teu gaduh nun,
ieu mah ceuk abdi reduksi dari yang pernah saya baca "keris teh saleresna mah
pangaruh ti wetan". Da ari Sunda mah tumetep ngageugeuh KUJANG. Boh dina
prasasti boh tina kasusastraan kuno..."keris" teh mucunghulna ti sumber2
tertulis anu jolna ti wetan wae.
Keris lalu menjadi senjata sakti, ampuh dan tangguh teh kadieunakeun...duka
tah saha nu ngawitanana? Ngan anu pang"KOLOT-KOLOTNA" pun "keris" buktos
dianggo pakarang nya jaman Kadiri-Tumapel Ken Arok (Girisanatha) kanggo nubles
Mpu Gandring (nu ngadamelna) > nuncleb beuteung Tunggul Ametung > nuncleb ka
Ken Arok > nucleb ka Anusapati > nuncleb ka Tohjaya....teras dugi ka 7 turunan
(sumpah Mpu Gandring)...peristiwa abad ka 12-13
Kapungkur mah asa gaduh bukuna perkawis keris teh ngan "ngahiyang" tah duka
kamana, ke mun penak diwartosan.
AMBU
Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sampurasun Ambu, he...he....bab keris janten we lumpat kana jalak ngoceh salah
sahiji wanda/bentuk keris kitu. Ambu pan keris teh pasti teu sagawayah
ngadamelna, pasti aya harti jeung pamaksudanana. Kinten-kintena aya kitu
palasapah ngeunaan keris tangguh Galuh sareng keris tangguh Pajajaran?
salam
Jalak Pakwan
----- Original Message ----
From: richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, February 20, 2008 2:15:43 AM
Subject: Re: Keris Galuh - Majapait Re: [kisunda] Goong PAJAJARAN
Haturan kaulanun "santana Semplakwaja" ngamandala deui!
Cik atuh Kang, ku harianeun nya piraku tina Jalak "istana" (=Pakwan) janten
Jalak "ngoceh"
Perkawis KERIS? nya moal tiasa..da tatanan Mandala na benten kacida jsuh mela
melu, kabina-bina, dibandingkeu oge moal tiasa nyambung..hese beurat...moal
kaunggulan
AMBU
Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: Punten ieu mah bobodoan naros,
naha nya henteu nyandingkeun we keris Galuh/Pajajaran jeung Majapait. Asa
langkung babari milarina mun dua pusaka ieu. Tapi duka oge mun spesifik keris
nu disuhunkeun, boa-boa sarua atawa leuwih hese nya.
salam
Jalak Ngoceh
----- Original Message ----
From: engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com>
To: Kisunda <[EMAIL PROTECTED] .com>
Sent: Tuesday, February 19, 2008 8:47:12 PM
Subject: [kisunda] Goong PAJAJARAN
Rampes,
Kamana wae Ambu, biasa unggal dinten ngulampreng aya
kana 2-4 kalina, e...eh, sadinten be teu aya matak
janten sono. Kumaha tah ambu artikel teh? sareng
patarosan simkuring sual kapanjaluan aya kitu?...
Oh muhun deuih ambu, dinten saptu nu bakal datang ping
23 Februari, kuring sakulawargi bakal kadatangan tamu
ti Bali, rencanana bade ngariung di Panjalu di
rorompok pun biang. Urang Bali ieu cenah masih ngagem
agama asli jeung gaduh kayakinan kalayan dirojong ku
catetan silsilah nu jelas yen aranjeunna/urang Bali
masih turunan ti Prabu Ciung Manarah(GALUH) . Eta
rommbongan bade nyukcruk sual GOONG PAJAJARAN.
Aranjeunna boga kayakinan yen Nusantara tiasa nanjeur
deui mun Sunda-Jawa tiasa rukun deui sacara material &
spiritual. Kelompok ti Bali ieu ngarancanakeun Goong
Pajajaran & Goong Majapahit bade disandingkeun dina
acara spiritual di Trowulan.
Tah naha Ambu terang perkara ieu, oge ka sugri para
wargi nu ngagaduhan katerangan perkara GOONG PAJAJARAN
diantos pagunemannana. Naha bener aya Goong Pajajaran
teh atanapi mun sakadar dongeng, kuring sorangan
kakara ngareungeu warta perkara ieu.
Mangga nun manawi aya nu terang.
Baktos
pun Engkus,
____________ _________ _________ _________ _________ _________ _
Be a better friend, newshound, and
know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. http://mobile. yahoo.com/
;_ylt=Ahu06i62sR 8HDtDypao8Wcj9tA cJ
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger .yahoo.com
[Non-text portions of this message have been removed]
------------ --------- --------- ---
Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.
[Non-text portions of this message have been removed]
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
[Non-text portions of this message have been removed]
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/