Haturan Kang MH, Kang ngadadarkeun penca dina media rada kirang gaduh pangalaman, da simkuring teh masih diajar seseratan, rumaos teu acan gaduh kabisa. Kuring mah ngaku bae masih bodo geuning pas di darat dipiwarang nyarios bahasa sunda. Aduh mani ngerakeun ngaku sunda pas pidato ku basa Indonesia, tah geuning kanyahoan bodona simkuring teh moal di saha-saha.
Komo deui medarkeun penca sacara berkala mah nganggo bahasa sunda, aduh asa utag- atog piasn tutulisanana. Oge dina penca anu di ulik ku simkuring teu acan aya elmuna kakarak tiasa lelengkahan, nembe oge diajar kulitna nu nomor hiji, sanes kulit nu ka-dua sareng ka-tilu. Isin ku para abah, aki, akang anu handap-asor pinuh ilmu silatna. Ari model simkuring nu kakarak gaduh kulit nomor hiji, biasa sok diajar nulis jiga nu bisa padahal teu bisaeun. Medarkeun dina milist rek ngiring wae upami aya nu ngamimitian nyerat sunda arahna penca, sugan wae nyambung , namina oge masih diajar nulis. baktos yan nyc On Mar 24, 2006, at 6:30 AM, mh wrote: Kang Yan, Nitenan perkara penca silat saperti nu diguar ku salira, kuring jadi aya pamundut kasalira. Kumaha upama sacara berkala Kang Yan medar perkara penca ngaliwatan ieu milist. Misalna, ngadadarkeun perkara silat anu praktis, jiga kumaha cara-cara olah napas. Nuhun, mh - SASTRANEGARA THARYANA <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ass. Wr. Wb > > Kumaha damang Kang Ganjar?, masih emut heuntu abdi > sobat Alif ti PuloSari di Jalan Dipati Ukur, oge > Abas > si jago > penca. Taun 2005 kamari abdi dianteurkeun ku anjeuna > ka Tarikolot , nya simkuring di ajar "sa dulur opat > kalima pancer" > ka turunan Abah Kaer. Sareng diajar lelengkahan > "lima > tapak" nu tos papak dina eta ngigelkeun napakna bari > ngagesut ka bumi / taneuh nu bakal nyaangan barudak > ngora, nu bade metakeun ka sundaan dina pencana. > > Asa reu'eus macaan serat akang teh, masih emut > nebrakan penca di Perancis. Emang leres Kang yen > Kendang Penca teh tos ngadunya sa international tos > dianggo patokan ngigelkeun jurus-jurus, kembangan > penca ka sagala rupa > gaya penca sa jagat raya, ka asup karate , kung Fu , > Jujitsu, Taek Kwondo raresepeun kendang penca. > > Dina ningal "Cecep ti Mande Muda bade > dikengken ngalatih urang Prancis salami tilu sasih" > Simkuring kantos ngayakeun seminar silat di USA > sareng > Almarhum Hernan Swanda sareng Shanon istrina, sa teu > acan Yang Maha Manon nangtoskeun pupus Jasadna. > Tepatna di Long Island USA, nya anjeuna sareng > kuring > silih > asah-asuh-asih di eta seminar nu di ulik ku barudak > USA. Malihmah kuring aya videona sareng anjeuna, da > kumaha nya asa wa'as ningali Mande Muda anu di > igelkeun ku anjeuna nu tos mulih ka jati mulang > asal. > Tos janten picontoeun US nu nebarkeun kasundaan sa > jagat raya, harumna ka mana-mana, meureun nu disabda > Prabu Barwijaya (PS) ningalkeun BELANGNA MAUNG. > > Nya atuh salam wae ka raina Alamarhum Herman Swanda > ti simkuring teraskeun perjoangan metakeun ka > sundaan > teh > jiga rakana. Da tinggal neraskeun wae eta cecekelan > US > teh > da urang USA oge mani raresepeun elmu kasundaan > teh. > Simkuring sareng Almarhum aya di hiji Majalah Bela > Diri USA, dimana Almarhum Kang Herman ngajentrekeun > elmu maung jentrena ti paguron anjeuna, arai kuring > ngajentrekeun maung ti ulikan Abah Kaer, Haji > Mahmud, > Abah Wangsa, Abah Aleh, IPak De ....jsst anu > digulung > bundelan paguron Cimande, PD, IPSI sareng PERSILAT. > > Pas muka seratan Kang Ganjar, nya kuring teh nuju > ngadamel program penca 200 jam nu lamina dua sasih > kango program pangenalan kajuaraan dunia anu > diraragaan ku PERSILAT (persekutuan Penca Silat > Antar > Bangsa), Cimande, PD, IPSI. > > Eta program diserat ku HURUP SUNDA ameh barudak USA > ti > SD, SMP, SMA, UNIVERSITAS terangeun yen US teh gaduh > hurup TJ, NYA, NGA... anu gaib nu tos diulik ku > Karuhun Sunda. Nya simkuringmah tingal nerskeun wae > eta hurup sunda teh jadi ngurip da geuning > ngahirupan > jentulna penca. > > Ah sakitu heula wae kang ngawangkong simkuring, da > eta > 200 murid sa kelas di paguron tos nungguan kuring, > karunya > nuju diajar tetecean, tatapakan sugan wae ilmu > Pangeran PAPAK NAPAK di USA. > > wassalam > Yan > katua PERSILAT USA > www..silatpdusa.com > > > --- Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Ass.Wr.Wb. > > > > Sabada minggu kamari nanggap tembang sunda di > > Unesco dina raraga mieling dinten istri (asa aneh > > nya ari diterjemahkeun mah), anu kenging sambutan > > sae ti nu nongton; tadi wengi di kbri nanggap > penca. > > Aya lima grup anu tandang teh, nyaeta : Cimande, > SH > > Terate, Persaudaraan Setia Hati, Merpati Putih anu > > sadaya patandangna urang Prancis (salah sawiosna > aya > > urang hideung) ditutup ku pagelaran tim anu > dongkap > > ti Indonesia ( Bhakti Negara, Cimande, Silat Tuo, > > Pamor .....). > > Leupas ti sababaraha paguron anu midang, hiji > hal > > anu ngabungahkeun yen rombongan ti Prancis, ti > > paguron mana wae oge dina ngibingna teh dipirig ku > > kendang penca. Palebah dieu tetela yen kendang > penca > > teh tiasa mirig kana seni beladiri naon wae oge. > > Eta ge kantos ninggal hiji paguron di Prancis dina > > ngibingna teh dipirig ku kroncong. Tapi asa > > ningnang. Kukituna urang kedah agul, tapi agul teh > > ditambihan ku prakna oge urang diajar > ngarengkenek. > > Pribados sanajan geus kolot, aya kahayang oge milu > > aub. Mantak basa aya rombongan tembang sunda ka > > paris, ngahaja pesen pangsi. Sual palatih, ti > > ngawitan sasih ieu Sdrk. Cecep ti Mande Muda > bade > > dikengken ngalatih urang Prancis salami tilu > sasih. > > Sugan aya waktos pribados oge bade kursus kilat. > > Bangplak ......... Dingkeung ........ > > dingkeung....... bahdingkeung. > > > > > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
