Bagea kang Tirta, Bari padungdengan satengah ngawangkong, sakapeung ngabuntut bangkong, kuma upama naskah-naskah anu aya urang paluruh, terus piara sakumaha mistina. Ngaliwatan gawe bareng, miteskeun mitos manusa huma tea, anu geus kapiara lalaunan urang alih wangunkeun aksarana kana wangun digital (discan wae heula). Ku cara kitu urang geus nyadiakeun bahan keur para ahli didaramel soson narjamahkeun jeung mesekna eta naskah-naskah.
Ngeunaan tradisi lisan anu dominan dina budaya Sunda, kuring sapamadegan jeung Kang Kumi, kusabab, babakuna mah, sarana keur tulas-tulisna oge sumber daya manusa anu nulisna mangsa harita kurang. Tesis ieu baris runtuh upama aya bukti-bukti yen diseler sejen tradisi tulisan leuwih kuat (kalawan "leuwih"-na teh cukup signifikan). Anu kaduana, balik deui kana pola "pamarentahan" raja-raja Sunda anu leuwih nyoko kana pamarentahan lambang atawa simbol, lain pola pamarentahan anu otoriter (jadi tara pati puksu-paksa ninitah tulas-tulis atawa nyieun candi, jsb). Ngeunaan tesis anu kadua, lamun bener, aya rugina, aya oge untungna. Rugina, teu pati loba titinggal tradisi tulisan. Untungna, tradisi tulisan anu aya bener-bener jujur da medal tina kasadaran alam harita anu umumna kurang, yen tulis tinulis teh kacida pentingna, oge, naon anu dituliskeun teh ngarupakeun mataholang atawa saripati tina budaya anu penting alam harita jeung pikahreupeun. Anu akhir, tangtu wae, matak dituliskeun oge. Rupina kitu oge. baktos, manAR On Jan 28, 2008 11:34 PM, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > Kang Dudi, Ambu, Kang Oman sareng dulur/baraya, ngeunaan pamendak yen urang > sunda mah kulantaran laladang, ngahuma matak tradisi lisan leuwih kuat batan > tradisi tulisan, beda jeung urang wetan. > > Sim kuring panasaran sabab bisa jadi kulantaran urang tacan meunang atawa > ngagarap naskah2 nu aya jadi babari lumpat ngecap urang sunda kuatna di > tradisi lisan. Emut kapungkur alm. Mang Ayat nyebutkeun yen di Ciburuy teh > aya 15 peti naskah. Sababaraha sasih kapengker ti wargi milis nu ka Ciburuy > nu kalaporkeun aya 3 peti, jadi 12 peti kamana? Di tempat sanes di tatar > sunda tos aya kitu data sabaraha-sabarahana jumlah naskah? Pami masih poek > pastina tacan pas mun urang ngabeungbeurat maneh nganggap tradisi ngahuma > jauh/teu pati produktif dina tulisan. > > Asa beurat urang sunda ngamumule sajarahna mun dasarna lolobana ti tradisi > lisan, mun caralakan mah teu nanaon kumaha mun kawas kuring hese apal > gancang poho, pan cilaka. > > JP > > Kang Hasan cs. jelas pan Digitalisasi maju teruuuussss > > > > Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com > > [Non-text portions of this message have been removed] > > PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
