Haturan baraya, khususon Kang Tharyana.

Upami numutkeun pemendak sim kuring, kasebatkeun dina
Uga Siliwangi, aya disebat "Budak Angon".
Saha atuh Budak Angon teh? 

Nya sing saha wae urang sunda anu bisa NGANGONGKEUN
opat Madzab anu aya ayeuna di urang sunda, salah
sahijina nyaeta urang "baduy nu di jero". Ieu
ngalambangkeun manusa sunda anu "back to nature",
hirup harmonis jeung alam, tekad anu buled moal
saeutik-eutik acan karuksak alam dunya jeung sa
eusina.
Leres pisan ieu teh hiji falasifah nu teu aya cidrana,
mung dalah kumaha atuh, geuning alam teh laun-laun
atanapi lami-lami oge tangtos bakal ancur lebur, dina
ayana atanapi teu ayana campur tangan jalma, parantos 
kudrat iradatNa, dunya bakal kiamat ageung, ngan duka
waktosna mah iraha masih lami pisan(sanes emutaneun). 
   
Balad urang sunda anu ngahiang dina jaman anu
kalangkung, ieu ngalambangkeun yen urang sunda mah
percaya kanu hal-hal ghoib, nyaeta sagala hal anu teu
asup logika nalar pipikiran jelma(iptek). Da yakin
atuh lamun jelema ngan ngandelkeun rasio wungkulmah
tangtos sasab atanapi nyasar.

Urang sunda anu kaasup "budak janggotan", moal jauh
tina sangkaan urang, nyaeta urang sunda anu kabongroy
ku atribut ka-arab-araban, ngan ngulik islam kanu
bungkusna wungkul, padahal lamun bisa mesekna, ajaran
ieu pinuh ku tuduh jalan kana katauhidan. Sidik aya
buktosna anu ngabom deungeun-deungeun urang di bali
salah sawios  dedengkotna pan urang sunda.

Kaopat, nyaeta urang sunda anu niru-niru urang barat,
boh tina papakeanana, jeung adat istiadatna. Teu salah
lamun anu ditiron na kamajuan IPTEKna, mungguhing
urang hirup kumbuh di alam karamean ieu, resep teu
resep, suka teu suka teknologi teh parantos seueur
ngabantosan pikeun kamudahan jeung ngaronjatkeun
kamaslahatan jalma-jalma; sanaos teknologi nyandak
dampak oge pikeun ngarusak lingkungan.

Tah kitu, urang sunda mah kudu jaradi "Budak Angon",
bisa ngangon 4 madzab, kaler, kidul, kulon,wetan,
nyandak anu saena, kirangan anu matak ngagorengkeun,
atanapi ngaruksakeunana.

Hayu atuh urang jaradi budak angon !

Salam baktos
mz

--- SASTRANEGARA THARYANA <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

> Conto jati diri urang sunda mah tiron wae urang
> "baduy nu di jero" lain nu ditengah, lain nu di
luar. > Nupang tengahna nu jumlahna 40  jalma nu tos
di 
> harewosan  ku Prabu Siliwangi. Urang kudu teger 
> ngigelkeun  kasundaan
> titinggal karuhun urang sunda. Eta nu di tengah teh
> leubeut ku elmu pangaweruh luluhur urang sunda, tos
> buktos nepi ka ayeuna da moal bieruk deui.
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
See what's inside the new Yahoo! Groups email.
http://us.click.yahoo.com/2pRQfA/bOaOAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke