Maca PR poe kamari, kuring rada ngahuleng, aya narasumber dina
artikel PR eta, nu nyebatkeun yen dina kanyataannya AWEWE LEUWIH
LOBA TI LALAKI. Nu jadi narasumber, hiji tokoh di Bandung, nu boga
gelar Ir jeung Msc, jeung pangurus (duka malah ketuana) hiji Yayasan
Pendidikan Islam di Bandung.
Hayang ngawaler ku huruf gede kabeh, lamun eta tulisan dina millis,
hanjakal tulisan dina koran. Ari satuju kana nyandung mah, satuju
we, teu kudu nyanyandak statistik sagala. Sabab ari statistik mah
nunjukkeun yen perbandingan awewe jeung lalaki teh ampir 1:1 (kuring
sabaraha kali posting di Kusnet soal ieu). Ieu hiji bukti yen di
Indonesia, sanajan jalmana geus rimbil gelar elmu pangaweruh, tapi
lamun keur "ngaheueuhkeun" maksud manehna mah, datana dimanipulasi!.
Padahal data teh peryogi pisan, contona lamun lobana awewe jeung
lalaki "dimanipulasi" ngarah nyandung diheueuhkeun. Pan cilaka keur
nu produksi/dagang kutang/calana jero/ pembalut wanita, pasti rugi,
da disangkana awewe teh loba pisan. Kitu deui pihak Departemen
Kasehatan, danana bisa beurat sabeulah, loba nyadiakeun keur
kaperluan medis awewe.
Nu Maha Kawasa/ Gusti Allah parantos nunjukkeun maksud Anjeunna,
supaya hirup teh sapasang-sapasang, buktina data statistik
nunjukkeun yen lalaki jeung awewe teh diciptakeun ampir 1:1. Aneh,
lamun urang teu bisa "maca" isyarat ti Nu Maha Kawasa ieu!
Baktos,
WALUYA
(Tetep anti nyandung)
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/