Ubar-Ubaran Harita

Panineungan Supriatna

DI lembur kuring harita, taun 50-an, jelema sakota katangkes ku dokter
dua. Dokter Sanusi Galib jeung Dokter Junaédi. Doktor nyarebutna gé,
lain dokter.

Duanana gé isuk-isuk mah darines di rumah sakit, da papada padamel
negri. Soréna prakték di bumi masing-masing, dokter Junaédi peuntaseun
Gudang Gumbira, péngkolan jalan Kebonkol, dokter Sanusi kaléreunana,
pagigir-gigir jeung pakgadé.

Nu kabandungan mah sanajan usum pagebug gé tara tangka ngaliud pasén
di bumi duanana téh, di térasna tara kungsi nénjo ceplék ngadérés
sendal ngajajar.

Tangtu lain pédah jelema harita tara garering, ngan karéréaanana
sakalieun gering téh cukup ku ditambaan ku ubar-ubaran kampung:
dangdaunan, aakaran, geugeutahan, sisikian, beubeutian, kekembangan,
ciasak-hérang meunang nyampé, jsb.

Rupa-rupa prak-prakan ngubaranana téh. Aya nu diseduh, diinum, aya nu
dibalurkeun, aya nu dipokokeun.

Nu anéh aya, babakuna ka budak, sina napel dina awakna:
dikongkorongkeun, digeulangkeun, digénggékeun, dipupuksuhunkeun,
dicorétkeun kana tarangna.

Mana teu anéh, baréto mah réa budak bucitreuk dikongkorongan.
Gagantélna ku siki matahiang, ranténa ku bola kantéh. Ngajendil wé
siki matahiang téh luhureun beuteung bucitreuk. Panyinglar cacingeun
pajar téh. Soal manjur-manjurna, teuing. Da buktina mah
matahiang-matahiang, beuteung mah angger wé bucitreuk, pahérang-hérang
jeung matahiang.

Mun orok nyekleuk waé sisidueun, tarangna sok ditapelan soék samak,
sagedé kuku cinggir mah. Minangka pangrapetna ngarah napel, dilétak
wé.

Mun raheut rada jero, boh kacugak, tipagut, titajong, kakeureut,
kapancong, atawa ku naon wé, gampang. Babadotan dirieus (mun rusuh mah
diseupah wé, siga nyeupah), plok wéh dipokokeun. Geuning sok jadi
guguyon baréto mah, mun nu keur cacarita aya nu nyebut "pokona mah…"
anu, anu, anu, sok diéngklokan, "pokona mah babadotan…!" Cirining
populér pisan tah daun pahang téh!

Nu muriang mah sok dikekeb: baskom atawa émbér eusi cipanas didekeman
bari dikungkurung sarung sangkan saabna teu kalabur. Tong dibaju,
dicalana pokék wé. Malah alus mun daék mah bulucun, moal éra da buni
ku sarung. Si saab téh sina ngulikbek nyaput sakujur awak nu harééng
(siga mandi sauna jaman ayeuna kira-kirana mah). Cicing wé meunang
saparapat jam mah, wayahna kesel gé pan hayang cageur. Bisi
singsireumeun, atuh diuk dina jojodog pendék, tong campego waé. Mun
geus lantis, bakékok wéh bijil. Mani sok ngoprot awak téh ku saab
campeur késang, atuh sarungna cipruk. Dianduk wéh geus kitu mah, sing
tuus. Mun enya mah geringna ukur muriang atawa salésma, rata-rata sok
mending ku dikitu téh. Atuh mun teu mending, éta téh cicirén kasakitna
lain ukur muriang, gancang ngala dukun!

Aya deui nu disebut 'dileuhang'. Siga tadi wé dikekeb, ngan nu
didekemanana lain cipanas wungkul, tapi cipanas pangléoban papahangan
jeung kekesedan kayaning daun jeruk, kadu, nangka sirsak, dayang,
alpuket, jsb. Sajaba ti nyageurkeun muriang téh, alus deuih pikeun nu
katerap ararateul dileuhang mah.

Rupaning panyinglar mah (rampé, sisikian, dangdaunan, jsb) aya nu
diwur-awur sakuriling imah, atawa diruang di pipir, atawa
digantungkeun di lawang ka imah, atawa dikawedkeun dina rambu, kumaha
wé galibna. Mun hususon awak budak nu rék diaping-dijaringna, nya
ditapelkeun téa dina awakna—dikongkorongkeun, digeulangkeun,
digénggékeun, dibeubeurkeun, jeung sajabana.

Nu pikageuleuheun aya peta-laku ngubaran téh: dibura! Mangkaning nu
ngaburana téh dukun nu saumurna teu wawuh jeung sikat gigi, komo odol.
Mangkaning nu dibura téh… beungeut!  Sampurna!

Jadi boga lalakon dukun téh harita mah. Doktér gé éléh pangaruh.

Réa nu sarieuneun malah ku dokter mah. Da ongkoh sok dihajakeun
dijieun panyingsieunan budak ceurik, ngarah répéh. "Dibawa ka doktor
pék, ceurik waé mah, sina ditojos!"

Ditojos cenah nyebutna gé, da meureun ari nyebut disuntik mah sieun
budak kurang gilaeun.

Jaba bajuna sok barodas waé, dokter mah, matak ras kana boéh. Da ku
sorangan gé kaalaman, sakalieun ka rumah sakit, ngambeu ubar jeung
nénjo lalar-liwat nu dibaraju bodas téh, batan inget kana kaséhatan
mah kalah ras kana pasaran. Malah nepi ka detik ieu gé kuring mah
ngukut kasakit nu teu leungit-leungit: aringgis disuntik!

Minangka unggulna dokter téh, sok disebut juragan. Juragan doktor
Junaédi, atawa Juragan Doktor Sanusi, nini gé paribasa. Ka dukun mah
teu kawénéhan ngadéngé aya nu nyebut juragan, paling gé: abah, mang,
ki, jeung sabangsana. Atuh mun dukunna awéwé: Ma, Bi, Ni, Ceuk, Mok
(tina 'embok', lain ti nu lain-lain), jeung sajabana.

Méh di saban lembur aya dukun téh.

Tapi nu kasebut dukun lepus mah ukur hiji-hijieun. Bari teuing deuih
kumaha ujianana hiji dukun bisa dianggap lepus téh. Da sapanjang nu
kabandungan mah nu tatamba ka dukun nu cenah lepus gé, teu kabéh
cageur. Malah teu kurang-kurang nu kalah parna. Nu bengék dimandian ku
cikembang tengah peuting ngeweng-ngeweng, batan mending kalah tambah
sahéng sora rebab tina tikorona téh. Nu nyeri panon dipeureuh ku
sambarangan cai—pédah meunang nyampé—batan cageur kalah paor ka dituna
téh.

Tapi tara jadi perkara. Komo nepi ka kelak mah ka nu wajib—ngadakwa
dukun ngalakukeun mala-prakték. Atuda teu nyahoeun-nyahoeun acan
rata-rata jelema harita mah yén nu salah ngubaran, nepi ka nu gering
beuki kumaonam, bisa didakwa.

Éuweuh rugi dukun mah. Mun nu tatamba cageur, komo cageur ku sakali
mah, pasti tambah sohor, pasén juljol rejeki ngocor. Mun nu tatamba
teu cageur-cageur, kajeun pulang-anting gé, tara dukun nu disalahkeun.
"Lain aji nu teu matih, lain jampé nu teu manték, panyakit bagéan wé
éta mah," kalah kitu omong jelema téh.

Tapi teu kalis pisan kétah, kiritikan ka dukun téh, pan geuning aya
kekecapan 'dukun lintuh, panyakit matuh'. Panyindir jelema ngarti
tangtuna gé, ngageuing balaréa sangkan teu katotoloyoh teuing.

Sajaba ti dukun, méh di saban lembur sok aya jelema nu kasebut bisa
nambaan tapi teu kurup disebut dukun. Pangabisana ukur kana kasakit nu
énténg-énténg, kayaning muncrut, seueul angen, bélék, borok, bisul,
aday, congé, tijenghak, incok, kasibat, cacingeun, jsb.

Cara di lelewek kuring pisan, nu bisa nambaan éénténgan kitu téh Mang
Basah,  jeung Uyut O'o.

Uyut O'o mah lain nu lian, uyut teges kuring, emana nini. Rawas-rawas
baé mah kuring gé inget, sok moncongok lalajo Uyut O'o ngubaran budak
nu seueul angen atawa mules beuteung. Teuing da dibalur ku dangdaunan
beunang ngarieus.

Diinget-inget mah hayang seuri, da dipasing-pasing dukun gé: aya dukun
umum, aya dukun spésial. Atuh dukun spésial dipasing-pasing deui
deuih, aya spesialis muncrut, spésialis bélék, spésialis seueul angen,
spésialis nyeri huntu, spésialis bebenjit, jsb.

Cara si ema urang Ketib tah… teuing Ma naon ngaranna maké poho deui,
spésialis nyeri huntu ieu mah. Sohor pisan satungkebing lembur kuring
mah. Kolot-budak nu nyeri huntu geus teu beunang diwawa, sok dibawa ka
dinya.

Ngubaranana téh modél, ku cucunguk! Cucunguk hideung leutik teu
jangjangan geuning, nu sok patingsurungkuy dina taneuh ngeprul, di
kolong gé réa.

Sakanyaho mah sok ngadadak ngala, tara bangga atuda harita mah ngala
cucunguk téh. Disuay-suay meueusan gé taneuhna, sok riab. Kek, kek
ditéwakan. Terus dirieus dina coét parantina, teuing sabaraha likur
siki, asal sacomoteun wéh. Geus lembut pék dikeupeul.
Koronyoh-koronyoh dijampéan, terus dibalurkeun diulas-alés saampar
pipi beulah nu nyeri huntuna. Ingkeun wéh sajongjongan. Cenah sok
renung ulam kalaluar tina kulit pipi, patingaruyek—teuing da sabangsa
bilatung lembut kacida (cenah) ulam téh. Tah si ulam éta ulon-ulon
nyanyautan téh.

Lain béja lebah prak-prakan praktékna mah, da kuring gé ngalaman
dikitu-kitu, dibawa ku indung, kaluman meureun ngawiwiw baé.

Cageur kitu harita téh? Teuing poho deui cageur-henteuna mah. Nu inget
mah ruy-réy gila jeung geuleuhna wé dipupur ku bubuk cucunguk. Geus
rada hideng mah sok mugen haben diolo tatamba kikituan téh, kajeun
ngababaheum odol wé, lada-lada gé.***

Bumi Kinanti,  Juni 2007
url: http://cupumanik.com/manik/seratan/ubar-ubaran-harita/


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke