Haturan Kang Maman jeung Kang man AR Budak angon tos buktos nepi ka ayeuna aya puserna nu ngaranggo acuk bodas hiji symbol ngarukunkeun anu opat jurus ari pancerna anu lima tea, hartina contokeun jati diri urang sunda anu murni anu embung kapangaruhan ku urang jambrong ti arab-arab tea sareng urang bule bule tea. Da nu bararodas teh tos metakeun katatanagaraan urang sunda nu diseungitan ku PS.
Kasiliwangian hartina "rukun" lain jalma jeung jalma nu tingkat sosialna beunghar rukun henteu jeung nu miskin balangsak?; Rukun heunteu atasan jeung bawahanana;Moal disebut rukun lamun hiji nagara loba pangangguran, ngarukunkeunana nu ngangur boga pagawean nu hade di widangna keur ngeusian dapurna. Tah ieu tugas pimpinan urang sunda, teu kudu ngaraja jiga urang majapahit, tapi pimpinan nu ngarakyat metakeun kaayaan manusa sunda nu can rata tingkat ekonomina. Rukun jalma sa sunda tong pa siku da sa sunda, da urangmah budak angon nu gedongan moal daek gaul jeung budak balangsakmah ( ieu lain urang sunda ) etamah urang wetan so ngabilah-bilah ngotak-ngotakeun ameh paburincay,ameh teu rukun tea. Tong lalawora loba budak angon nu jiga balangsak teu luhur pasantrenna ari ulikan elmu ghoibna leuwih luhur ti urang gedongan nu nyakola, pedah manehna ngaguruna sorangan wae ngahiji jeung alam tea. Pas pimpinan hayang goib manehna keur nuluykeun kahartaan / kagagahan eta budak angon nu balangsak dimamfaatkeun elmu goibna, dititah kitu dititah kieu sok wae abdimah nuturkeun pangawasa. Ieu teh tos buktos baraya....... Sok atuh urang rukunkeun jiga "baduy nu di tengah pang jerona tetela " back to nature teh tos aya buktosna". Kuring pedah urang sunda jaga eta picontoeun asli urang sunda urang baduy tea ulah seuna usik-malik komo seuna ingkahmah ku pangawasa urang wetan nu jambrongan oge nu lulusan cara bule-bule nu sok ngawasa di mana wae. Urang jambrongan jeung bule mah resepna kahartaan NU AYA DI JERO TANEUH mangrupa intan, berlian, emas, uranium, minyak, tatangkalan keur imah. Biasanamah sok di intip ku IPTEK nu mutahir ku eta jalma nu ngartos aya nilai kahartaan. Ulah nu geus rukun jiga baduy jero di paburincaykeun ku urang wetan, sakitu wae wangkongan kuring nu nuju ngumbara... nuhun yan nyc --- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Lamun nuturkeun uga wangsit Siliwangi, ciri-ciri > budak angon teh diantarana: > - teu ngarasa genah tumaninah lamun rahayat jeung > somah masih keneh > hirup sacara rudin (balangsak)-->ieu talatah anu > mimiti. Kunci > kasuksesan pamimpin jeung kapamimpinana: merhatikeun > rahayat > leutik-->ieu luyu pisan jeung dimensi pang pentingna > dina agama (Islam > khususna): dimensi sosial; > - weruh di semu anu saestu, wangi anu sajati: ceuk > cenah, diantara > maksudna: apal kana jatidirina, apal kana dirina: > nyekel agama > (papagon hirupna); oge apal kana kakuatan, > kakurangan, hahalang jeung > lolongkrang sarta cara-cara ngaronjatkeun anu hade > jeung ngungkulan > kakuranganana. > - tara ngalieukan ka tukang wae, salah sahiji > maksudna, ceuk cenah: > hirup kudu boga visi atawa visioner; > - ngangon kalakay jeung tutunggul: kalakay, > sederhanana: jalma leutik > atawa jelema-jelama anu geus leungiteun gantungan > hirupna. Tutunggul: > asal-usulna, sajarahna, budayana; > - ngangon 4 penjuru angin: tiasa oge mangrupi salah > sahiji tafsiranana. > > Cag heula. > baktos, > manAR > > On 6/22/06, Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Haturan baraya, khususon Kang Tharyana. > > > > Upami numutkeun pemendak sim kuring, kasebatkeun > dina > > Uga Siliwangi, aya disebat "Budak Angon". > > Saha atuh Budak Angon teh? > > > > Nya sing saha wae urang sunda anu bisa > NGANGONGKEUN > > opat Madzab anu aya ayeuna di urang sunda, salah > > sahijina nyaeta urang "baduy nu di jero". Ieu > > ngalambangkeun manusa sunda anu "back to nature", > > hirup harmonis jeung alam, tekad anu buled moal > > saeutik-eutik acan karuksak alam dunya jeung sa > > eusina. > > Leres pisan ieu teh hiji falasifah nu teu aya > cidrana, > > mung dalah kumaha atuh, geuning alam teh laun-laun > > atanapi lami-lami oge tangtos bakal ancur lebur, > dina > > ayana atanapi teu ayana campur tangan jalma, > parantos > > kudrat iradatNa, dunya bakal kiamat ageung, ngan > duka > > waktosna mah iraha masih lami pisan(sanes > emutaneun). > > > > Balad urang sunda anu ngahiang dina jaman anu > > kalangkung, ieu ngalambangkeun yen urang sunda mah > > percaya kanu hal-hal ghoib, nyaeta sagala hal anu > teu > > asup logika nalar pipikiran jelma(iptek). Da yakin > > atuh lamun jelema ngan ngandelkeun rasio > wungkulmah > > tangtos sasab atanapi nyasar. > > > > Urang sunda anu kaasup "budak janggotan", moal > jauh > > tina sangkaan urang, nyaeta urang sunda anu > kabongroy > > ku atribut ka-arab-araban, ngan ngulik islam kanu > > bungkusna wungkul, padahal lamun bisa mesekna, > ajaran > > ieu pinuh ku tuduh jalan kana katauhidan. Sidik > aya > > buktosna anu ngabom deungeun-deungeun urang di > bali > > salah sawios dedengkotna pan urang sunda. > > > > Kaopat, nyaeta urang sunda anu niru-niru urang > barat, > > boh tina papakeanana, jeung adat istiadatna. Teu > salah > > lamun anu ditiron na kamajuan IPTEKna, mungguhing > > urang hirup kumbuh di alam karamean ieu, resep teu > > resep, suka teu suka teknologi teh parantos seueur > > ngabantosan pikeun kamudahan jeung ngaronjatkeun > > kamaslahatan jalma-jalma; sanaos teknologi nyandak > > dampak oge pikeun ngarusak lingkungan. > > > > Tah kitu, urang sunda mah kudu jaradi "Budak > Angon", > > bisa ngangon 4 madzab, kaler, kidul, kulon,wetan, > > nyandak anu saena, kirangan anu matak > ngagorengkeun, > > atanapi ngaruksakeunana. > > > > Hayu atuh urang jaradi budak angon ! > > > > Salam baktos > > mz > > > > --- SASTRANEGARA THARYANA <[EMAIL PROTECTED]> > > wrote: > > > > > Conto jati diri urang sunda mah tiron wae urang > > > "baduy nu di jero" lain nu ditengah, lain nu di > > luar. > Nupang tengahna nu jumlahna 40 jalma nu > tos > > di > > > harewosan ku Prabu Siliwangi. Urang kudu teger > > > ngigelkeun kasundaan > > > titinggal karuhun urang sunda. Eta nu di tengah > teh > > > leubeut ku elmu pangaweruh luluhur urang sunda, > tos > > > buktos nepi ka ayeuna da moal bieruk deui. > > > > > > > > > __________________________________________________ > > Do You Yahoo!? > > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam > protection around > > http://mail.yahoo.com > > > > > > > > PENTING..! > > > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada > seluruh member. > > > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini > akan dikenai sanksi berupa > > pencabutan membership. > > > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, > dihimbau untuk selalu > > mengupdate antivirusnya. > > > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > > > > > > > > > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Great things are happening at Yahoo! Groups. See the new email design. http://us.click.yahoo.com/TISQkA/hOaOAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
