Kang Oman.
Gula beureum anu sa-gede2 piring mah sanes gula kawung, eta mah Gula KALAPA
Kade ulah lpat...abdi ge keur budak sok pirajeuneun cinutrung caket nu ngadamel 
gula beureum teh ari lembur (jaman nini jumeneng keneh). Tapi pami Kang Oman 
bade nandean lahang ku anjeun mah teu nanaon ketang...sakantenan langkung 
AFDHOL nya.... ngan aya palakiahna upami ngala lahang...kdah nganggo acuk anu 
tos kantos bau lahang kawung...numawi no sok biasa ngala lahang mah biasana 
acukna teh khusus...eta2 keneh...bae...da tangkal awung teh geuning gaduheun 
irung... sanes bohong...enyaan.

pami nandean madu kade bilih diseureud keh... upami alim diseureud...kdah 
wawanohan heula sareng sakadang ENGANGna...maos serat Nabi Sulaeman A.S.
heula cnah...kitu...

kieu Asihanana:
"Biss...
putra nabi Sulaeman kang dadi kaceseh
nu aya di awang2 pangeran  yadadullah
punika putra nabi Sulaeman kang dadi oray
raden Gandhatullah
punika puta nabi Sulaeman kang dadi macan
raden Mangunjaya
punika putra nabi Sulaeman nu aya di kulit bumi
raden Mudatullah
punika puta nabi Sulaeman di kulit banyu
raden Rekamaya
punika puta nabi Sulaeman di dasar banyu
raden Mayareka
punika puta nabi Sulaeman 
roh kayu, roh bumi,
manusa asih ka dewa
dewa asih ka manusa
istan !  istan  !

Asihan aing Asihan nabi sulaeman
kula nyuhunkeun idin nyuhunkeun rido
salametna rejekina
kula deuk nyieun tegal kahirupan dina leuweung ieu..."
 
Teras, Kang Oman nyampeurkeun ka ENGANG tea.... 
teuteup sing leleb...socana...
Maos ieu:

" Apa kidam-kidam tilawati
Sulaeman kang putra Daud
katututan nabi sulaeman
ya kadi ya mukin
sang palayat herang
ti buntut pindah ka hulu
ti hulu pindah ka buntut
tet buntetetet...buntet..."

abdi mah sigana dibarung ku heureuy... tapi "daria" ambeh teu setresss
ieu teh dunga nabi Sulaeman...peperenian pun AKI tea...
kaleresan pun bapa PINTUIN (jenatna) nami teh RMM.Sulaeman Kartakusuma
janten...sim abdi mah pami nyambat dunga ieu teh...langsung ka pun Bapa...
hehehhehhhh

AMBU






----- Original Message ----
From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, June 26, 2008 2:30:04 PM
Subject: Re: [kisunda] Re: komik PS; tos seueur masukan, hatur nuhun,... 'inti 
POWER PS


Saena mah gula beureumna meunang nyadap sorangan, naheur legen
nyalira, nepi ka nitiskeunana. Mmmhhh pedo pisan eta duga dicolek ku
beuleum sampeu, jadi wae nostalgia keur budak, pipir hawu Mang Eji,
pangebon jeung panyawah pang solehna ceuk pun bapa mah :).  Atuh
maduna kenging karancagean nyalira, ti mimiti nandaan engang atawa
nyiruan anu nuju ngaroris kembang, mangdamelkeun sayangna, teras
misah-misahkeun maduna.....hehehe.  Ala kuli hal hatur nuhun pisan
Ambu. Abdi haqqul yakin kana resep model ti Ambu teh, mung kalan-kalan
sok keur seepeun barang.

Madu asana aya keneh, kamari basa mulang ti Indramayu nukeuran sabotol
di Majalengka. Gula beureum? sigana kudu ngalongok deui Lumbung. Di
Pasir Pogor-Lumbung, gula kawungna baradag, sagede-gede piring teh
lain bohong. Henteu sagede piring pisan mah, ampir wae. Naon deui nya?
oh muhun, endog hayam kampung. Ngan kudu anu karek crut ti surgana
saurna Ambu? Leuh ieu anu matak ngalatih kasabaran oge manajemen teh.
Kumaha carana sangkan unggal isuk aya anu ngurunyung ngasongkeun endog
hayam kampung baru crut tina ...busurna. Aya nu gaduh ideu? mangga
sakantenan ulah pameng. diantos pisan.

Dina leresan ideu-ideu manajemen sangkan gaduh akses kana endog hayam
kampung (kampung mana wae, moal dibeda-beda) , abdi sacara khusus
ngahaturanan gan Ema, gan Agus, Mh, oge nu sanesna kanggo ulubiung
maparin bongbolongan. Mangga dihaturanan.

baktos,
manAR

On Thu, Jun 26, 2008 at 2:03 PM, mh <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
> On Thu, Jun 26, 2008 at 2:57 PM, richadiana kartakusuma
> <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com> wrote:
>> oge kang Oman
>> poma ulah hilap, unggal dinten kdah ngeureuyeuh ngaleu-euutan Madu "ASLI"
>> sareng parud koneng + endog hayam KAMPUNG beu-beureumna. .
>>
>> Kdah endog hayam kampung...nu nembe "prol borosot" tina si burik...antosan
>> bae...sing sabar...pami aya nu ngingon hayam kampung..wios nu tatangga
>> ge...enggal. ..didodoho. ..tewak pencet beuteungna.. .ngkeh prol
>> endogna....hayamna uihkeun deui ka tatangga nya.
>>
>
> ambu, mani nyiksa pisan resep teh, telenges kacida teuing, teu aya
> ras-ras-an peri-kahayaman. hehehe. matih eta resep teh ambu? hehehe.
>
> salam,
> mh
>
> 
    


      

Kirim email ke