Ass.Wr.Wb.
   
  Sabada minggu kamari nanggap tembang sunda di Unesco dina raraga mieling 
dinten istri (asa aneh nya ari diterjemahkeun mah), anu kenging sambutan sae ti 
nu nongton; tadi wengi di kbri nanggap penca. Aya lima grup anu tandang teh, 
nyaeta : Cimande, SH Terate, Persaudaraan Setia Hati, Merpati Putih anu sadaya 
patandangna urang Prancis (salah sawiosna aya urang hideung) ditutup ku 
pagelaran tim anu dongkap ti Indonesia ( Bhakti Negara, Cimande, Silat Tuo, 
Pamor .....).
  Leupas ti sababaraha paguron anu midang, hiji hal anu ngabungahkeun yen 
rombongan ti Prancis, ti paguron mana wae oge dina ngibingna teh dipirig ku 
kendang penca. Palebah dieu tetela yen kendang penca teh  tiasa mirig kana seni 
beladiri naon wae oge. Eta ge kantos ninggal hiji paguron di Prancis dina 
ngibingna teh dipirig ku kroncong. Tapi asa ningnang. Kukituna urang kedah 
agul, tapi agul teh ditambihan ku prakna oge urang diajar ngarengkenek. 
Pribados sanajan geus kolot, aya kahayang oge milu aub. Mantak basa aya 
rombongan tembang sunda ka paris, ngahaja pesen pangsi. Sual palatih, ti 
ngawitan sasih ieu Sdrk.   Cecep ti Mande Muda bade dikengken ngalatih urang 
Prancis salami tilu sasih. Sugan aya waktos pribados oge bade kursus kilat. 
Bangplak ......... Dingkeung ........ dingkeung....... bahdingkeung.

                
---------------------------------
 Nouveau : téléphonez moins cher avec Yahoo! Messenger ! Découvez les tarifs 
exceptionnels pour appeler la France et l'international.Téléchargez la version 
beta.

[Non-text portions of this message have been removed]





PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke