From: "Lodaya" <[EMAIL PROTECTED]>
> Tapi ketang, lameun mah memang ku tilemna Pajajaran jeung gumelarna
> Kasultanan Ciremonteh mangrupa kanyataan "diskontinuitas" tina sajarah
> Sunda, sim kuring kudu oge meureun bisa narima eta kanyataan.
>
Ari kuring mah ningalina kieu, Sunda sanes Priangan wae, satutung Basa Sunda
diangge di wewengkon eta, nya kalebet Sunda oge. Tapi di wewengkon Sunda, nu
kawasa saatosna Pajajaran tilem, aya sababraha hiji, jeung teu kantos
ngahiji deui. Nu kawasa di Wewengkon Sunda, pangpangna mah di Pantura oge
jalmi-jalmi campuran, henteu asli 100% urang dinya. Priangan ( Sumedang
larang), karajaan leutik nu kajepit ku "super power" tiditu-tidieu. Ti wetan
aya Mataram ( Cirebon, sanajan kasultanan, tapi aya dina pangaruh Mataram) ,
ti kulon "super power"na teh Banten, jeung Kompeni mimiti aya di Batavia.
Sumedang Larang leuwih milih Mataram tinimbang Banten, kamungkinan
kulantaran Salah saurang Istri Pangeran Geusan Ulun urang Mataram (
Harisbaya). Ceuk legenda urang Sumedang, Harisbaya teh putri Mataram nu
dihadiahkeun ka Sultan Cirebon, tapi "diiwat" ku Geusan Ulun, dicandak
lumpat ka Sumedang. Sapertos nu di posting ku kuring tipayun, Putra
Harisbaya ieu nu akhirna "nyandak" Sumedang jadi wewengkon Mataram. Prabu
Geusan Ulun oge, ceuk legenda di Sumedang, "Sakola santri"na (masantren) di
Cirebon/Mataram, henteu di Banten.
Teu kungsi ngahiji deui Tatar Sunda dina hiji karajaan, tangtosna ge
lami-lami mangaruhan masyarakatna. Urang Banten tetep ngarasa "Banten",
"Cirebon" oge tetep ngarasa "Cirebon", Urang Priangan oge ngarasa
"pangsundana. Urang Banten, salian nu di Serang jeung Cilegon, basa indungna
tetep Sunda, sanajan dialekna beda. Cirebon jeung Indramayu nu nganggo basa
Cirebon, kitu oge teu sadayana wewengkon di Cirebon nyarios ku Basa Cirebon,
aya oge nu nganggo basa Sunda, jiga Losari.
Tatar Sunda, benten jeung Tatar Jawa, nu samemeh dikawasa ku Walanda teh,
kungsi dihijikeun ku Mataram. Sanajan ngahijikeunana make jalan heuras, tapi
ieu akhirna mere rasa "kesatuan" ka urang Jawa. Dina sajarah Mataram,
dicarioskeun kuamha para rajana, nyerebu wilayah-wilayah nu tadina lain
wewengkon Mataram, siga Surabaya.
Ari perkawis Banten misah, atanapi Cirebon gaduh niat misah ti Jawa Barat,
ah .......mangga teh teuing, da saleresna nu ribut kieu teh biasana mah para
elitena wungkul, biasa ..... rebutan rejeki. Ari keur rakyat biasa mah,
rek misah atawa rek ngahiji teu aya pangaruhna ...........kitu-kitu keneh.
Kanggo Catetan, Banten saatosna misah ti Jawa Barat, malah jadi "rame".
Gubernurna "dipecat" da korupsi cenah. Nu naek wakil gubernurna, putra jalmi
anu "gaduh pangaruh ageung" di Banten/Serang. Urang swasta anu sok
"mulungan" proyek ti Propinsi Banten, pasti tarerangeun ...........
Hatur nuhun.
WALUYA
(Nu kantos apruk-aprukan di Banten saatosna Banten misah)
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/