Sampurasun nun, bade ngiring mairan sakedik meungpeung kaparengkeun. Dina paguneman disebatkeun Urang Sukapura teh teureuh ti karajaan Pajang, naha kamarana atuh urang sunda nu asli teureuh ti Galuh, da waktu urang Pajang (Jaka Tingkir) datang ka Sukapura teh tangtuna oge lain daerah kosong/leuweung, malah kamungkinanana geus mangrupakeun pakampungan atawa dayeuh nu geus rada maju mangsa harita da jarakna teu jauh jeung pusat karajaan nu leuwih heubeul saacanna (Galuh), boh ti Kawali oge ti Karang Kamulyan, asa pamohalan mun eta wewengkon Sukapura mangrupa daerah kosong. Upama tea mah turunan Jaka Tingkir nyepeng kalungguhan Bupati, tangtu rahayatna, badegana, prajuritna, hulubalangna/ponggawa jeung pacabakan lianna tangtu sabagean gede urang asli SUkapura. Taaaah... kamarana teureuh atawa katurunanana, naha teu jadi uraang Sukapura (Tasik) kitu??. Pon kitu deui kang Taji nyebatkeun sadayana turunan ti Sumedang teureuh P. Geusan Ulun, padahal Geusan Ulun teh apan jadi Ratu di Sumedang Larang nu tangtu rahayat jeung pajabat/pagawe pamarentahanana aya rebuan, mungkin ratusan rebu, naha teu aya kitu teureuh/turunanana.
Tapi nya simkuring ngarti, ungkapan eta tandaning reueus kanu jadi luluhur panutanna, geuning umumna pahayang-hayang urang Sunda disebut turunan/teureuh Prabu Siliwangi, mun urang Panjalu pahayang-hayang kaasup turunan Sangiyang Prabu Borosngora (kaasup simkuring he...he...), urang Cirebon hayang disebut turunan Sunan Gunungjati, gumantung saha tokoh luluhur nu jadi panutan di eta wewengkon, tapi nu penting mah kalayan aya manfaatna keur balarea nyaeta, kumaha sangkan urang dina sajeroning hirup didunya teh milampah pagawean saperti nu geus dicontoan ku tokoh panutan eta. Kitu manawi pamairan simkuring. pun sapun -- Rampes Nun, Engkus --- Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Dina Sajarah Sukapura (Disertasi DR Emuh Somantri?) > disebutkeun eta bupati2 priangan teh kabeh turunan > ti Eyang Dago bin Rd Benawa bin Jaka Tingkir. Jadi > turunan Pajang/Demak sanes Mataram. Kunaon priangan > jadi ciri mataram nya sababna jaman Sultan Agung > invasi mataram leuwih babari ngawasa sabab bupati2na > leuwih kooperatif meuereun masih bau wetan keneh. > > Perkara keris di museum lolobana tangguh mataram > nya wajar da harita mah nu nyekel keris diwates keur > bupati, patih & pangagung laina. Simbol standar keur > pangagung ti Sultan Agung nyaeta payung, tumbak, > jeung keris. Pasti tangguhna oge tangguh mataram > lain tangguh galuh, pajajaran, atawa cirebon. > > > > Tajimalela <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ngiringan nambihan. > > Ceuk simkuring mah sadayana turunan ti sumedang, > teureuh ti P Geusan Ulun > anu dipencar-pencarkeun ku mataram saprak mataram > menguasai pasundan, ieu > maksudna keur memperlemah kekuatan sumedang, > disumedang nyalira aya dua > versi pertama versi turunan Geusan Ulun kadua versi > Rangga Gempol (atau > Pangeran Kusumahdinata) versi anu kadua ieu mah > turunan ti Mataram. > Sedangkan turunan2 prbu geusan ulun mah di pencar2 > keun aya nu ka Limbangan, > Sukapura, Wanayasa Cikundul jeun nu sanesna. Nu ka > Sukapura mah jadi > Wiradadaha, anu ka limbangan jadi Wiratanubaya, anu > ka Wanayasa janten Dalem > Wanayasa teras ka Cianjur janten dalem janten dalem > Cikundul. > > Anu rada aneh ceuk kuring mah perkawis "Pangeran > Tajimalela" naha bener aya > kitu disumedang ?.hahahaha..anu sumare di gunung > lingga ceunah..maksad na > lingga didieun mah hartosna patok, batas wilayah > antara cirebon jeung > sumedang. Terus anu aneh deui mun urang ka sri > manganti (museum) keris-keris > Tajimalela jeung Geusan Ulun, lolobana keris mataram > janten lain keris urang > sunda.kumaha ieu teh Aom Didik (satpam di sri > manganti) > > TAJIMALELA > > Nu tos ngiring milis 6 tahun > > _____ > > From: [email protected] > [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of > dudi_ss > Sent: Tuesday, January 29, 2008 8:14 AM > To: [email protected] > Subject: Re: [kisunda] Teureuh Batara Dangiang > Guru?? > > He, he, he, keun bae atuh Kang Tirta teu kedah > kahartos ari tos karaos > mah..! > Perkawis nami "wijaya' kumaha paniatan anu masihan > namina atuh Kang, tapi > abdi mah satuju nami teh harapan atanapi do'a ti > sepuh urang. > > Perkawis Tasik/ Sukapura anu kawitna ti Demak/ > Pajang jaman Jaka Tinggkir > tea pan sanos Karajaan Pajang teh mung saentragan > margi saatos Jaka Tingkir > lengser teu aya terasna malih ngawitan ngadegna > Mataram, nu matak Kerajaan > Pajang dugi kaayeuna henteu populer oge henteu ka > susud patilasanana > ampir-ampir ditutup ku Jateng atanapi Mataram-na ge. > Upami ditengetan urang > Urang Tasik mah gaduh cara hirup anu rada benten ti > urang sunda sanesna, > contona: diwidang perniagaan teras eta ayana "saur > sepuh" yen urang Sukapura > mah teureuh ti Pajang. Kawitna mah abdi teu ngartos > hal ieu, manawi kedah > aya panalungtikan anu langkung daria pangaruh Pajang > di tatar Sunda khusuna > di Sukapura, sabaraha kuren urang pajang anu migrasi > ka tatar Sunda harita, > sabab musabab urang Pajang ngalih ka Sukapura, > kumaha kondisi Sukapura dina > waktos harita +/- taun 1500 - 1550 kaitanana sareng > penduduk asli didinya, > tiasa wae mangsa harita Sukapura daerah sepi/kosong > ti pangaruh > karajaan-karajaan alit anu ngawengku eta wewengkon. > > Saleresna upami diklaim yen bupati-bupati di > priangan asal-usulna ti Pajang/ > Demak mah rada "sensi" atuh tapi nya ari buktosna > kitu, urang teu tiasa > kukumaha deui atuh da eta mah tos janten sajarah. > Sok atuh ayeuna mah di > tataan bae bupati mana bae nalikan jaman Pajang// > Demak// Mataram anu > kawitna ti wetan. > > wassalam, > dudi_ss > > ----- Original Message ----- > From: Tirta widjaja > To: [EMAIL PROTECTED] > <mailto:kisunda%40yahoogroups.com> .com > Sent: Tuesday, January 29, 2008 12:02 AM > Subject: [kisunda] Teureuh Batara Dangiang Guru?? > > Hatur nuhun kang Dudi.....1000% abdi mah teu > ngartos, nu penting mah jalan > terus nyukcruk karuhun... > > Wijaya......Nu ngangge eta nami di kulawargi teh: > Tirtawidjaja, Kertawidjaja > (saur ema Iyam di Ciomas mah Kartawidjaja), > Adiwidjaja, Sastrawidjaja.... Di > gigireun kuburan Eyang Tirta teh namina Eyang > Matarana da saurna kawitna ti > mataram.... Ceuk "Sajarah Sukapura" asal Bopati2 > Priangan mah asal usulna ti > Pajang/Demak ti Raden Dago, nya tangtos ngawengku > Sumedang. > > Urang teraskeun deui ah Semplak Waja... > > JP > Sim kuring di Jakarta di Kuningan, alamatna? Nu aya > kaca patri gambar > kujang, daun paku. Dihareup aya tulisan Saung Galah > (latin) dihandapna Jalak > Pakuan (sunda pegon niron tina tulisan sunda kiriman > kang Kumi). > Kaleresan (coincidence)??? Duka atuh.... > > . > > [Non-text portions of this message have been > removed] > > [Non-text portions of this message have been > removed] > > > > > > Send instant messages to your online friends > http://uk.messenger.yahoo.com > > [Non-text portions of this message have been > removed] > > ____________________________________________________________________________________ Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
