Rampes Kan Engkus.
Kantos ku sim kuring diserat yen Tasik gaduh masa/periode nu masih poek
nyaeta ti ngalihna Saung Galah (Mangunreja) ka Pakwan/Pajajaran dugi ka jeg
ngadegna Sukapura. Janten tasik mah hiji conto panginten yen sajarah di tatar
sunda teh masih barolong keneh, matak gehger aya naskah wangsakerta nu nyerelek
lengkep khususna nu ngaguar karuhun di tatar sunda.
Masalah reueus ka karuhun keur sim kuring mah rek ngala kana nilai (value)
keur pakeeun poe ieu jeung isukan, sanes an sich kokocoran getih (DNA). Nya ari
nyatana aya kokocoran ti karuhun nu luhung eta mah sajarah, da nu keur jadi
peunteun mah "Nyieun Sajarah" (nu hade tangtosna). Esensina mah teu tebih ti
pamadegan Kang Engkus, milampah pagawean nyonto ka panutan.
salam
Jalak Pakwan
engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sampurasun nun, bade ngiring mairan sakedik meungpeung
kaparengkeun.
Dina paguneman disebatkeun Urang Sukapura teh teureuh
ti karajaan Pajang, naha kamarana atuh urang sunda nu
asli teureuh ti Galuh, da waktu urang Pajang (Jaka
Tingkir) datang ka Sukapura teh tangtuna oge lain
daerah kosong/leuweung, malah kamungkinanana geus
mangrupakeun pakampungan atawa dayeuh nu geus rada
maju mangsa harita da jarakna teu jauh jeung pusat
karajaan nu leuwih heubeul saacanna (Galuh), boh ti
Kawali oge ti Karang Kamulyan, asa pamohalan mun eta
wewengkon Sukapura mangrupa daerah kosong. Upama tea
mah turunan Jaka Tingkir nyepeng kalungguhan Bupati,
tangtu rahayatna, badegana, prajuritna,
hulubalangna/ponggawa jeung pacabakan lianna tangtu
sabagean gede urang asli SUkapura. Taaaah... kamarana
teureuh atawa katurunanana, naha teu jadi uraang
Sukapura (Tasik) kitu??.
Pon kitu deui kang Taji nyebatkeun sadayana turunan ti
Sumedang teureuh P. Geusan Ulun, padahal Geusan Ulun
teh apan jadi Ratu di Sumedang Larang nu tangtu
rahayat jeung pajabat/pagawe pamarentahanana aya
rebuan, mungkin ratusan rebu, naha teu aya kitu
teureuh/turunanana.
Tapi nya simkuring ngarti, ungkapan eta tandaning
reueus kanu jadi luluhur panutanna, geuning umumna
pahayang-hayang urang Sunda disebut turunan/teureuh
Prabu Siliwangi, mun urang Panjalu pahayang-hayang
kaasup turunan Sangiyang Prabu Borosngora (kaasup
simkuring he...he...), urang Cirebon hayang disebut
turunan Sunan Gunungjati, gumantung saha tokoh luluhur
nu jadi panutan di eta wewengkon, tapi nu penting mah
kalayan aya manfaatna keur balarea nyaeta, kumaha
sangkan urang dina sajeroning hirup didunya teh
milampah pagawean saperti nu geus dicontoan ku tokoh
panutan eta.
Kitu manawi pamairan simkuring.
pun sapun -- Rampes Nun,
Engkus
--- Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Dina Sajarah Sukapura (Disertasi DR Emuh Somantri?)
> disebutkeun eta bupati2 priangan teh kabeh turunan
> ti Eyang Dago bin Rd Benawa bin Jaka Tingkir. Jadi
> turunan Pajang/Demak sanes Mataram. Kunaon priangan
> jadi ciri mataram nya sababna jaman Sultan Agung
> invasi mataram leuwih babari ngawasa sabab bupati2na
> leuwih kooperatif meuereun masih bau wetan keneh.
>
> Perkara keris di museum lolobana tangguh mataram
> nya wajar da harita mah nu nyekel keris diwates keur
> bupati, patih & pangagung laina. Simbol standar keur
> pangagung ti Sultan Agung nyaeta payung, tumbak,
> jeung keris. Pasti tangguhna oge tangguh mataram
> lain tangguh galuh, pajajaran, atawa cirebon.
>
>
>
> Tajimalela <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ngiringan nambihan.
>
> Ceuk simkuring mah sadayana turunan ti sumedang,
> teureuh ti P Geusan Ulun
> anu dipencar-pencarkeun ku mataram saprak mataram
> menguasai pasundan, ieu
> maksudna keur memperlemah kekuatan sumedang,
> disumedang nyalira aya dua
> versi pertama versi turunan Geusan Ulun kadua versi
> Rangga Gempol (atau
> Pangeran Kusumahdinata) versi anu kadua ieu mah
> turunan ti Mataram.
> Sedangkan turunan2 prbu geusan ulun mah di pencar2
> keun aya nu ka Limbangan,
> Sukapura, Wanayasa Cikundul jeun nu sanesna. Nu ka
> Sukapura mah jadi
> Wiradadaha, anu ka limbangan jadi Wiratanubaya, anu
> ka Wanayasa janten Dalem
> Wanayasa teras ka Cianjur janten dalem janten dalem
> Cikundul.
>
> Anu rada aneh ceuk kuring mah perkawis "Pangeran
> Tajimalela" naha bener aya
> kitu disumedang ?.hahahaha..anu sumare di gunung
> lingga ceunah..maksad na
> lingga didieun mah hartosna patok, batas wilayah
> antara cirebon jeung
> sumedang. Terus anu aneh deui mun urang ka sri
> manganti (museum) keris-keris
> Tajimalela jeung Geusan Ulun, lolobana keris mataram
> janten lain keris urang
> sunda.kumaha ieu teh Aom Didik (satpam di sri
> manganti)
>
> TAJIMALELA
>
> Nu tos ngiring milis 6 tahun
>
> _____
>
> From: [email protected]
> [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of
> dudi_ss
> Sent: Tuesday, January 29, 2008 8:14 AM
> To: [email protected]
> Subject: Re: [kisunda] Teureuh Batara Dangiang
> Guru??
>
> He, he, he, keun bae atuh Kang Tirta teu kedah
> kahartos ari tos karaos
> mah..!
> Perkawis nami "wijaya' kumaha paniatan anu masihan
> namina atuh Kang, tapi
> abdi mah satuju nami teh harapan atanapi do'a ti
> sepuh urang.
>
> Perkawis Tasik/ Sukapura anu kawitna ti Demak/
> Pajang jaman Jaka Tinggkir
> tea pan sanos Karajaan Pajang teh mung saentragan
> margi saatos Jaka Tingkir
> lengser teu aya terasna malih ngawitan ngadegna
> Mataram, nu matak Kerajaan
> Pajang dugi kaayeuna henteu populer oge henteu ka
> susud patilasanana
> ampir-ampir ditutup ku Jateng atanapi Mataram-na ge.
> Upami ditengetan urang
> Urang Tasik mah gaduh cara hirup anu rada benten ti
> urang sunda sanesna,
> contona: diwidang perniagaan teras eta ayana "saur
> sepuh" yen urang Sukapura
> mah teureuh ti Pajang. Kawitna mah abdi teu ngartos
> hal ieu, manawi kedah
> aya panalungtikan anu langkung daria pangaruh Pajang
> di tatar Sunda khusuna
> di Sukapura, sabaraha kuren urang pajang anu migrasi
> ka tatar Sunda harita,
> sabab musabab urang Pajang ngalih ka Sukapura,
> kumaha kondisi Sukapura dina
> waktos harita +/- taun 1500 - 1550 kaitanana sareng
> penduduk asli didinya,
> tiasa wae mangsa harita Sukapura daerah sepi/kosong
> ti pangaruh
> karajaan-karajaan alit anu ngawengku eta wewengkon.
>
> Saleresna upami diklaim yen bupati-bupati di
> priangan asal-usulna ti Pajang/
> Demak mah rada "sensi" atuh tapi nya ari buktosna
> kitu, urang teu tiasa
> kukumaha deui atuh da eta mah tos janten sajarah.
> Sok atuh ayeuna mah di
> tataan bae bupati mana bae nalikan jaman Pajang//
> Demak// Mataram anu
> kawitna ti wetan.
>
> wassalam,
> dudi_ss
>
> ----- Original Message -----
> From: Tirta widjaja
> To: [EMAIL PROTECTED]
> <mailto:kisunda%40yahoogroups.com> .com
> Sent: Tuesday, January 29, 2008 12:02 AM
> Subject: [kisunda] Teureuh Batara Dangiang Guru??
>
> Hatur nuhun kang Dudi.....1000% abdi mah teu
> ngartos, nu penting mah jalan
> terus nyukcruk karuhun...
>
> Wijaya......Nu ngangge eta nami di kulawargi teh:
> Tirtawidjaja, Kertawidjaja
> (saur ema Iyam di Ciomas mah Kartawidjaja),
> Adiwidjaja, Sastrawidjaja.... Di
> gigireun kuburan Eyang Tirta teh namina Eyang
> Matarana da saurna kawitna ti
> mataram.... Ceuk "Sajarah Sukapura" asal Bopati2
> Priangan mah asal usulna ti
> Pajang/Demak ti Raden Dago, nya tangtos ngawengku
> Sumedang.
>
> Urang teraskeun deui ah Semplak Waja...
>
> JP
> Sim kuring di Jakarta di Kuningan, alamatna? Nu aya
> kaca patri gambar
> kujang, daun paku. Dihareup aya tulisan Saung Galah
> (latin) dihandapna Jalak
> Pakuan (sunda pegon niron tina tulisan sunda kiriman
> kang Kumi).
> Kaleresan (coincidence)??? Duka atuh....
>
> .
>
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
>
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
>
>
>
>
>
> Send instant messages to your online friends
> http://uk.messenger.yahoo.com
>
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
>
>
__________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and
know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/