Haturan kang Dudi sareng Ambu oge sadayana,

Tri Tangtu di Bumi Insya Alloh danget ieu nuju teras dikeureuyeuh
disosialisasikeun, diantaran ku Kang Hidayat Suryalaga, boh konsep
aslina (sakumaha kapendak dina naskah kuno) oge tafsiranana keur
larapkeuneun luyu jeung kaayaan pajamanan. Sakumaha dina posting
kuring ti heula, ngeunaan laporan Forum Group Discussion Pangawangunan
Jabar 2007 widang kabudayaan, diantarana dina arsip file :
http://mail.google.com/mail/?shva=1#search/Tri+Tangtu+di+Bumi/114a5367ce23f069
sareng
http://mail.google.com/mail/?shva=1#search/Tri+Tangtu/115125355fe40f33,
Pamarentah Jabar ngalangkungan Dinas Pariwisata ngawitan taun ieu bade
ngayakeun percontohan kampung budaya anu jadi media pikeun
ngahirupkeun deui Tri Tangtu di Bumi anu luyu jeung tangtangan
kahirupan ayeuna, ku cara ngahudangkeun deui ajen-inajen anu kuat
pikeun ngungkulan masalah kahirupan sapopoe.  Mataholangna mah,
rupina,  dina raraga revitalisasi budaya tea. Pamugi wae, ieu upaya
pemda Jabar teh jadi hiji pangdorong tumuwuhna masyarakat anu mampuh
ngungkulan masalahna luyu jeung kaayaan pajamanan bari jeung teu kudu
karabut tina akar budayana.

baktos,
manAR



On Jan 27, 2008 9:19 AM, richadiana kartakusuma
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
>
>
> Leres pisan nun, saupami PENGHAYATAN ieu oge diagem ku Urang Sunda di
> sakuliah Tatar Sunda, jero2na falsafah karuhun..langkung agung ti nu aya...
> Bagja.
>
> Kang, sujud panghapunten, upami kecap sareng kocap...karaosna kadanguna
> TEUGEUG, siga nu nganggap bodo, amit-amit sanes kitu.
>
> AMBU
>
>
> dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Tri Tangtu di Bumi, Tri = tilu; Tangtu = pasti/ dikodratkeun
> Di Galuh aya: Guru, Buyut, Prabu (Raja)
> Di Baduy aya: Rama, Resi, Puun Prabu
> Di Cirebon ge aya: Guru, Ratu, Wong Tua (karo)
>
> Rama// Buyut// Wong Tuo
> Cukang lantaran gumelar: Rama padanan tina kecap bapak boga makna kolot (ibu
> - rama/ bs. Ind. Orangtua), dina basa Jawa (Cirebonan) sebut Wong Tuo, kolot
> urang anu jadi marga lantaran gumelarna urang di alam marcapada, moal aya
> urang mun teu aya kolot. Didieu negeskeun ka urang kolot teh boga peran
> penting dina hirup jeung kahirupan urang. Buyut, ari buyut atawa uyut teh
> kolotna aki atawa nini, buyut boga kecap lewih lega (general) henteu
> nunjukeu jenis kelamin beda jeung Rama (lalaki), Ibu (awewe), Aki (lalaki)
> jeung Nini (awewe), buyut mah ngawalikan kaduaanana, jadi moal aya
> perdebatan naha bapak wungkul atawa ibu wungkul tapi makna sarua moal aya
> urang lamun teu aya kolot, moal aya wongtuo lamun teu aya aki-nini jeung
> moal aya aki-nini lamu teu aya buyut jeung saterusna nepi ka Causa Prima
> Sang Hyang Tunggal.
>
> Aya deui hal anu penting lamun urang nyawalakeun perkaran rundayan nyaeta
> Gen atawa Genetik, anu ieu mah teu biasa ditukeur euy, gen bisa wae ngan
> saukur mangaruhan ka phisik jeung kimiawi tubuh tapi kondisi kurang/ leuwih
> ti nu lian secara phisical saeutik - lobana baris mawa pangaruh perbawa
> psikis, sikap mental/ endurance, intelegensia jeung prilaku urang, Matak
> baheula mah anu milih jodo teh ortu ngarah bisa nimbulkeun perpaduan anu
> pinunjul keur dijadikeun pamimpin, sabenerna karuhun urang geus ngarti elmu
> biologi tingkat advance. Anu jadi patokan perjodoan nyaeta Bibit, Bebet,
> Bobot tapi aya wae anu nyalenggorkeunana mah pajarkeun teh nagudukeun pakaya
> ngarah teu turun kanu sejen. Conto nyatana mah rekayasa genetik, kawin
> suntik, kawin silang, kloning dina widang perternakan diraraga "nyiptakeun"
> generasi unggul. Lamun purukut juara sok kacatet dina rundayanana, oge kuda
> juara turunana bae langkung awis ti batan kuda liana.
>
> Ti dieu gumelarna ahlul bait teh meureu.......
>
> Guru// Resi
> Ortu guru munggaran: nu ieu sabenerna mah ka asup ka urusan "Guru" sabab
> urang diajar ti diri anu sejen lain kaluar tina fikiran atawa kasadaraan
> diri urang sorangan, ngan hubungan ortu-anak secara umum raket pisan ampir
> teu bisa dipisahkeun, beda pisan jeung budak yatim atawa yatim piatu ti
> leuleutik. Sabenerna mah loba faedah lamun urang wawuh jeung luluhur urang,
> urang bisa instropeksi kana hal-hal anu tumiba ka diri urang jeung karuhun
> urang, urang bisa diajar hirup tina pangalaman kolot urang, aki-nini, uyut
> jeung saterusna. Contona: urang biasa ngomong bae pan diajakeu ku kolot
> urang, matak aya istilah "bahasa ibu"; bisa leumpang, bisa dahar, diajar
> make baju, diajar mandi wah pokokna mah sagala rupa tektek bengek nya.
> Salian diajar ti kolot aya oge anu miconto ka aki-nini biasa langsung bisa
> oge teu langsung, anu langsung aki atawa nini ngajarkeun atawa nyotokeun
> langsung, contona: urang diajar cara ngangon, cara ngaladangan diwarung,
> cara ngatur anak buah jrrd. Ari
> diajar teu langsung ka aki-nini, buyut jeung saterusna kaluhur mah
> ngaliwatan arketif carita ti kolot/ paman/ tatangga/ dongeng, contona: kolot
> urang nyaritakeun kasuksesan aki jadi lurah (picontoeun), aya deui carita
> kolot anu nerangkeun buyut tigurawil kana jurang (pieunteungeun), kitu oge
> secara komunitas (sunda) urang kudu diajar tina kajadian-kajadian anu ka
> alaman ku karuhun urang, anu alus diconto, anu gorengna pieunteungeun.
> Teorina mah kitu anu hese mah ngalaksanakeunana he, he, he, riiieuuur....
>
> Sanggeus urang rada baleg, terus sakola, masantren, kuliah, baheula mah
> ngalalana didieu pokona mah urang nimba elmu ti anu sejen deui, elmu anu teu
> aya di ortu jeung lingkungan deukeut urang, sok sanajan saurang
> sentana/putra mahkota anu geus disiapkeun alur pendidikanana bisa bae di
> sakolakeun ka luar kaluar sistem anu aya. Ari di padepokan, urang diajar
> elmu anyar ti pangalaman batur, pangalaman guru, pangalaman guruna guru
> atawa pangalaman batur anu sama sakali teu aya kaitan jeung lingkungan urang
> bisa wae ti peradaban sejen. Conto: urang diajar agama Islam, Kristen,
> Yahudi ti Timteng sok sanajan urang nyiar elmu agama henteu ka Arab anggeur
> bae kasebutna urang diajar ti pangalaman batur (Rosul/Nabi). Urang diajar
> elmu fisika, kimia, akuntansi, politik, matematika, sempoa, musik klasik,
> tari balet pokona sagala rupa elmu rek nu impor atawa elmu lokal keur
> kamajuan/ kajembaran urang secara pribadi/ secara komunitas kasebutna tetep
> diajar tinu sejen. Pangalaman adalah
> guru yang terbaik, dan akan sempurna apabila kita belajar dari pengalaman
> orang lain juga.
>
> Ayeuna elmu panemu urang geus masagi, elmu anu aya di sampar jagat geus
> kacangking saha anu jadi marga lantaran, taya lian ti "Guru" ka asup Ustad
> jeung Ajengan ari baheula mah meureun disebut Ki Ajar oge Resi. Najan diajar
> ti internet tetep ka asup diajar ti guru, lain internetna anu jadi guru tapi
> jalma anu pangalamana ku urang di tiron, kitu deui urang diajar tina buku
> hartina urang guguru ka sang composer kukituna jaman ayeuna mah guru urang
> loba pisan ti mimiti ortu, guru sakola, dosen, pangarang buku, penemu iptek
> kayaning edison, darwin, maxweber, freud, enstain, kotler nepi para Rosul
> Alloh nya kadituna mah tetep ka Causa Prima Sang Hyang Tunggal.
>
> Di dieu urang bisa bae ngawasa elmu batur lain elmu karuhun urang kalayan
> sampurna sabab Alloh nyiptakeun jalma tina bahan anu sarua, jeung buktina
> loba oge anu ngawasa elmu turta bisa ngamalkeunana sarua alusna jeung sang
> penemu, contona urang lamun hayang bisa nyieun bohlam teu kudu kawin heula
> jeung turunan thomas alpa edison, kitu deui dina bag-bagan agama, urang bisa
> ngalaksanakeun ibadah nu khusus jeung nu umum kalayan sampurna teu kudu ti
> diajar langsung ka Rosululloh atawa diajar ka teureuhna langsung asal
> ngalaksanakeun sunnah-sunnahna kalayan sampurna. Ti dieu meureun anu
> ngabedakeun ti Ahlul Bait teh....
>
> Prabu// Raja// Ratu// Ponggawa
> Prabu, Raja, Ratu atawa Ponggawa/Pamong ieu simbol ti pamarentah, regulator,
> otoritas anu ngatur hak jeung kawajiban individu dina hiji sistem sosial
> atawa hiji komunitas. Sistem pamarentahan mangrupa buah// amalan//
> implementasi tina dua unsur Tri Tangtu di luhur tadi. Prabu atawa Raja/Ratu
> mangrupa pucuk pimpimnan regulator anu sakudu mibanda Genetik atawa Trah anu
> hade, ditambah didikan moral anu hade jeung elmu panemu anu masagi ayana
> sistem seleksi pamimpin anu sehat, tangtuna peradaban di eta darul bakal
> ningkat. Saupama dihiji komunitas henteu nerapkeun tri tangtu, moal boa
> komunitas eta ekstrimna mah bakal punah, lamun tri tangtu-na
> dilaksanakeunana henteu kafah, nya meureun rada kacaulah sabab tri tangtu
> teh katangtuan// hukum alam// sunnatulloh jadi upama aya anu dilanggar
> tangtu ngabalukarkeun akibat anu negatif.
>
> Sakitu anu kapihatur, hapunten kana kakiranganana romaos ieu mung saukur
> spontanitas teu aya rujukan literaturna, kukituna teu kedah dimanahan komo
> deui janten rujukan karya tulis mah. Ambu Diana hapunten abdi, daripada
> dikemu kusorangan anu matak nyeri sirah mendingan dibudalkeun bae, abdi mah
> teu bodo-bodo acan.
>
> wasslam.
> dudi_ss
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
>
>
> ---------------------------------
> Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.
>
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
> 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke