Baraya, Aya artikel tafakuraneun, seratan Bah Ajip Roisidi, kenging nyalin ti Cupumanik. Sugan aya manfaatna.
salam, mh =========== SUNDA SUNDEK Diserat ku Ajip Rosidi Di-online-keun ping 02 May 2006 Dina buku Bab Adat-adat Urang Priangan jeung Sunda lianna ti Ãta (1913), H. Hasan Mustapa aya nyebutkeun yén salah sahiji harti Sunda téh, sundek. Heureut. Henteu jembar. Digambarkeun ku Tatar Sunda anu henteu sabaraha legana. Ti wates Kalér Laut Jawa jeung wates Kidul Laut Hindia henteu sabaraha jauhna. Ti Kulon Banten, Ujungkulon, ti wetan tanah Kajawan. Tapi salian ti éta téh ngagambarkeun alam pikiran urang Sunda deuih, anu henteu jembar. Katerangna sundek, henteu boga pikiran panjang, da ceuk paribasana ari jadi jelema kudu tungkul ka jukut tanggah ka sadapan. Kecap sunda gé boga harti suda, hartina kurang. Haténa lembék, tara boga pikiran anu langka kaalaman, tara mikiran anu jarauh, anu henteu lumrah. Karesepna babakti ka ménak nu méré kahirupan sanajan sering nyarékan. Ãta téh nurutkeun jalma anu dianggap bujangga Sunda anu pangbadagna. Henteu matak ngeunah kadéngéna jeung karasana ku urang Sunda kiwari anu nganggap urang Sunda téh luhung élmuna jeung jembar pangabisana, tapi resep ngéléhan jeung sok ngaheulakeun batur (nu matak dina réngréngan pamingpin Indonésia kiwari di unggal widang langka urang Sunda). Tapi asa taya goréngna lamun urang narima pamanggih H. Hasan Mustapa anu henteu matak ngeunah kana haté téa, dina raraga nilik diri néangan jawaban naon sababna di lingkungan nasional Indonésia, urang Sunda anu jumlahna kadua sabada Jawa henteu jadi nomer dua dina sagala lapangan. Ãléh ku sélér séjén anu jumlahna leuwih saeutik kayaning Batak jeung Minangkabau. Ãta téh kanyataan anu henteu bisa dipeungpeunan ku ngabobodo manéh yén sipat urang Sunda mah resep ngéléhan jeung sok ngaheulakeun batur. Atawa ngimpi yén karuhun Sunda téh sakti manggulang-mangguling da ayeuna ogé masih nalingakeun putra-putuna bisi katarajang musibah. Urang kudu wani nyanghareupan réalitas anu nyata. Nyaéta yén urang Sunda henteu némbongkeun préstasi anu pikareueuseun méh dina sagala widang kahirupan di lingkungan Indonésia. Ulah ngimpi yén dina jero sapuluh taun atawa salawé taun deui Jawa Barat baris jadi provinsi pangmajuna di sakuliah Indonésia, sabab réalitas anu nyampak henteu ngarojong kana baris laksanana éta impian. Lain hartina urang ulah boga kahayang anu ambisius. Malah kudu boga ambisi téh, tapi dina ngudagna urang ulah leupas tina réalitas. Malah dina ngatur stratégi pikeun ngahontalna urang kudu dumasar kana réalitas anu aya. Kahiji urang kudu sadar, yén nasib urang Sunda téh dumasar kana usaha jeung préstasi urang Sunda anu aya ayeuna. Ulah ngarep-ngarep baris ditulungan ku karuhun, boh Prabu Siliwangi boh nu lianna. Ngan lamun urang Sunda kiwari bisa némbongkeun préstasi anu nyongcolang dina sagala widang kahirupan, urang Sunda baris miboga kalungguhan anu dipihormat ku nu lian. Lamun henteu mah, urang Sunda baris jadi kékéséd nu lian dalah di lembur urang Sunda sorangan. Kaayaan kitu ayeuna ogé apan geus kagambarkeun. Ulah pon dina widang lian-lianna, jadi PKL baé urang Sunda geus kaéléhkeun ku sélér séjén di Bandung jeung kota Jawa Barat lianna. Kadua, kudu aya kareueus jadi urang Sunda. Lain kareueus duméh turunan Prabu Siliwangi atawa Prabu Borosngora, tapi reueus ku sabab ditakdirkeun ku Allah SWT lahir di lembur anu subur-éndah, jadi ahliwaris budaya anu kiwari kaancam musnah tapi masih aya sésana anu ngagambarkeun kaéndahan jeung kaluhunganana. Reueus jadi urang Sunda kudu dibarung ku kawani ngabéla lemahcai keur kapentingan sakumna urang Sunda, ulah ngan keur kapentingan sorangan atawa golongan sorangan baé. Reueus narima warisan budaya, kaasup basa Sunda, anu lain baé kudu dimumulé tapi kudu dimekarkeun dina lingkungan budaya Indonésia. Katilu, kudu némbongkeun yén Sunda téh henteu sundek, tapi jembar. Henteu ngagulkeun baé kaagungan jeung kahébatan karuhun (anu henteu dibuktikeun sacara sajarah), tapi sadar yén hirup dina jaman kiwari kudu narima ayana sélér, ayana bangsa, ayana lingkungan anu réa bédana jeung sorangan. Dina ngawujudkeun kahirupan anu gemah ripah panyileukan saréréa, lain ngahudangkeun deui karajaan Pajajaran atawa karajaan Sunda anu geus carem, cara urang ogé nolak lamun aya sélér séjén anu rék ngahudangkeun deui karajaan Majapahit, karajaan Sriwijaya atawa kasultanan Mataram atawa anu lianna. Nu ku urang rék dibangun mah nagara Republik Indonésia anu démokratis. Konsép karajaan atawa kasultanan baheula anu mana baé henteu bisa dijadikeun dadasar nagara Républik Indonésia anu ayeuna. Konsép démokrasi jeung républik téh samémehna tacan kungsi dilaksanakeun di sakuliah Nusantara. Ku kituna urang jeung sékésélér nu lian anu ngawangun bangsa Indonésia kudu babarengan ngarumuskeun jeung ngalaksanakeun prinsip démokrasi jeung babarengan diajar ngajalankeun prinsip-prinsip pamaréntahan républik anu réa bédana jeung prakték pamaréntahan karajaan atawa kasultanan. Urang saréréa masih kudu néangan lilinggeran anu bener, sabab kudu diaku yén urang (pangpangna urang Sunda) lila teuing hirup dina alam karajaan anu féodal, akibat tina lila teuing dijajah. Jiwa warganagara anu démokratis di nagara républik, béda pisan jeung jiwa kaulanagara karajaan anu féodal. Urang Sunda anu sanajan tina téks naskah-naskah kuna urang terang dina dasarna démokratis, tapi lila teuing dijajah ku kasultanan Mataram anu féodalistis disambung ku dijajah Walanda anu neruskeun ngipuk kaféodalan nu geus nyampak pikeun kapentingan éksploatasi kolonialna. Urang Sunda nu jadi rahayat jalantah geus biasa teuing ulun kumawula sagala rupa sadaya-daya, ari kaum élitna kangeungeunahan jadi ménak anu diméménan diénak-énak, bari henteu ngarasa yén digunakeun ku deungeun-deungeun pikeun meres ngagendes sélérna sorangan. Lamun hayang jadi sélér bangsa anu dihormat ku nu lian, urang Sunda pangheulana kudu ngarobah méntalitasna jadi manusa anu yakin yén dina hirup antara manusa henteu aya luhur henteu aya handap. Bédana ngan kumaha préstasina dina makayakeun kabeungharan budaya jeung peradaban manusa.***(Ajip Rosidi) Sumber: http://www.cupumanik.com/bray2.php?id=40 ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] --------------------------------- New Yahoo! Messenger with Voice. Call regular phones from your PC and save big. [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Home is just a click away. Make Yahoo! your home page now. http://us.click.yahoo.com/DHchtC/3FxNAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
