Abah Joe nyerat:
"Lain kitu wae, Mama ManAr teh geus ngajalankan sasauran KangJeng Nabi, yen 
jelema   balem nandakeun kumaha jerona  imanna  tibatan jelema nu ngacaprak, 
komo deui nu ngacaprak teu puguh."

Abah, rupina mah dina hal milis, sikap balem teh patojaiyah sareng maksud sarta 
karakteristik asasi milis. Apan hirup huripna milis mah taya deui iwal ti ku 
nyerat email, dibales ku nyerat email. Upama anggota milis teu aya emailan, 
sami sareng jalmi tos teu aya getihan. Upama eta sikep diamalkeun, leuwih 
seueur nu muhit aji balem, atuh milis teh janten jiga kuburan.  Janten dina hal 
ieu, dina milis mah sanes kedah baralem, tapi justru nu kedah diamalkeun 
sumanget nyerat email, sumanget babagi informasi sareng ideu kalayan pikiran 
terbuka. Kucara kieu milis bakal tetep janten "e-mail-list", teu karatajang 
virus balem. Hehehe.

(mh)
Nu sakapeung resep ngacapruk.


Joe Ragan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:    Baraya sadayana,
    
   Sim kuring teh anggota milis pang kolotna, dina umur kolot teh.
   Naha sim kuring nu geus kolot kieu, bet nyebat Mama ka ManAr (Oman 
Abdurahman)  
    
   Dina arek  posting surat ti Presdien Iran, nu dina bahasa Nasional, naha bet 
ngawartosan atawa menta izin ti para anggota ?
   Padahal Mama ManAr teh pan Moderator ieu milis. Jeung deui, boh dipadamelan 
boh di masyarakt utamina para alumni ITB moal bireuk deui saha anjeuna teh. 
Malah mah kantos ngajar di ITB.
    
   Tapi eta aya ku handap asor kitu.  Tah nu kieu teh picontoeun jang urang, 
kaasup sim kuring nu geus boga incu umur 15 tahun. Tah handap asor teh,  cirina 
US pituin.
   Lain kitu wae, Mama ManAr teh geus ngajalankan sasauran KangJeng Nabi, yen 
jelema   balem nandakeun kumaha jerona  imanna  tibatan jelema nu ngacaprak, 
komo deui nu ngacaprak teu puguh.
    
   Sim kuring mah yakin, pas maca posting sim kuring, anjeuna mah moal mencet 
irung, jiga urang nu sok beukah eta irung mun dipuji teh.
   Saenyana mah sim kuring lain muji ka Mama ManAr, tapi hayang netelakeun ka 
anggota milis ieu  anu kumaha anu disebut US piruin teh.
    
   Hayu urang gali, urang teangan, naon deui wae anu nyirikeun US pituin. Tah 
mun geus beunang, urang silih bejaan jeung urang prakkeun sa po-poe.
    
   Apan cenah civilization (karajaan) mimita teh di Tatar Sunda terus nyebar ka 
mana-mana.
    
   Nuhun Mama ManAr.
    
   Wassalam,
   Abah Joe
   ( Mama ManAr teu kedah diwaleran posting ieu...balem wae !!).
 


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
                
---------------------------------
Love cheap thrills? Enjoy PC-to-Phone  calls to 30+ countries for just 2ยข/min 
with Yahoo! Messenger with Voice.

[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get to your groups with one click. Know instantly when new email arrives
http://us.click.yahoo.com/.7bhrC/MGxNAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke