"NU NGAKAL MAH PAN SOK NGAKEUL" Kang Oman,
abdi masing ukur nyocolan bungkus peda dina hawu..teu weleh wareg..pedana mah 
ingkeun wae tong dibuka..ceuk mitoha si Kabayan ...ku medit tea..
ketang abdi mah beuleum peda koredas...(saur basa JEPANG  mah.."karimastakana" 
dozo)

AMBU 

oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               Tuh 
nya Kang Tirta mah. Batur mah telik mairan teh kana eusina
 bungkusan, ari ieu bet panutupna anu diopenan teh :) .
 
 Istilah "cooling down" teh satemenna alesan kuring anu can rineh keur
 nuliskeun laporan pajemuhan. Nyakitu tea pakupis ku kaditu kadieu
 (hampura Mh, kahayang mah nurutan bangsa Korea, orokaya masih "sagala"
 dicabak, ku pancen tea di kantor babakuna mah). Padahal mah memang
 laporan eta teh tos seueur anu nyuhunkeun. Ke sugan isukan rada rineh.
 
 Anu jelas mah, nyoko kana postingan Mh ngeunaan etos gawe urang Korea,
 gempungan anu kadua sigana kudu difokuskeun kana jejer nyadiakeun
 knowledge base basa Sunda di internet atawa ngeuyeuban media keur
 urang Sunda diajar ngaliawatan rupa-rupa media. Apan eta, urang Korea
 oge bisa ngabeleset maju siga ayeuna teh dimimitian ku memeres dunya
 atikan jeung ...rajin digarawe (hartina nyinglar ngagegedekeun
 koreh-koreh cok, komo nepi ka boga panyakit - sakumaha ceuk Rieke Dyah
 Pitaloka - pohoan mah....poho salila kl. 32 taun baheula geus dibobodo
 :) ).
 
 Ngan, kumaha burang sarerea sangkan bisa terus fokus sok sanajan
 leutik/saeutik, rikrik gemi, salawasna intropeksi jeung ngomean
 kakurangan sorangan, jeung bisa gawe?
 
 baktos,
 manAR
 
 On Feb 9, 2008 8:19 AM, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 >
 >
 >
 >
 > Kang Oman biasa-biasa we ulah cooling down sagala, memangna bandrek bajigur
 > he....he..... Pas na mah sanes laporan panginten eta mah tutulisan
 > "pandangan mata". Pami laporan mah kedah ka boss (memang aya boss kitu?).
 > Terus da asana mah acara kamari teh euweuh panitia, nu aya ge nu daek
 > nyayagikeun a, b, c na. Janten simpel, basajankeun we lah serat we naon nu
 > dibahas, kumaha hasilna, naon rencana lajuninglakuna. Ke tiap jelema sunda
 > nu boga "interest" nu sarua tiasa gawe bareng, kolaborasi, ngaleungitkeun
 > gawe duplikasi, mandeg jste.
 >
 > Sugan eta seratan tiasa nyumangetan saha bae nu bade jadi bohir ngayakeun
 > lengkah terasna. Teu kedah panitia-panitiaan der we lah kanu gaduh niat
 > jeung daek eksyen. Nu penting kabeh dicekel ku urang sadaya: "No Pamrih"
 > sadaya fokuskeun ka sunda/kasundaan.
 >
 > salam
 > tirta
 > ----------------------------------------------------------
 > manAR
 > (hapunten, oge ka sadayana, laporan pajemuhan tea teu acan kabujeng,
 > nuju cooling down heula :)
 >
 > : ,
 >
 >
 
     
                               

       
---------------------------------
Never miss a thing.   Make Yahoo your homepage.

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke