Punten dikirim-ulang, pabeulit e-kelek jeung e-pepeg.

salam,
mh

==========

SUNDA SUNDEK
Diserat ku Ajip Rosidi
Di-online-keun ping 02 May 2006
  
Dina buku Bab Adat-adat Urang Priangan jeung Sunda lianna ti Eta (1913), H. 
Hasan Mustapa aya nyebutkeun yen salah sahiji harti Sunda teh, sundek. Heureut. 
Henteu jembar. Digambarkeun ku Tatar Sunda anu henteu sabaraha legana. Ti wates 
Kaler Laut Jawa jeung wates Kidul Laut Hindia henteu sabaraha jauhna. Ti Kulon 
Banten, Ujungkulon, ti wetan tanah Kajawan. Tapi salian ti eta teh 
ngagambarkeun alam pikiran urang Sunda deuih, anu henteu jembar. Katerangna 
sundek, henteu boga pikiran panjang, da ceuk paribasana ari jadi jelema kudu 
tungkul ka jukut tanggah ka sadapan. Kecap sunda ge boga harti suda, hartina 
kurang. Hatena lembek, tara boga pikiran anu langka kaalaman, tara mikiran anu 
jarauh, anu henteu lumrah. Karesepna babakti ka menak nu mere kahirupan sanajan 
sering nyarekan. 

Éta teh nurutkeun jalma anu dianggap bujangga Sunda anu pangbadagna. Henteu 
matak ngeunah kadengena jeung karasana ku urang Sunda kiwari anu nganggap urang 
Sunda teh luhung elmuna jeung jembar pangabisana, tapi resep ngelehan jeung sok 
ngaheulakeun batur (nu matak dina rengrengan pamingpin Indonesia kiwari di 
unggal widang langka urang Sunda). 

Tapi asa taya gorengna lamun urang narima pamanggih H. Hasan Mustapa anu henteu 
matak ngeunah kana hate tea, dina raraga nilik diri neangan jawaban naon 
sababna di lingkungan nasional Indonesia, urang Sunda anu jumlahna kadua sabada 
Jawa henteu jadi nomer dua dina sagala lapangan. Éleh ku seler sejen anu 
jumlahna leuwih saeutik kayaning Batak jeung Minangkabau. 

Éta teh kanyataan anu henteu bisa dipeungpeunan ku ngabobodo maneh yen sipat 
urang Sunda mah resep ngelehan jeung sok ngaheulakeun batur. Atawa ngimpi yen 
karuhun Sunda teh sakti manggulang-mangguling da ayeuna oge masih nalingakeun 
putra-putuna bisi katarajang musibah. Urang kudu wani nyanghareupan realitas 
anu nyata. Nyaeta yen urang Sunda henteu nembongkeun prestasi anu pikareueuseun 
meh dina sagala widang kahirupan di lingkungan Indonesia. Ulah ngimpi yen dina 
jero sapuluh taun atawa salawe taun deui Jawa Barat baris jadi provinsi 
pangmajuna di sakuliah Indonesia, sabab realitas anu nyampak henteu ngarojong 
kana baris laksanana eta impian. Lain hartina urang ulah boga kahayang anu 
ambisius. Malah kudu boga ambisi teh, tapi dina ngudagna urang ulah leupas tina 
realitas. Malah dina ngatur strategi pikeun ngahontalna urang kudu dumasar kana 
realitas anu aya. 

Kahiji urang kudu sadar, yen nasib urang Sunda teh dumasar kana usaha jeung 
prestasi urang Sunda anu aya ayeuna. Ulah ngarep-ngarep baris ditulungan ku 
karuhun, boh Prabu Siliwangi boh nu lianna. Ngan lamun urang Sunda kiwari bisa 
nembongkeun prestasi anu nyongcolang dina sagala widang kahirupan, urang Sunda 
baris miboga kalungguhan anu dipihormat ku nu lian. Lamun henteu mah, urang 
Sunda baris jadi kekesed nu lian dalah di lembur urang Sunda sorangan. Kaayaan 
kitu ayeuna oge apan geus kagambarkeun. Ulah pon dina widang lian-lianna, jadi 
PKL bae urang Sunda geus kaelehkeun ku seler sejen di Bandung jeung kota Jawa 
Barat lianna. 

Kadua, kudu aya kareueus jadi urang Sunda. Lain kareueus dumeh turunan Prabu 
Siliwangi atawa Prabu Borosngora, tapi reueus ku sabab ditakdirkeun ku Allah 
SWT lahir di lembur anu subur-endah, jadi ahliwaris budaya anu kiwari kaancam 
musnah tapi masih aya sesana anu ngagambarkeun kaendahan jeung kaluhunganana. 
Reueus jadi urang Sunda kudu dibarung ku kawani ngabela lemahcai keur 
kapentingan sakumna urang Sunda, ulah ngan keur kapentingan sorangan atawa 
golongan sorangan bae. Reueus narima warisan budaya, kaasup basa Sunda, anu 
lain bae kudu dimumule tapi kudu dimekarkeun dina lingkungan budaya Indonesia. 

Katilu, kudu nembongkeun yen Sunda teh henteu sundek, tapi jembar. Henteu 
ngagulkeun bae kaagungan jeung kahebatan karuhun (anu henteu dibuktikeun sacara 
sajarah), tapi sadar yen hirup dina jaman kiwari kudu narima ayana seler, ayana 
bangsa, ayana lingkungan anu rea bedana jeung sorangan. Dina ngawujudkeun 
kahirupan anu gemah ripah panyileukan sarerea, lain ngahudangkeun deui karajaan 
Pajajaran atawa karajaan Sunda anu geus carem, cara urang oge nolak lamun aya 
seler sejen anu rek ngahudangkeun deui karajaan Majapahit, karajaan Sriwijaya 
atawa kasultanan Mataram atawa anu lianna. Nu ku urang rek dibangun mah nagara 
Republik Indonesia anu demokratis. Konsep karajaan atawa kasultanan baheula anu 
mana bae henteu bisa dijadikeun dadasar nagara Republik Indonesia anu ayeuna. 

Konsep demokrasi jeung republik teh samemehna tacan kungsi dilaksanakeun di 
sakuliah Nusantara. Ku kituna urang jeung sekeseler nu lian anu ngawangun 
bangsa Indonesia kudu babarengan ngarumuskeun jeung ngalaksanakeun prinsip 
demokrasi jeung babarengan diajar ngajalankeun prinsip-prinsip pamarentahan 
republik anu rea bedana jeung praktek pamarentahan karajaan atawa kasultanan. 
Urang sarerea masih kudu neangan lilinggeran anu bener, sabab kudu diaku yen 
urang (pangpangna urang Sunda) lila teuing hirup dina alam karajaan anu feodal, 
akibat tina lila teuing dijajah. 

Jiwa warganagara anu demokratis di nagara republik, beda pisan jeung jiwa 
kaulanagara karajaan anu feodal. Urang Sunda anu sanajan tina teks 
naskah-naskah kuna urang terang dina dasarna demokratis, tapi lila teuing 
dijajah ku kasultanan Mataram anu feodalistis disambung ku dijajah Walanda anu 
neruskeun ngipuk kafeodalan nu geus nyampak pikeun kapentingan eksploatasi 
kolonialna. Urang Sunda nu jadi rahayat jalantah geus biasa teuing ulun 
kumawula sagala rupa sadaya-daya, ari kaum elitna kangeungeunahan jadi menak 
anu dimemenan dienak-enak, bari henteu ngarasa yen digunakeun ku 
deungeun-deungeun pikeun meres ngagendes selerna sorangan. 

Lamun hayang jadi seler bangsa anu dihormat ku nu lian, urang Sunda pangheulana 
kudu ngarobah mentalitasna jadi manusa anu yakin yen dina hirup antara manusa 
henteu aya luhur henteu aya handap. Bedana ngan kumaha prestasina dina 
makayakeun kabeungharan budaya jeung peradaban manusa.***(Ajip Rosidi)

Sumber: http://www.cupumanik.com/bray2.php?id=4



=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
                
---------------------------------
Love cheap thrills? Enjoy PC-to-Phone  calls to 30+ countries for just 2¢/min 
with Yahoo! Messenger with Voice.

[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Protect your PC from spy ware with award winning anti spy technology. It's free.
http://us.click.yahoo.com/97bhrC/LGxNAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke