Kahartos ari kitu mah. Jalaran kitu oge seueur anu kirang kiat di birokrasi
mah haroyong kaluar bae da :-)

Jalan sanesna, tiasa dipedar di PR. Sapertos anu parantos dilakonan oge ku
jenatna mang Ayat sareng mang Edi. Aranjeunna rajin nyerat naon wae di koran
ieu. Silih simbeuhan ku informasi sareng anu sanesna. Abdi oge mulungan
pangaweruh ngalangkunganana. Mindeng oge kajantenan kritik-kritik ilmiah tur
kritik birokrasi dipedar dina koran. Janten saupami gaduh pedareun, abdi
usul mah ulah asa-asa, mangga kintunkeun bae ka girang rumpakana.

Sakapeung aya oge artikel kasundaan di koran nu langkung nasional sapertos
Kompas atanapi Republika.

Atuh saupami leres tesisna parantos kalangkung, dina hartos parantos lulus
uji ku sajarawan sanesna, panginten tiasa dikintunkeun sagemblengna dina
milis ieu. Tangtos kang Kandar, kang Asep tur wikipediawan sanesna bakal
ngamuat dina wikipedia basa Sunda.

Salam,
Dian.

On 23/01/2008, richadiana kartakusuma < [EMAIL PROTECTED]>
wrote:
Hatur Nuhun kaulanun, kakupingna rada empati geuning. istilah "dedengkot
birokrasi" teh nyaeta anu raos teuing calik dina kalungguhanana... ku raos-
raosna nu dihandap teu katingal...kecap jenterena mah POLITIK panginten
geuning aya paripaos pami Dirut.na <http://dirut.na/> urang batak..tah nu
maju ge urang batak dst. Ongkoh deui aya lingkungan padamelan anu gaduh
aturan yen nu sepuh sanaos sanes widangna ge ..eta nu kdah pinton...nu ngora
masihan kontribusi ka nu sepuh... janten neang luang tina daluang teh teu
berlaku...pokokna ngantos dawuh disuhunkeun...wae... kitu. Malah nu
kreatitip produktip teh disebat "dangerous" Tapi ieu mah teu dugi di lingkup
pamarentah tapi di lingkungan setempat.

Wakca bae...kapungkur rame-ramena aya keneh Vivianne Sukanda Tessier (urang
Prancis--ahli Sunda nu nikah ka pak Sukanda)...pok ka abdi: "kemana kamu
Dian, kok tidak ada di seminar ...ini...itu" tapi teu janten pamengan keur
abdi mah...nya abdi kekempel wae sorangan, nyerat...sakaduga-dugana...bari
YAKIN yen hiji mangsa bakal gaduh rohang...tapi duka iraha...ngan tekad teh
kendel wae...keukeuh...Ku ayana milist ieu nya abdi "asa bucat bisul" sanaos
mung nembe informasi oge.

Tesis mah tos kalangkung, ieu mah mung artikel wae kaulanun.

AMBU


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke