sim kuring ge sami ari kanu dongen mah meni nyandu,,, teu sirik na meuni 
ngadepong di payunen radio transistor .... 
kaleresan upami taun 80an mah tukang dongen nu kawentar di weweangkon garut mah 
ngan mang jaya sareng mang satar ( radio antares sareng radio rex )
da upami katinggaleun sadinten asa hanjeulu pisan he he he he
simkuring mah paling resep ka dongen mang jaya anu judul na " ka sarung ka 
sayang maung " nyarioskeun lalakon mang itok sareng bah sura he he he he he
sareng hiji deui dongend Si andi jago tutugan .
----- Original Message ----
From: Uteng Supriatna <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, November 1, 2007 10:33:07 AM
Subject: Re: [kisunda] Dongengek?










  


    
            sumuhun pribados oge janteun emut mangsa katukang taun 80-an, keur 
masih alit keneh kapungkur teh, ngupingkeun dongeng na ti radio radio. resep 
pisan ngadangukeun nana teh..alam pkiran urang  di bawa narawang asup milu kana 
tokoh tokohna.

  nu paling kasohor waktos kapungkur nu ngadongengna teh wa kepoh...., teras 
masih emut kana dongengna si komeng ti mang engkos  dina soanten si komeng nu 
ngirung..he. .he...rame pisan 

   

  wassalam

   

  u teng 



dudi_ss <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

  waduh jadi inget deui ka jaman baheula basa ngadengekeun dongeng "Aki Osa"

ti radio Cilember taun 76-an "Sirooood... .., siroooood... , sirooood.... . " 3

kali, tapi eta pamancat teh teuing kamana terusna, disambung deui ku Mang

Jaya tea ti pamancar sejen tahun 77an nepi taun 80-an. Ti taun 84 mah siuing

na tara ngadengekeun deui dongeng.



Wassalam,



----- Original Message -----

From: "mh" 

To: ; 

Sent: Thursday, November 01, 2007 8:49 AM

Subject: [kisunda] Dongengek?



Euh… Waktosna

Riwayatna Pustaka jeung Dongéng Sunda Populér



IEU mah kaayaan dina katompérnakeun taun 1960-an tepi ka kira awal

taun 1980-an. Harita kungsi aya rupaning buku carita basa Sunda nu

dipikaresep ku balaréa. Ku para ahli sastra mah moal boa disarebutna

"buku bacaan populér" téa.



Harita Ordeu Soeharto keur meumeujeuhna buta tulang buta daging.

Pulitik jeung kiritik disingkahan, ékonomi jeung pangwangunan

diutamakeun. Balaréa resep dihibur ku rupaning dongéng, ti mimiti

dongéng jawara tepi ka dongéng jurig.



Ratusan Judul



Réa rupana buku basa Sunda nu sok disebut bacaan populér téh. Nu aya

di Perpustakaan Nasional Malaysia, upamana, leuwih ti 200 judul. Komo

nu dikoléksi ku Rachmat Taufiq Hidayat di Bandung, aya 300 judul.



"Ku taksiran, buku basa Sunda populér nu kantos medal téh aya 400-an

judul mah," cék Rachmat, koléktor buku nu sapopoéna muka usaha

pamedalan buku.



Karedewil deuih. Sajudulna téh umumna puluhan jilid. Si Buntung Jago

Tutugan (Tjaringin, 1969) yasana S. Sukandar, upamana, aya 40 jilid.

Komo karangan S. Sukandar nu judulna Waliwis Bodas (Tjaringin, 1969)

mah, moal boa pangkandelna: 45 jilid. Enya gé sajilidnya nyalempring,

tapi ari puluh-puluh jilid kitu mah teu wudu kandel.



Perbawa lalakon, tayohna. Nu dongéngna ramé mah, geus réngsé gé sok

aya tuluyna. Upamana baé, lalakon Néng Élah (Saputra, 1968) beunang K.

Sukarna, 7 jilid, diteruskeun ku lalakon Nur Élah ti pangarang éta

kénéh, 15 jilid. Si Buntung Jago Tutugan gé kitu.



Nu medalkeunana lain ukur hiji dua. Di Bandung waé aya kana 20-an

kayaning Tjaringin, Saputra, Romanato, Anéka, jsté. Aya nu

sosoranganan, parigel sagala dicabak, nya ngarang nya nyitak. S.

Sukandar, contona, boga mesin citak sorangan, tur medalkeun buku

unggal minggu. Aya deuih nu winangun lembaga cara taman bacaan atawa

toko buku.



Pangarangna atuh réa. Nu produktif ti antarana S. Sukandar, K.

Sukarna, Éty S., jeung Wahyu Adam. Sok maraké sandiasma, malah aya nu

leuwih ti hiji. Wahyu Adam apan Ki Masram téa. M.O. Suratman

sandiasmana Koko, Entang S., jeung Adang D. Tayohna, keur meumeujeuhna

ramé nu mésen karangan, tur kabéh kudu dicumponan.



Ti kalangan sastrawan moyan gé aya nu kungsi ngarang carita populér.

M.A. Salmun kapan ngarang Jaka Bandung. Dipidangkeunana kalawan

nyambung dina koran Giwangkara. Kitu deui Olla S. Sumarnaputra. Ahmad

Rustandi deuih, nu kiwari giat di Komisi Konstitusi, kungsi ngarang

"Séri Anjar" kayaning lalakon Anjar Tepung jeung Rampog Geulis jsté.



Tepi ka taun 1980-an mah gampang kénéh néanganana, réa beulieun,

upamana di Toko Buku Puri, di Jl Déwi Sartika, atawa di kios-kios buku

di Jl. Cikapundung, Bandung. Sajilidna Rp. 70,-



Teu meuli gé aya kénéh taman bacaan harita mah, nu sok nyéwa-nyéwakeun

buku carita modél kitu. Malah harita mah aya deuih nu sok

nyéwa-nyéwakeun buku kana sapédah, nguriling. Sajilid, Rp. 5,-



Nu matak kayungyun, ti antara nu ngarang, nu medalkeun, nu masarkeun,

katut nu maca téh katémbongna aya tali silaturahmi nu mandiri. Teu

jarang kapanggih dina jilid buku téh aya usulan ti nu maca, upamana,

lir "surat pembaca" dina koran.



Tepi ka katompérnakeun taun 1970-an mah pamedalan buku bacaan populér

téh kasebut ramé. Béh dieu, katémbong nyirorot, babakuna tumali jeung

ayana kawijakan pamaréntah nu ngeureunan subsidi keretas. Lain waé

kualitas citakan jadi nyirorot, tapi produktivitas pamedalanana gé

beuki dieu beuki suda.



Dongéng Radio



Rada béda ti buku-buku carita basa Sunda lianna, buku-buku nu kasebut

bacaan populér mah teu ukur gumantung ka nu nyitak, teu ngan bisa

ngandelkeun keretas. Kapan aya radio. Teu saeutik nu dibacakeun dina

radio, kabandungan ku balaréa, ti puseur dayeuh parat tepi ka désa.

Éstu jembar ambahanana.



Matak waas ku gogorokgokanana. Jaman radio cawang téa, anténeuna

ngacir, ari setrumna tina batu batré nu disusun manjang. Harita mah

setasion télévisi can réa cara ayeuna. Radio téh éstu média massa nu

populér pisan. Nu boga karék hiji dua, barudak tatangga reuteum milu

ngadédéngékeun lalakon tina radio.



Di Bandung mah radio nu sok midangkeun dongéng téh antarana Litasari,

Fortune, Sangkuriang, Paksi, Garuda, Lidya, Ganésha, Volvo, jeung

Émsa. Di Sumedang aya Duta, Jussan, jeung Sturada Sumedang. Ari di

Garut aya Antarés, Sturada Garut, jeung Réx. Tacan di wewengkon

lianna.



Di Dahlia mah disebutna "Dongéng Énténg Pasosoré". Lalakon Nur Élah

beunang K. Sukarna, nu populér kabina-bina, kungsi dibacakeun dina

Radio Garuda taun 1974-1975. Taun 1980-an ieu lalakon dijomantarakeun

deui ku jurudongéng séjén dina Radio Sangkuriang. Kitu deui Radio

Litasari di Cilémbér, dina taun 1976-1977, ti jam 4 tepi ka jam 5

soré, midangkeun lalakon Sirod Jelema Goib beunang K. Sukarna.



Tukang macakeunana aya Mang Engkos Koswara (Duta), Mang Jaya, Mang

Bahar (Yusan), Mang Arman Wijaya, Mang Barna, Wa Képoh, Rachmat

Dipradja, jlld. Ilaharna macakeun dongéng téh kalawan life, saharita.

Kabéhdieunakeun sora narator direkam kana kasét, terus disetél di

sawatara radio.



Upama dibanding-banding, popularitas dongéng radio harita lir

popularitas sinétron dina télévisi ayeuna. Harita mah geus prah mun nu

daragang di pasar, sok ngadaréngékeun dongéng radio isuk-isuk. Atuh di

lembur-lembur, ti wanci asar tepi ka sareupna, atawa peuting, balaréa

resep ngabandungan dongéng radio.



Keur nu ngarokolakeun widang industri, puguh wé popularitas dongéng

radio téh jadi cukang jang dagang. Ti mimiti batu batré jeung kécap

tepi ka ubar rieut, sok diiklankeun dina acara dongéng radio.



Ti antara rupaning produk industri nu adverténsina sok nyelap kana

dongéng radio téh aya batu batré ABC, Eveready, "kécap asli" Sari,

ubar Mixadin, Puyer Bintang Tujuh, Pil Kita, Contrexin, Contrex, jeung

Oscadon.



Sakapeung iklan téh sok matak nyenghél. "Pesan sponsor" aya kalana

nyelap dina omong-omongan nu baroga lalakon. Najan nu didongéngkeunana

jaman bihari, tapi nu macakeun dongéng mah énténg wé nyelapkeun iklan

kana dialog. Paribasa, "ku Contrexin geura rarieut mah."



Teuing saha nu numpang ka saha. Naha iklan numpang kana dongéng, atawa

dongéng nu numpang kana iklan. Silih mangpaatkeun wé meureun.



Sapatu jeung Filem



Nu pohara sohorna téh antarana lalakon Néng Élah jeung anakna, Nur

Élah. Néng Élah téh budak pahatu. Bapana ngumbara ka Singapur. Budak

téh dipihapékeun ka kulawarga Walanda, méméh Jepang ngajorag

Indonésia. Ari éta kulawarga Walanda boga anak dua: lalaki jeung

awéwé.



Nu lalaki aya pikir kadua leutik ka Néng Élah. Ari Néng Élah bogoh ka

Dén Rahmat. Néng Élah mimiti tepung jeung Dén Rahmat di pamoroan.

Orokaya anak Walanda nu awéwé bogoheun ka Dén Rahmat deuih.



Dina hiji poé, éta awéwé turunan Walanda téh ngajak Nur Élah ulin ka

nu suni. Néng Élah disuntrungkeun ka walungan tepi ka kabawa palid.

Néng Élah kapanggih ku hiji ajengan, terus diurus lir ka anak

sorangan.



Teu wudu Néng Élah laksana kapiduriat ka Dén Rahmat. Nya boga anak,

ngaran Nur Élah. Dina hiji poé Nur Élah aya nu ngiwat—panjang lalakon

deui waé, tangtuna gé.



Ku sohor-sohorna lalakon Nur Élah, kungsi aya saémbara ahéng. Nu

ngayakeunana pabrik sapatu di Bandung. Harita, taun 1970-an, sudagar

nu boga pabrik ngajak balaréa pikeun pakuat-kuat ngangkat "sapatu Nur

Élah".



Balaréa tumplek, harayang meunang hadiah, sumawonna nu harayang lalajo

mah. Pabuis, pasesedek, hésé hitut-hitut acan. Batan gumbira, kaayaan

kalah kacow. Témbok rugrug, da puguh kasedekkeun ku jalma nu sakitu

réana. Antukna, jul-jol pulisi. Sapatu téa puguh wé disita.



Lalakon Si Rawing deuih nu ramé téh. Mimiti Tatang K.S. ngarang Si

Rawing Jago ti Pakidulan, 20 jilid. Béh dieu Yat R. Ngarang Si Rawing

deuih, dibacakeun ku Wa Képoh dina radio.



Si Rawing téh lalakon jawara, nu keur leutikna pahatu lalis, terus

ngalalana bari guguru ka nu sarakti. Puguh wé nyanghareupan musuh,

antarana Komara Déwa Asmara.



Tepi ka difilemkeun sagala lalakon Si Rawing mah, dina awal taun

1990-an. Nu boga lalakonna gé Barry Prima, aktor filem laga nu

kakoncara. Teuing geus sabaraha kali dipintonkeun dina "layar tancep",

utamana di pilemburan.



Gambaran Kaayaan



Upama nilik kana eusining caritana, buku-buku bacaan populér jeung

dongéng radio téh aya sababaraha golongan.



Aya nu ngadongéngkeun lalampahan jawara, boh lalaki boh awéwé, lir

wanda carita superman katut superwoman dina komik. Lalakon Nur Élah,

nu kasangna kota jaman kiwari, atawa Si Rawing, nu kasangna lembur

jaman bihari, contona mah. Ilaharna, rupaning kasaktén napel pageuh

kana carita nu kieu wandana.



Aya deuih nu ngadongéngkeun jurig-perjurigan. Contona, dongéng Jurig

Hulu nu dipidangkeun ku Radio Volvo dina taun 1980-an. Ieu horor

nyaritakeun awéwé nu ditelasan ku kabogohna, alatan kakandungan.

Korban dimutilasi, sirah jeung awakna papisah. Sirahna terus

marakayangan, matak tagiwur sakur urang lembur. Sora angin ngagelebug

nu paselang jeung sora ajag babaung, geus prah milu ngawangun suasana

carita nu kieu wandana.



Nu miang tina legénda, medar sasakala patempatan, aya deuih. Malah aya

ogé nu dongéngna bisa disebut "dongéng sajarah", wanda fiksi meunang

nimba tina pangalaman historis.



Tacan golongan carita nu ngadongéngkeun bubuk leutikna kahirupan rumah

tangga. Ilaharna, caritana museur dina hubungan ti antara salaki jeung

pamajikan, ti antara lalaki jeung wanoja. Kitulah cara golongan

télénovélla dina télévisi jaman ayeuna.



Dihenteu-henteu gé, rupaning carita populér téh milu ngagambarkeun

kaayaan masarakat di sabudereunana. Basana, upamana, basa lancaran

baé, nu prah diparaké dina kahirupan sapopoé.



"Tina judulna waé tos kasawang pakaitna sareng kaayaan masarakat. Cara

lalakon Kapincut ku Bandar Buntut, apan medalna téh jaman nalo," cék

Mamat B. Sasmita, nu ngokolakeun Rumah Baca Buku Sunda, di Bandung.

Nalo téh lir togél kiwari.



Sandékala



Kiwari mah geus rada langka pangarang nu leukeun nyieun carita populér

téh. Nu haat kénéh neruskeun ieu tradisi téh paling gé Aan Merdéka,

pangarang jeung wartawan ti Bandung.



Cara S. Sukandar baréto, Aan gé tawekal sorangan: ngarang carita

(antarana Silalatu Gunung Salak jeung Pasukan Siluman Haji Perwatasari

nu mangjilid-jilid) , medalkeun buku sorangan bari masarkeunana

sakalian.



Keur nu kungsi ngalaman jaman jaya-jayana dongéng radio,

karangan-karangan beunang Aan moal boa bisa mulangkeun panineungan.



Tepi ka kiwari asa kadéngé baé suasanana téh. Dipirig ku kacapi

suling, minangka sound track-na, dongéng radio téh sok dipungkas ku

kekecapan narator: "Euh… waktosna".



Dina kekecapan siga kitu, sasat nyamuni kahanjakal. Lalakon can

anggeus, bet kudu dipungkas. Éstu matak panasaran.



Tapi harita mah, enya jaman ramé-raména dongéng radio, aya kénéh

dagoaneun, da isukna geus tangtu dituluykeun.



Teu cara ayeuna, jaman télévisi keur jaya-jayana, pamedalan buku

bacaan populér—pon kitu deui dongéng radio—sasat geus tepi kana mangsa

sandékala.



Kakurung ku waktu, tayohna. Nyéta, waktosna téa.***(Hawé Setiawan)



url: http://cupumanik. com/manik/ seratan/euh% e2%80%a6- waktosna/



PENTING..!



attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.



dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa

pencabutan membership.



terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu

mengupdate antivirusnya.



Yahoo! Groups Links



PENTING..!



attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.



dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.



terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.



Yahoo! Groups Links



____________ _________ _________ _________ _________ __

Do You Yahoo!?

Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 

http://mail. yahoo.com 



[Non-text portions of this message have been removed]





    
  

    
    




<!--

#ygrp-mkp{
border:1px solid #d8d8d8;font-family:Arial;margin:14px 0px;padding:0px 14px;}
#ygrp-mkp hr{
border:1px solid #d8d8d8;}
#ygrp-mkp #hd{
color:#628c2a;font-size:85%;font-weight:bold;line-height:122%;margin:10px 0px;}
#ygrp-mkp #ads{
margin-bottom:10px;}
#ygrp-mkp .ad{
padding:0 0;}
#ygrp-mkp .ad a{
color:#0000ff;text-decoration:none;}
-->



<!--

#ygrp-sponsor #ygrp-lc{
font-family:Arial;}
#ygrp-sponsor #ygrp-lc #hd{
margin:10px 0px;font-weight:bold;font-size:78%;line-height:122%;}
#ygrp-sponsor #ygrp-lc .ad{
margin-bottom:10px;padding:0 0;}
-->



<!--

#ygrp-mlmsg {font-size:13px;font-family:arial, helvetica, clean, sans-serif;}
#ygrp-mlmsg table {font-size:inherit;font:100%;}
#ygrp-mlmsg select, input, textarea {font:99% arial, helvetica, clean, 
sans-serif;}
#ygrp-mlmsg pre, code {font:115% monospace;}
#ygrp-mlmsg * {line-height:1.22em;}
#ygrp-text{
font-family:Georgia;
}
#ygrp-text p{
margin:0 0 1em 0;}
#ygrp-tpmsgs{
font-family:Arial;
clear:both;}
#ygrp-vitnav{
padding-top:10px;font-family:Verdana;font-size:77%;margin:0;}
#ygrp-vitnav a{
padding:0 1px;}
#ygrp-actbar{
clear:both;margin:25px 0;white-space:nowrap;color:#666;text-align:right;}
#ygrp-actbar .left{
float:left;white-space:nowrap;}
.bld{font-weight:bold;}
#ygrp-grft{
font-family:Verdana;font-size:77%;padding:15px 0;}
#ygrp-ft{
font-family:verdana;font-size:77%;border-top:1px solid #666;
padding:5px 0;
}
#ygrp-mlmsg #logo{
padding-bottom:10px;}

#ygrp-vital{
background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;padding:2px 0 8px 8px;}
#ygrp-vital #vithd{
font-size:77%;font-family:Verdana;font-weight:bold;color:#333;text-transform:uppercase;}
#ygrp-vital ul{
padding:0;margin:2px 0;}
#ygrp-vital ul li{
list-style-type:none;clear:both;border:1px solid #e0ecee;
}
#ygrp-vital ul li .ct{
font-weight:bold;color:#ff7900;float:right;width:2em;text-align:right;padding-right:.5em;}
#ygrp-vital ul li .cat{
font-weight:bold;}
#ygrp-vital a{
text-decoration:none;}

#ygrp-vital a:hover{
text-decoration:underline;}

#ygrp-sponsor #hd{
color:#999;font-size:77%;}
#ygrp-sponsor #ov{
padding:6px 13px;background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;}
#ygrp-sponsor #ov ul{
padding:0 0 0 8px;margin:0;}
#ygrp-sponsor #ov li{
list-style-type:square;padding:6px 0;font-size:77%;}
#ygrp-sponsor #ov li a{
text-decoration:none;font-size:130%;}
#ygrp-sponsor #nc{
background-color:#eee;margin-bottom:20px;padding:0 8px;}
#ygrp-sponsor .ad{
padding:8px 0;}
#ygrp-sponsor .ad #hd1{
font-family:Arial;font-weight:bold;color:#628c2a;font-size:100%;line-height:122%;}
#ygrp-sponsor .ad a{
text-decoration:none;}
#ygrp-sponsor .ad a:hover{
text-decoration:underline;}
#ygrp-sponsor .ad p{
margin:0;}
o{font-size:0;}
.MsoNormal{
margin:0 0 0 0;}
#ygrp-text tt{
font-size:120%;}
blockquote{margin:0 0 0 4px;}
.replbq{margin:4;}
-->







__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke