Ass. Wr. Wb

Kumaha damang Kang Ganjar?, masih emut heuntu abdi
sobat  Alif ti PuloSari di Jalan Dipati Ukur, oge Abas
si jago
penca. Taun 2005 kamari abdi dianteurkeun ku anjeuna
ka Tarikolot , nya simkuring di ajar "sa dulur opat
kalima pancer"
ka turunan Abah Kaer. Sareng diajar lelengkahan "lima
tapak" nu tos papak dina eta ngigelkeun napakna bari
ngagesut ka bumi / taneuh nu bakal nyaangan barudak
ngora,  nu bade metakeun ka sundaan dina pencana.

Asa reu'eus macaan serat akang teh, masih emut
nebrakan penca di Perancis. Emang leres Kang yen
Kendang Penca teh tos ngadunya sa international tos
dianggo patokan ngigelkeun jurus-jurus, kembangan
penca ka sagala rupa
gaya penca sa jagat raya, ka asup karate , kung Fu ,
Jujitsu, Taek Kwondo raresepeun kendang penca.

Dina ningal "Cecep ti Mande Muda bade
 dikengken ngalatih urang Prancis salami tilu sasih"
Simkuring kantos ngayakeun seminar silat di USA sareng
Almarhum Hernan Swanda sareng Shanon istrina, sa teu
acan Yang  Maha Manon nangtoskeun pupus Jasadna.
Tepatna di Long Island USA, nya anjeuna sareng kuring
silih
asah-asuh-asih di eta seminar nu di ulik ku barudak
USA. Malihmah kuring aya videona sareng anjeuna, da
kumaha nya asa wa'as ningali Mande Muda anu di
igelkeun ku anjeuna nu tos mulih ka jati mulang asal.
Tos janten picontoeun US nu nebarkeun kasundaan sa
jagat raya, harumna ka mana-mana, meureun nu disabda
Prabu Barwijaya (PS) ningalkeun BELANGNA MAUNG. 

Nya atuh salam wae ka raina Alamarhum Herman Swanda
ti simkuring teraskeun perjoangan metakeun ka sundaan
teh
jiga rakana. Da tinggal neraskeun wae eta cecekelan US
teh
da urang USA  oge mani raresepeun elmu kasundaan teh.
Simkuring sareng Almarhum aya di hiji Majalah Bela
Diri USA, dimana Almarhum Kang Herman ngajentrekeun
elmu maung jentrena ti paguron anjeuna, arai kuring
ngajentrekeun maung ti ulikan Abah Kaer, Haji Mahmud,
Abah Wangsa, Abah Aleh, IPak  De ....jsst anu digulung
bundelan paguron Cimande,  PD, IPSI sareng PERSILAT.

Pas muka seratan Kang Ganjar, nya kuring teh nuju
ngadamel program penca 200 jam  nu lamina dua sasih
kango program pangenalan kajuaraan dunia anu
diraragaan ku PERSILAT (persekutuan Penca Silat Antar
Bangsa), Cimande,  PD, IPSI.

Eta program diserat ku HURUP SUNDA ameh barudak USA ti
SD, SMP, SMA, UNIVERSITAS terangeun yen US teh gaduh
hurup TJ, NYA, NGA... anu gaib nu tos diulik ku
Karuhun Sunda. Nya simkuringmah tingal nerskeun wae
eta hurup sunda teh jadi ngurip da geuning ngahirupan
jentulna penca.

Ah sakitu heula wae kang ngawangkong simkuring, da eta
200 murid sa kelas di paguron tos nungguan kuring,
karunya
nuju diajar tetecean, tatapakan sugan wae ilmu
Pangeran PAPAK NAPAK di USA.

wassalam
Yan
katua PERSILAT USA
www..silatpdusa.com


--- Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Ass.Wr.Wb.
>    
>   Sabada minggu kamari nanggap tembang sunda di
> Unesco dina raraga mieling dinten istri (asa aneh
> nya ari diterjemahkeun mah), anu kenging sambutan
> sae ti nu nongton; tadi wengi di kbri nanggap penca.
> Aya lima grup anu tandang teh, nyaeta : Cimande, SH
> Terate, Persaudaraan Setia Hati, Merpati Putih anu
> sadaya patandangna urang Prancis (salah sawiosna aya
> urang hideung) ditutup ku pagelaran tim anu dongkap
> ti Indonesia ( Bhakti Negara, Cimande, Silat Tuo,
> Pamor .....).
>   Leupas ti sababaraha paguron anu midang, hiji hal
> anu ngabungahkeun yen rombongan ti Prancis, ti
> paguron mana wae oge dina ngibingna teh dipirig ku
> kendang penca. Palebah dieu tetela yen kendang penca
> teh  tiasa mirig kana seni beladiri naon wae oge.
> Eta ge kantos ninggal hiji paguron di Prancis dina
> ngibingna teh dipirig ku kroncong. Tapi asa
> ningnang. Kukituna urang kedah agul, tapi agul teh
> ditambihan ku prakna oge urang diajar ngarengkenek.
> Pribados sanajan geus kolot, aya kahayang oge milu
> aub. Mantak basa aya rombongan tembang sunda ka
> paris, ngahaja pesen pangsi. Sual palatih, ti
> ngawitan sasih ieu Sdrk.   Cecep ti Mande Muda bade
> dikengken ngalatih urang Prancis salami tilu sasih.
> Sugan aya waktos pribados oge bade kursus kilat.
> Bangplak ......... Dingkeung ........
> dingkeung....... bahdingkeung.
> 
>               
> ---------------------------------
>  Nouveau : téléphonez moins cher avec Yahoo!
> Messenger ! Découvez les tarifs exceptionnels pour
> appeler la France et l'international.Téléchargez la
> version beta.
> 
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
> 
> 
> 
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke