Haturan Kang Indra, Kang Tirta oge baraya sadaya.

Perkawis Prabu Tajimalela heula, anjeuna teh anu ngawitan ngadegkeun Sumedang 
Larang ari patilasana mah diwewengkon kacamatan Darmaraja, wetaneun kota 
Sumedang ayeuna duka sabaraha kilo nya, moal kirang ti 40 km manawi, sok ah 
urang Darmarja ka lebet. Janten ngawitanana puseur dayeuh Sumedang teh ti biwir 
Cimanuk belah kulon terus nutur-nutur jalan/ highway jaman harita ka kulon nepi 
ka jalan denles nepi ka ayeuna. Sumedang-Situraja-Darmaraja-Wado-Bantarujeg ka 
dituna Cirebon atawa Galuh ku guru sajarah sman(1) smd kuring mah (bpk Yusuf 
Alm) disebutna teh haywey,  tapi hanjakal nepi kaayeuna kuring weleh teu ngarti 
naon maksudna. Ari kerisna mah manawi kapalih dieunakeun, pan ari gagaman Prabu 
Tajimalela mah pan bedog panjang alias pedang tea. 

Perkawis karuhun para bupati priangan mah, manawi seueur nu campur tapi da sok 
sanaos mung sabelah-sasemplek ge henteu murni ti wetan, tapi duka tah ari 
dasarna karya ilmiah kanggo desertasi doktor mah, sok atuh diebrehkeun Kang 
Tirta, amu mana anu dipimaksad ku Juragan Emuh Somantri teh? sok sanajan ari 
hate mah teu merean tapi ari buktosna kitu nya kedah kumaha deui atuh, der ah! 
didieu urang ge perlu jelas saha sabenerna mah teruteuh sunda teh, boa-boa teu 
aya urang sunda anu asli ngan saukur ngaku-ngaku wungkul atawa sunda aslina mah 
ngan rakyatna wungkul he, he, he, he.... 

wassalam, 
dudi_ss


  ----- Original Message ----- 
  From: Tirta widjaja 
  To: [email protected] 
  Sent: Saturday, February 02, 2008 12:44 PM
  Subject: Bupat Priangan asal Pajang lain Mataram RE: [kisunda] Teureuh Batara 
Dangiang Guru??


  Dina Sajarah Sukapura (Disertasi DR Emuh Somantri?) disebutkeun eta bupati2 
priangan teh kabeh turunan ti Eyang Dago bin Rd Benawa bin Jaka Tingkir. Jadi 
turunan Pajang/Demak sanes Mataram. Kunaon priangan jadi ciri mataram nya 
sababna jaman Sultan Agung invasi mataram leuwih babari ngawasa sabab bupati2na 
leuwih kooperatif meuereun masih bau wetan keneh.

  Perkara keris di museum lolobana tangguh mataram nya wajar da harita mah nu 
nyekel keris diwates keur bupati, patih & pangagung laina. Simbol standar keur 
pangagung ti Sultan Agung nyaeta payung, tumbak, jeung keris. Pasti tangguhna 
oge tangguh mataram lain tangguh galuh, pajajaran, atawa cirebon.



  Tajimalela <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  Ngiringan nambihan.

  Ceuk simkuring mah sadayana turunan ti sumedang, teureuh ti P Geusan Ulun
  anu dipencar-pencarkeun ku mataram saprak mataram menguasai pasundan, ieu
  maksudna keur memperlemah kekuatan sumedang, disumedang nyalira aya dua
  versi pertama versi turunan Geusan Ulun kadua versi Rangga Gempol (atau
  Pangeran Kusumahdinata) versi anu kadua ieu mah turunan ti Mataram.
  Sedangkan turunan2 prbu geusan ulun mah di pencar2 keun aya nu ka Limbangan,
  Sukapura, Wanayasa Cikundul jeun nu sanesna. Nu ka Sukapura mah jadi
  Wiradadaha, anu ka limbangan jadi Wiratanubaya, anu ka Wanayasa janten Dalem
  Wanayasa teras ka Cianjur janten dalem janten dalem Cikundul.

  Anu rada aneh ceuk kuring mah perkawis "Pangeran Tajimalela" naha bener aya
  kitu disumedang ?.hahahaha..anu sumare di gunung lingga ceunah..maksad na
  lingga didieun mah hartosna patok, batas wilayah antara cirebon jeung
  sumedang. Terus anu aneh deui mun urang ka sri manganti (museum) keris-keris
  Tajimalela jeung Geusan Ulun, lolobana keris mataram janten lain keris urang
  sunda.kumaha ieu teh Aom Didik (satpam di sri manganti)

  TAJIMALELA

  Nu tos ngiring milis 6 tahun


  . 
   

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke