Leres pisan nun, saupami PENGHAYATAN ieu oge diagem ku Urang Sunda di
sakuliah Tatar Sunda, jero2na falsafah karuhun..langkung agung ti nu aya...
Bagja.
Kang, sujud panghapunten, upami kecap sareng kocap...karaosna kadanguna
TEUGEUG, siga nu nganggap bodo, amit-amit sanes kitu.
AMBU
dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tri Tangtu di Bumi, Tri = tilu; Tangtu = pasti/ dikodratkeun
Di Galuh aya: Guru, Buyut, Prabu (Raja)
Di Baduy aya: Rama, Resi, Puun Prabu
Di Cirebon ge aya: Guru, Ratu, Wong Tua (karo)
Rama// Buyut// Wong Tuo
Cukang lantaran gumelar: Rama padanan tina kecap bapak boga makna kolot (ibu -
rama/ bs. Ind. Orangtua), dina basa Jawa (Cirebonan) sebut Wong Tuo, kolot
urang anu jadi marga lantaran gumelarna urang di alam marcapada, moal aya urang
mun teu aya kolot. Didieu negeskeun ka urang kolot teh boga peran penting dina
hirup jeung kahirupan urang. Buyut, ari buyut atawa uyut teh kolotna aki atawa
nini, buyut boga kecap lewih lega (general) henteu nunjukeu jenis kelamin beda
jeung Rama (lalaki), Ibu (awewe), Aki (lalaki) jeung Nini (awewe), buyut mah
ngawalikan kaduaanana, jadi moal aya perdebatan naha bapak wungkul atawa ibu
wungkul tapi makna sarua moal aya urang lamun teu aya kolot, moal aya wongtuo
lamun teu aya aki-nini jeung moal aya aki-nini lamu teu aya buyut jeung
saterusna nepi ka Causa Prima Sang Hyang Tunggal.
Aya deui hal anu penting lamun urang nyawalakeun perkaran rundayan nyaeta Gen
atawa Genetik, anu ieu mah teu biasa ditukeur euy, gen bisa wae ngan saukur
mangaruhan ka phisik jeung kimiawi tubuh tapi kondisi kurang/ leuwih ti nu lian
secara phisical saeutik - lobana baris mawa pangaruh perbawa psikis, sikap
mental/ endurance, intelegensia jeung prilaku urang, Matak baheula mah anu
milih jodo teh ortu ngarah bisa nimbulkeun perpaduan anu pinunjul keur
dijadikeun pamimpin, sabenerna karuhun urang geus ngarti elmu biologi tingkat
advance. Anu jadi patokan perjodoan nyaeta Bibit, Bebet, Bobot tapi aya wae anu
nyalenggorkeunana mah pajarkeun teh nagudukeun pakaya ngarah teu turun kanu
sejen. Conto nyatana mah rekayasa genetik, kawin suntik, kawin silang, kloning
dina widang perternakan diraraga "nyiptakeun" generasi unggul. Lamun purukut
juara sok kacatet dina rundayanana, oge kuda juara turunana bae langkung awis
ti batan kuda liana.
Ti dieu gumelarna ahlul bait teh meureu.......
Guru// Resi
Ortu guru munggaran: nu ieu sabenerna mah ka asup ka urusan "Guru" sabab urang
diajar ti diri anu sejen lain kaluar tina fikiran atawa kasadaraan diri urang
sorangan, ngan hubungan ortu-anak secara umum raket pisan ampir teu bisa
dipisahkeun, beda pisan jeung budak yatim atawa yatim piatu ti leuleutik.
Sabenerna mah loba faedah lamun urang wawuh jeung luluhur urang, urang bisa
instropeksi kana hal-hal anu tumiba ka diri urang jeung karuhun urang, urang
bisa diajar hirup tina pangalaman kolot urang, aki-nini, uyut jeung saterusna.
Contona: urang biasa ngomong bae pan diajakeu ku kolot urang, matak aya istilah
"bahasa ibu"; bisa leumpang, bisa dahar, diajar make baju, diajar mandi wah
pokokna mah sagala rupa tektek bengek nya. Salian diajar ti kolot aya oge anu
miconto ka aki-nini biasa langsung bisa oge teu langsung, anu langsung aki
atawa nini ngajarkeun atawa nyotokeun langsung, contona: urang diajar cara
ngangon, cara ngaladangan diwarung, cara ngatur anak buah jrrd. Ari
diajar teu langsung ka aki-nini, buyut jeung saterusna kaluhur mah ngaliwatan
arketif carita ti kolot/ paman/ tatangga/ dongeng, contona: kolot urang
nyaritakeun kasuksesan aki jadi lurah (picontoeun), aya deui carita kolot anu
nerangkeun buyut tigurawil kana jurang (pieunteungeun), kitu oge secara
komunitas (sunda) urang kudu diajar tina kajadian-kajadian anu ka alaman ku
karuhun urang, anu alus diconto, anu gorengna pieunteungeun. Teorina mah kitu
anu hese mah ngalaksanakeunana he, he, he, riiieuuur....
Sanggeus urang rada baleg, terus sakola, masantren, kuliah, baheula mah
ngalalana didieu pokona mah urang nimba elmu ti anu sejen deui, elmu anu teu
aya di ortu jeung lingkungan deukeut urang, sok sanajan saurang sentana/putra
mahkota anu geus disiapkeun alur pendidikanana bisa bae di sakolakeun ka luar
kaluar sistem anu aya. Ari di padepokan, urang diajar elmu anyar ti pangalaman
batur, pangalaman guru, pangalaman guruna guru atawa pangalaman batur anu sama
sakali teu aya kaitan jeung lingkungan urang bisa wae ti peradaban sejen.
Conto: urang diajar agama Islam, Kristen, Yahudi ti Timteng sok sanajan urang
nyiar elmu agama henteu ka Arab anggeur bae kasebutna urang diajar ti
pangalaman batur (Rosul/Nabi). Urang diajar elmu fisika, kimia, akuntansi,
politik, matematika, sempoa, musik klasik, tari balet pokona sagala rupa elmu
rek nu impor atawa elmu lokal keur kamajuan/ kajembaran urang secara pribadi/
secara komunitas kasebutna tetep diajar tinu sejen. Pangalaman adalah
guru yang terbaik, dan akan sempurna apabila kita belajar dari pengalaman
orang lain juga.
Ayeuna elmu panemu urang geus masagi, elmu anu aya di sampar jagat geus
kacangking saha anu jadi marga lantaran, taya lian ti "Guru" ka asup Ustad
jeung Ajengan ari baheula mah meureun disebut Ki Ajar oge Resi. Najan diajar ti
internet tetep ka asup diajar ti guru, lain internetna anu jadi guru tapi jalma
anu pangalamana ku urang di tiron, kitu deui urang diajar tina buku hartina
urang guguru ka sang composer kukituna jaman ayeuna mah guru urang loba pisan
ti mimiti ortu, guru sakola, dosen, pangarang buku, penemu iptek kayaning
edison, darwin, maxweber, freud, enstain, kotler nepi para Rosul Alloh nya
kadituna mah tetep ka Causa Prima Sang Hyang Tunggal.
Di dieu urang bisa bae ngawasa elmu batur lain elmu karuhun urang kalayan
sampurna sabab Alloh nyiptakeun jalma tina bahan anu sarua, jeung buktina loba
oge anu ngawasa elmu turta bisa ngamalkeunana sarua alusna jeung sang penemu,
contona urang lamun hayang bisa nyieun bohlam teu kudu kawin heula jeung
turunan thomas alpa edison, kitu deui dina bag-bagan agama, urang bisa
ngalaksanakeun ibadah nu khusus jeung nu umum kalayan sampurna teu kudu ti
diajar langsung ka Rosululloh atawa diajar ka teureuhna langsung asal
ngalaksanakeun sunnah-sunnahna kalayan sampurna. Ti dieu meureun anu
ngabedakeun ti Ahlul Bait teh....
Prabu// Raja// Ratu// Ponggawa
Prabu, Raja, Ratu atawa Ponggawa/Pamong ieu simbol ti pamarentah, regulator,
otoritas anu ngatur hak jeung kawajiban individu dina hiji sistem sosial atawa
hiji komunitas. Sistem pamarentahan mangrupa buah// amalan// implementasi tina
dua unsur Tri Tangtu di luhur tadi. Prabu atawa Raja/Ratu mangrupa pucuk
pimpimnan regulator anu sakudu mibanda Genetik atawa Trah anu hade, ditambah
didikan moral anu hade jeung elmu panemu anu masagi ayana sistem seleksi
pamimpin anu sehat, tangtuna peradaban di eta darul bakal ningkat. Saupama
dihiji komunitas henteu nerapkeun tri tangtu, moal boa komunitas eta ekstrimna
mah bakal punah, lamun tri tangtu-na dilaksanakeunana henteu kafah, nya meureun
rada kacaulah sabab tri tangtu teh katangtuan// hukum alam// sunnatulloh jadi
upama aya anu dilanggar tangtu ngabalukarkeun akibat anu negatif.
Sakitu anu kapihatur, hapunten kana kakiranganana romaos ieu mung saukur
spontanitas teu aya rujukan literaturna, kukituna teu kedah dimanahan komo deui
janten rujukan karya tulis mah. Ambu Diana hapunten abdi, daripada dikemu
kusorangan anu matak nyeri sirah mendingan dibudalkeun bae, abdi mah teu
bodo-bodo acan.
wasslam.
dudi_ss
[Non-text portions of this message have been removed]
---------------------------------
Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/