Sumuhun leres pisan, tapi nya eta atuh niat mah ngiring kontribusi, tapi geuning "dedengkot birokrasi" rada kentel....wae....teu leeh-leeh. Abdi ge kantos sasadu ka Mang Yus Rusyana, ka Abah Ali Sastramijaya (kapi Lanceuk) tapi lebeng... katambih ku kasumpingan Wangsakerta nu diguar ku jenatna Mang Ayat (Suhu di FSUI)....data nu bakal ngahanjatkeun Sunda nu meh tikerelep....enghap-enghapan...........hayoh kadon ditalapung..........duka kamana tah ayeuna..... saurang, saurang suhu-suhu Ki Sunda teh tilar.....Pa Atja, Mang Saleh, Mang Ayat, Mang Edi....kumaha atuh....
Ari usul mah gampil sadayana oge...ukur ku pesen....nu hese teh ngayakeun wadah nu nyata....tah eta nu tacan aya.... Ambu Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Alhamdulillah, gening milis kisunda janten rame ku kasumpingan ambu mah. Bade ngiringan jabung tumalapung sakedik ngeunaan jejer ieu. Kanggo tandang makalangan dina kancah nasional sareng internasional, upami wae wikipedia masih dipercanten janten ensiklopedia rujukan, panginten aya mangfaatna upami sajarah Sunda tiasa dilebetkeun kana wikipedia basa Indonesia sareng wikipedia basa Inggris, malah basa Portugis. Ku margi sajarah Sunda dina wikipedia basa Indonesia mah tos rada euyeub, sim kuring bade medar sakolebat artikel kasundaan dina wikipedia basa Inggris. Matak hanjelu mung aya sakedik pisan US anu aktif dina basa Inggris teh. Tebih sareng urang Jawa, meni seueur anu nyerat sajarah dina wikipedia basa Inggris teh. Matakna henteu ulah helok upami sajarah Indonesia didominasi ku seratan sajarah Jawa. Contona, dina kaca History of Indonesia (http://en.wikipedia.org/wiki/History_of_Indonesia), sateuacan ping 14 Januari 2008 eusina dipinuhan ku sajarah karajaan Jawa. Dina dinten eta aya US nu ngawantunkeun maneh ngalebetkeun coretan sareng ngalebetkeun tumbu sajarah Sunda: - Tarumanagara (04:54, 14 January 2008) - Kingdoms of Sunda (02:58, 14 January 2008) - The Sultanate of Banten (15:43, 15 January 2008) Henteu gampil ngalebetkeun artikel-artikel eta teh da gening si manehna teh kedah paadurenyom heula sareng urang Jawi anu nganggo userid Merbabu, anu ngupayakeun sacara halus sangkan sajarah Sunda ulah muncul dina ieu kaca. Sajabi ti wikipedia, masih diperyogikeun media alternatif sanesna kanggo ngalanggengkeun eksistensi sajarah Sunda dina kancah nasional sareng internasional teh kumargi wikipedia katingalna tos kirang dipercanten janten rujukan ku kajantenan AFP ngalarang wartawanna ngarujuk kana wikipedia (http://www.detikinet.com/index.php/detik.read/tahun/2008/bulan/01/tgl/22/time/095559/idnews/882188/idkanal/398). Sim kuring oge nyatet dina wikipedia basa Portugis diserat Dina taun 1511 urang Portugis dongkap ka Maluku padahal mah kedahna diserat Dina taun 1511 urang Portugis dongkap ka Malaka Jigana si pamake lepat narjamahkeun Malacca janten Molucas. Janten eusina wikipedia teh gumatung sareng pangaweruh oge kapentingan pamakena alias rada kirang objektif. Kedah aya ensiklopedia alternatif. Saurna google nuju ngararancang ieu wanda ensiklopedia dimana anu nyerat teh kedah pakar sapertos sajarawan, arkeolog, ssjbn (upami teu lepat). Alternatif sanes kanggo ngalanggengkeun sajarah Sunda hususna dina kancah nasional nya teu aya jalan iwal buku sajarah nasional (kanggo SMP, SMA, universitas) kedah ngalebetkeun sajarah Sunda, henteu dipinding-pinding. Duka tah saha anu tiasa ngalakonanana. Upami sajarah Sunda tos lebet kana buku sajarah Indonesia mah, jiga urang asing (kancah internasional) oge baris ngarujuk kana muatan dina buka sajarah nasional. Kitu pamendak sim kuring anu nyanyahoanan anu sanaos sanes ahlina kumawantun tutulis. Nyanggakeun ka ambu, abah, akang aceuk, adi-adi anu langkung paos sual ieu. Kirang langkungna neda dihapunten. Baktos, Aschev ----- Original Message ---- From: richadiana kartakusuma To: [email protected] Sent: Tuesday, January 22, 2008 6:58:54 PM Subject: Re: [kisunda] dilema sajarah sunda buhun numawi suwung, numawi sasadu gogorowokan oge, titatarajong. nalungtik mah kamana-mana ngan nyaeta "MAGOL" dugi kadinya hasilna teu tampil ka panggung sejarah nasional Indonesia, ngajengjen wae dina wadah sorangan ka urang-urang keneh, benten sareng urang wetan .... heheh punten ka wetan Ambu richadiana kartakusuma wrote: Ongkoh deui eta Ki Kumincrit uninga PUSLIT ARKENAS? boa boa ..... nyiliwuri Ambu kumincir wrote: Sasadu pedah naon ieu teh, Kang? Kumaha di Puslit Arkenas daramang? Kaleresan atuh ieu milis kasumpingan spesialis arkeologi Sunda, manawi kersa babagi elmu medar pangalaman, kumaha dongengna Sunda ditilik tina jihat arkeologi, sareng tos dugi ka mana panalungtikan ngeunaan Sunda teh... -- sikandar su.wikipedia. org www.urangsunda. or.id On 1/19/08, richadianakartakusu ma wrote: > > sampurasun kaulanun, ki sunda abdi sumolondo ngaberag-berag maneh we, > nembe terang geuning rame ki sunda teh, nya! aya kahandeueul pedah > sunda mah rame teh mung dina lingkungan sorangan, sajarah sunda nu > sakitu agungna teu patos seueur nu ngaropea.Dimana kinten2na nya tiasa > sasadu. > [Non-text portions of this message have been removed] ------------ --------- --------- --- Never miss a thing. Make Yahoo your homepage. [Non-text portions of this message have been removed] ------------ --------- --------- --- Never miss a thing. Make Yahoo your homepage. [Non-text portions of this message have been removed] ____________________________________________________________________________________ Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search. http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links --------------------------------- Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search. [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
