Tesis abdi mah benten, jeujeurna khusus prasasti-prasasti Sunda, ti awit abad 4-5 (Tarumanagara) nugi ka burak Pajajaran (abad ka 16). Margi prasasti mah kalebet dokumen resmi karajaan nu mung tiasa dikaluarkeun ku pangawasa janten katagorina primary object sareng unicum.. sami sareng SK pamarentah. Eusina munel perkawis sosial-budaya jamanna, tiasa dipedarkeun kana sagala rupi boh sosial sapuratina, politik sapuratina, religi sapuratina..dst, naon atuh kasebatna nya, mung benten sareng di wetan prasasti Sunda mah arang ngangge pertanggalan .... numawi kedah disarengan ku tutur atanapi karyasastra upamina wae Sanjaya...pan ujug2 jol di Sleman...prasastina... tapi dina Carita Parahiyangan aya...eta salah sawios masalah...
PR, kantos nyuhunkeun tapi via rerencangan nu janten pupuhu Simpay, paguyuban guar Sunda, tapi dugi ka ayeuna lebeng...namung dina terbitna oge, leres Kang Tirtha... pami ilmiah mah...utamina klasik...teu patos katangen ku masa, saurna. Salah sawios masalah tina Tesis, aya nu dipedar terbit dina KIBS (Yayasan Rancage) , kitu deui nu sanesna... mung teras hemeng jempling... kasono kumpul sareng dulur-dulur Sunda lebeng... teu aya wartos...duka pedah abdina belegug...janten luput.....sakali deui...milist ieu ngahudang sumanget nu lami simpe.. AMBU Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Kahartos ari kitu mah. Jalaran kitu oge seueur anu kirang kiat di birokrasi mah haroyong kaluar bae da :-) Jalan sanesna, tiasa dipedar di PR. Sapertos anu parantos dilakonan oge ku jenatna mang Ayat sareng mang Edi. Aranjeunna rajin nyerat naon wae di koran ieu. Silih simbeuhan ku informasi sareng anu sanesna. Abdi oge mulungan pangaweruh ngalangkunganana. Mindeng oge kajantenan kritik-kritik ilmiah tur kritik birokrasi dipedar dina koran. Janten saupami gaduh pedareun, abdi usul mah ulah asa-asa, mangga kintunkeun bae ka girang rumpakana. Sakapeung aya oge artikel kasundaan di koran nu langkung nasional sapertos Kompas atanapi Republika. Atuh saupami leres tesisna parantos kalangkung, dina hartos parantos lulus uji ku sajarawan sanesna, panginten tiasa dikintunkeun sagemblengna dina milis ieu. Tangtos kang Kandar, kang Asep tur wikipediawan sanesna bakal ngamuat dina wikipedia basa Sunda. Salam, Dian. On 23/01/2008, richadiana kartakusuma < [EMAIL PROTECTED]> wrote: Hatur Nuhun kaulanun, kakupingna rada empati geuning. istilah "dedengkot birokrasi" teh nyaeta anu raos teuing calik dina kalungguhanana... ku raos- raosna nu dihandap teu katingal...kecap jenterena mah POLITIK panginten geuning aya paripaos pami Dirut.na <http://dirut.na/> urang batak..tah nu maju ge urang batak dst. Ongkoh deui aya lingkungan padamelan anu gaduh aturan yen nu sepuh sanaos sanes widangna ge ..eta nu kdah pinton...nu ngora masihan kontribusi ka nu sepuh... janten neang luang tina daluang teh teu berlaku...pokokna ngantos dawuh disuhunkeun...wae... kitu. Malah nu kreatitip produktip teh disebat "dangerous" Tapi ieu mah teu dugi di lingkup pamarentah tapi di lingkungan setempat. Wakca bae...kapungkur rame-ramena aya keneh Vivianne Sukanda Tessier (urang Prancis--ahli Sunda nu nikah ka pak Sukanda)...pok ka abdi: "kemana kamu Dian, kok tidak ada di seminar ...ini...itu" tapi teu janten pamengan keur abdi mah...nya abdi kekempel wae sorangan, nyerat...sakaduga-dugana...bari YAKIN yen hiji mangsa bakal gaduh rohang...tapi duka iraha...ngan tekad teh kendel wae...keukeuh...Ku ayana milist ieu nya abdi "asa bucat bisul" sanaos mung nembe informasi oge. Tesis mah tos kalangkung, ieu mah mung artikel wae kaulanun. AMBU [Non-text portions of this message have been removed] --------------------------------- Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search. [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
