Mangga kang Tirta insya allah si kuring tiasa ngabantos, sanajan nuju ngumbara di Batawi oge. Nya ari sakuduna mah, Kedah na aya samodel "Muhibah Budaya"
Sugan we aya Hubungan Kabuyutan Gunung Kumbang - Kabuyutan Ciburuy Jilid II, Jilid I na kantos waktu jaman Hindu di Sasakala Gn Kumbang aya oge tulisan (lontar) ngenaan carita ajaran Hindu (Kasundaan) "Made In Ciburuy" NB: Ngenaan "Sejarah Lisan" anu dicarioskeun ku akang (Sukapura - Tasik) anu dimaksad "Seni pantun Tasik" sanes ? asa hoyong mibanda Kang Langkung sae mah didamel Audio Visual Nuhun ----- Original Message ---- From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Thursday, January 31, 2008 12:26:10 PM Subject: Re: [kisunda] bahasa sunda ala jawa tengah Kang Nana sim kuring tos lami ngemutan kumaha tah supaya urang sadaya boga rasa biasa wae sasama urang sunda boh nu di Banten, Cirebon, Jateng. Nu katangkep mah nya eta "sentimen" atawa rasa nu teu tepat tea, nu di priangan asa pang sundana nu di eta tilu tempat sok nembongkeun asa disapirakeun sundana, tungtungna mending teu ngaku urang sunda. Kinten-kintena naon atuh nya gawe nyata nu bisa ngaraketkeun deui "persaudaraan" urang sunda, nya didieu mah diwates we heula di wilayah Salem. Ke sugan ngobrol sareng Kang Maman Gantra naha barudak Lises Unpad tiasa kitu ngayakeun Study Tour ka tatar sunda wetan. salam Heulang Saung Galah ----- Original Message ---- From: Nana Tea <[EMAIL PROTECTED] com> To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Wednesday, January 30, 2008 9:02:43 PM Subject: Re: [kisunda] bahasa sunda ala jawa tengah damang kang Dusi_ss ? kumaha wartos Borneo ? bagea kang, masih tiasa ngamprah ka dayeuh batur. tapi teu sawios nya kang dudi, sabab masih lembur "Merah-Putih" keneh. he he ..... wilujeng mancen tugas. inya allah ka payun aya picarioseun ka incu-incu , bla bla bla ........ di dayeuh batur, sanes kita ? Maksad kuring napelkeun tulisan "asli urang lembur salem", sanes bade pakumaha komo ngarasa minder mah. Langkung saena mah malah kedah sareng Audio Visual. janten "dialek" khas sunda Jateng-na karasa. Kuring tur rerencangan di Salem teu ngarasa benten sundana palebah kelas-kelasan samodel Feodalisme. Tapi benten dina dialek, cengkok, kalayan istilah eta anu bade dikenalkeun ka US nu aya di Jabar. Justru kusabab benten dina cengkok plus dialekna, anu janten cukang lantaran si kuirng kungsi ngumbara di puser dayeuh Tatar Sunda. Pakait jeung ka-Sajarah-an, hatur nuhun Kang Dudi, tos saberaha kali digeuingkeun. benten sareng akang, nyaeta parantos seneng (Hoby) kana widang sajarah, si kuring mah masih keneh dina tahapan seneng. He he ...... cag ah ----- Original Message ---- From: dudi s.suradiredja <[EMAIL PROTECTED] com> To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Wednesday, January 30, 2008 2:01:20 PM Subject: Re: [kisunda] bahasa sunda ala jawa tengah Haturan Kang Nana, kumaha cariosna kamari naek ka gunung teh masih utuh henteu gunungna atanapi tos gundul? Kang Nana, ayeuna dimilis aya pakar arkelogi anu tangtos nyabung upami sareng Kang Nana mah anu paginggisik sareng jarah, nami Ambu Diana, mangga sungkeuman heula. Kanggo Ambu, Kang Nana ieu teh dulur urang sami-sami Sunda tapi KTP-na Jawa (Tengah), Kang Nana mah kalebet urang Jawa anu masih tetep Sunda, profesina oge masih pakuat-kait sareng sajarah. Tangtosna Kang Nana mah apal pisan ka DAS cipamali mah, ti muara dugi ka sumberna. Perkawis basa Sunda Salem anu rada benten jeung basa Sunda Bandung mah wios bae atuh Kang Na da tetep teu sami sareng basa Jawa. Contona: "pabelok" manawi padana tina kecap "pengkolan" sanes belok = kotor ku leutak nya? wassalam, dudi_ss Nana Tea <akank_nana@ yahoo. com> wrote: Aya tulisan ti rencang si kuring, masih batur sa lembur palebah mana bedana, sunda jabar jeng sunda jawa tengah mangga .. PABELOKAN Dukuh Pabelokan teh ayana di beh kalereun desa Bentarsari di suku gunung Kumbang anu masih ka asup desa Bentarsari Kec. Salem Brebes Jawa Tengah. Sabagian besar Masyarakat Bentarsari mah da hirup tatani teh ayana di Pabelokan malah sumber mata cai anu mangrupakeun sumber kebutuhan cai bersih oge irigasi sawah atawa balong jeng sajabana. Malah di pojok dayeuh Pabelokan mah aya tempat anu lewih kasohor ku masyarakat nya eta Tonjong atawa tempat nariis atawa marandi. malah nya ku ayena keun mah tos aya anu muka warung keur santai atawa nguseup malah ari lebaran mah sok aya perlombaan nguseup sagala, nya nu jadi pesertana mah timana wae. Mana mun keur poe poe gede mah atawa liburan sok lobaan mani macet sagala jalan ka Tonjong teh. nya da eta meureun jalana ku leutik ngan asup mobil hiji mana sok ngantri macet mun papagan mobil jeung mobil mah. Tah eta teh anu kedah ku urang pada pada di jaga ulah sampe rusak ku leungen2 anu teu bertanggung jawab. komo omat ulah sampe di rusak mah eta leuweung teh da ku ayana kitu pasokan cai bersih jeung irigasi teh apan ngandelkeun ti Tonjong eta nya walungan na mah ngarana cibentar anu ngamuara di cigunung. tah basa kamari liburan akhir tahun teh ngahaja ulin ka lanceuk ipar anu aya di Pabelokan ngadenge2 masih loba masyarakat eta tempat teh anu sok masih ngajarah kai kai leuweung anu sakudu na mah di jaga ulah sampe gundul. kadang prihatin mun ningali kadinya mah, sok sieun kajadian anu teu di piharep. Malah cek beja urang dinya mah cena di luhur teh tos gundul ku di carolongan kai na. sok atuh ulah kamalinaan urang teh kudu eling sadar kana kakuasaan Allah swt. Diposting oleh R. Baskoro Salem ____________ _________ _________ _________ _________ _________ _ Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. http://mobile. yahoo.com/ ;_ylt=Ahu06i62sR 8HDtDypao8Wcj9tA cJ [Non-text portions of this message have been removed] [Non-text portions of this message have been removed] ____________ _________ _________ _________ _________ _________ _ Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. http://mobile. yahoo.com/ ;_ylt=Ahu06i62sR 8HDtDypao8Wcj9tA cJ [Non-text portions of this message have been removed] Send instant messages to your online friends http://uk.messenger .yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed] ____________________________________________________________________________________ Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
