulsel kanggo panen raya tani sawah
 ngaggo Hydrasil + Grammor di 11 kacamatan, di Kab. Sidrap, Sulsel. Di Tatar
 Sunda Insya Alloh, di sababaraha tempat di Kab. Indramayu baris nyusul panen
 anu sarupa. Upama aya anu haat mah maparinan fasilitas keur demplot di
 sababaraha kabupatehn sejenna di TS, kalintang diantosna.
 
 Ngeunaan PATMO, satemenna danget ieu tahapanana geus nepi ka perlu
 modal pikeun nohonan sababaraha pesenan ti kabupaten-kabupaten di P. Jawa +
 Sulawesi, oge Sumatera. Memang icikibung dina pameran penting, ngan
 sigana hal eta geus mindeng dilakukeun. Malah ayeuna rada "katempuhan" ku
 lobana pesenan. Urang do'akeun wae pamugi Kang Tatang mampuh
 ngungkulakeun modal awal pikeun nyumponan anu perlu ku PATMO.
 
 Hatur nuhu ka sadaya kadang wargi anu tos icikibung dina ieu jejer sareng
 ngarojong kana kamajengan Patmo + Grammor.
 
 baktosna,
 manAR
 
 
 
 
 
 
 On 2/24/06, Yudi Rosandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 >
 > Cobi ditaros ka Kantor HAKI ITB kang.
 > Ari kapungkur mah jenenganna Pak Kamil anu gaduh hajat didinya teh. Rada
 > galak da anjeuna kana urusan paten teh. Hartosna anjeuna sumanget pisan
 > "yeuneuan" ambeh urang ngadaftarkeun karya supados "dipateni" (hehehe)
 > Kantorna mah abdi kirang paos, mung upami ditaros ka satpam ITB ge
 > panginten aruningaeun.
 >
 > Sok atuh ah sing janten conto oge kanu sanes supados tiasa ngahasilkeun
 > karya nu mangpaat.
 >
 > Salam,
 >
 > yudi
 >
 >
 > kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:     Ditiron pas proses ngurus paten
 > mah kamungkinanana alit, Mang... Justru
 > bahya pisan upami samemeh dipatenkeun tos ditembongkeun ka nu gaduh modal,
 > bisa2 kapalingan...
 >
 > Hiji conto, kuring maca dina hiji majalah ngeunaan papanggihan hiji jalma
 > pikeun ngamangpaatkeun panas nu dihasilkeun tina kompresor dina kulkas,
 > dimangpaatkeun pikeun nambahan hiji fungsi, nyaeta kulkas + oven. Manehna
 > nawarkeun ka industri bari mikeun dadaran teknisna, ditolak. Na teu lila
 > ti
 > harita, si industri teh mroduksi nu multifungsi eta: panto handap kulkas,
 > panto luhur pamanas (na iklan ge aya geuning). Nu boga papanggihanana mah
 > bati ngegel curuk bae...
 >
 > Saena mah dilereskeun heula patenna, konsultasina ka mana nya, hilap deui
 > abdi ge...
 > isk
 >
 > On 2/24/06, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 > >
 > > Nyaeta atuh Kang, sanes ari nyangki pedah aranjeunna sepuh mah (boh Pa
 > > Tatang oge Pa Idrus tos langjkung ti 70 taun, sanajan cangker sareng
 > > jagjag
 > > keneh di lapangan), namung nyakitu, teu acan dipatenkeun geuningan
 > duanana
 > > oge. Waktos ku abdi ditaros, alesanana, eta cenah paur dipaling (punten
 > > togmol wae) teknologina salami proses ngurus eta paten. Cikan atuh Kang,
 > > "paparinan" bongbolongan, naon wae alesan pentingna hak paten, kumaha
 > > saleresna ngurus paten teh sareng kumaha teknisna anu aman? Langkung sae
 > > upami ieu bongbolongan teh langsung didugikeun ka aranjeunna (namung
 > kedah
 > > via telepon, rupina).
 >
 >
 > [Non-text portions of this message have been removed]
 >
 >
 >
 > PENTING..!
 >
 > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
 >
 > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
 > berupa pencabutan membership.
 >
 > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
 > mengupdate antivirusnya.
 >
 >
 >
 >
 >        SPONSORED LINKS
 >
 > Culture                                       Bahasa indonesia
 >
 > ---------------------------------
 >   YAHOO! GROUPS LINKS
 >
 >
 >    Visit your group "kisunda" on the web.
 >
 >    To unsubscribe from this group, send an email to:
 > [EMAIL PROTECTED]
 >
 >    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
 >
 >
 > ---------------------------------
 >
 >
 >
 >
 >
 > -----------------------------------------------------
 > Links:
 > http://www.fisika.unpad.ac.id
 > http://www.physik.uni-kl.de/urbassek
 > -----------------------------------------------------
 >
 >
 > ---------------------------------
 > Yahoo! Autos. Looking for a sweet ride? Get pricing, reviews, & more on
 > new and used cars.
 >
 > [Non-text portions of this message have been removed]
 >
 >
 >
 >
 >
 > PENTING..!
 >
 > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
 >
 > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
 > berupa pencabutan membership.
 >
 > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
 > mengupdate antivirusnya.
 >
 > Yahoo! Groups Links
 >
 >
 >
 >
 >
 >
 >
 
 
 [Non-text portions of this message have been removed]
 
      

  PENTING..!
 
 attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
 
 dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.
 
 terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
  

              

        SPONSORED LINKS   
                                                    Culture                     
                  Bahasa indonesia                                              
    
      
---------------------------------
   YAHOO! GROUPS LINKS 
 
    
    Visit your group "kisunda" on the web.
    
    To unsubscribe from this group, send an email to:
 [EMAIL PROTECTED]
    
    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 
 
    
---------------------------------
 
 
     

                
---------------------------------
Brings words and photos together (easily) with
 PhotoMail  - it's free and works with Yahoo! Mail.

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke