Kang Rahmat,
Jigana mah, perkara cara nulis e-kelek sareng e-pepeg teh, gumantung ka tim
editor sareng penerbitna, teu gumantung ka personil pangarangna. Hal ieu bisa
katitenan, contona dina buku Bah Ayip Rosidi nu judulna "Haji Hasan Mustapa
jeung Karya-Karyana" terbitan Pustaka. Dina ieu buku mah, najan pangarangna Bah
Ayip Rosidi nuliskeun e-kelek jeung e-pepeg teh disaruakeun jiga nu dilakonan
ku Mangle.
Ringkesna mah kieu, aya tilu model cara nuliskeun e-kelek jeung e-pepeg teh.
Mun dijieun tabel mah jiga kieu:
-------------------------------------------------------------------------------------------------
e-kelek e-pepeg penerbit
-------------------------------------------------------------------------------------------------
Model 1 kelek pépég ganaco (Tata Basa Sunda, 1957)
Model 2 kélék pepeg cupumanik
Model 3 kelek pepeg mangle
-------------------------------------------------------------------------------------------------
salam,
mh
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Hoyong mairan perkawis e tea.
Cupumanik anu "dikokojoan" Mang Ayip Rosidi, sigana
dina perkawis nyerat e konsisten, siga dina buku-buku
seratan mang Ayatrohaedi.
Kitu oge, upami nitenan kecap-kecap dina Poesaka
Soenda, aya e anu diluhurna aya curekan sareng e anu
teu aya curekan.
Tah dina perkawis ieu, pami urang teu aya perhatosan,
bangsa deungeun mah nuju nalungtik perkara e ieu.
Salah sawios ahli linguistik Jepang, nalungtik perkara
ieu, ku cara nyandak sampel/conto kecap-kesap anu
kaluar ti jalmi suku Sunda, Jawa, sareng suku sanesna.
Tetela aya perbedaan signifikan, sora anu kaluar ti
suku Sunda saeng suku sanesna.
Naon mangpaatna panalungtikan ieu pikeun urang
(Sunda?) Teu acan eces pisan, tapi tangtos wae ieu
nunjukkeun kabeungharan kosakecap basa Sunda.
Di program komputer, saleresna mah aya bahasa
"unicode" anu ditangkodkeun dina "insert". Tah didinya
aya aksara-aksara anu aneh, anu teu aya dina aksara
latin (kalebet aksara-aksara arab, e anu aya curekan
sareng e anu aya titik dua di luhur).
Tadina aksara "sunda buhun" oge bade didaftarkeun
janten aksara di 'unicode', ku Kang Oman atas nami
KUSnet. Tapi asa masalah, margi aksara "sunda buhun"
anu disaluyuan ku Pemda Jabar teh (ceuk Mang Ayat mah)
teu sami jeung aksara "sunda buhun" anu aya dina
naskah-nasakah kuno, sabab aya aksara "tambahan" hasil
"kesepakatan" ti para perumusna.
Perkara ieu langkung paos mah, kang Oman geura anu
terang a- Z na.(mana Kang Oman/mama Manar? geura
kaluar ti "pertapaan")
baktos,
mrachmatrawyani
--- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Naon ari "e-kelek" jeung "e-pepeg" teh? Maksudna
> mah, nu ka hiji, aksara "e" anu sorana jiga dina
> kecap "kelek". Enya "kelek" paragi jibrut tea. Nu
> kaduana, aksara "e" anu sorana jiga dina kecap
> "pepeg". Kecap "pepeg" contona bisa dilarapkeun
> pikeun ngagambarkeun kaayaan hiji jalma waktu ambek,
> nyerenteng rek nampiling baturna, bari nyarita kieu,
> "Dipepeg siah ku aing!" Hehehe.
=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
---------------------------------
New Yahoo! Messenger with Voice. Call regular phones from your PC and save big.
[Non-text portions of this message have been removed]
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Get to your groups with one click. Know instantly when new email arrives
http://us.click.yahoo.com/.7bhrC/MGxNAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/