ahahhahaa...sae pisan asihan teh Ambu... meni ngeuhkeuy abdi seuseurian ti buntut pindah kahulu ti hulu pindah ka buntut Engangna bulak balik nyeureud bareuh...bareuh...awak uing sugan buntet....sugan buntet.... instan....instan...... Liena.
--- On Thu, 6/26/08, richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [kisunda] HATURAN KANG OMAN "KHUSUSON........" To: [email protected] Date: Thursday, June 26, 2008, 1:02 AM Kang Oman. Gula beureum anu sa-gede2 piring mah sanes gula kawung, eta mah Gula KALAPA Kade ulah lpat...abdi ge keur budak sok pirajeuneun cinutrung caket nu ngadamel gula beureum teh ari lembur (jaman nini jumeneng keneh). Tapi pami Kang Oman bade nandean lahang ku anjeun mah teu nanaon ketang...sakantenan langkung AFDHOL nya.... ngan aya palakiahna upami ngala lahang...kdah nganggo acuk anu tos kantos bau lahang kawung...numawi no sok biasa ngala lahang mah biasana acukna teh khusus...eta2 keneh...bae. ..da tangkal awung teh geuning gaduheun irung... sanes bohong...enyaan. pami nandean madu kade bilih diseureud keh... upami alim diseureud... kdah wawanohan heula sareng sakadang ENGANGna...maos serat Nabi Sulaeman A.S. heula cnah...kitu. .. kieu Asihanana: "Biss... putra nabi Sulaeman kang dadi kaceseh nu aya di awang2 pangeran yadadullah punika putra nabi Sulaeman kang dadi oray raden Gandhatullah punika puta nabi Sulaeman kang dadi macan raden Mangunjaya punika putra nabi Sulaeman nu aya di kulit bumi raden Mudatullah punika puta nabi Sulaeman di kulit banyu raden Rekamaya punika puta nabi Sulaeman di dasar banyu raden Mayareka punika puta nabi Sulaeman roh kayu, roh bumi, manusa asih ka dewa dewa asih ka manusa istan ! istan ! Asihan aing Asihan nabi sulaeman kula nyuhunkeun idin nyuhunkeun rido salametna rejekina kula deuk nyieun tegal kahirupan dina leuweung ieu..." Teras, Kang Oman nyampeurkeun ka ENGANG tea.... teuteup sing leleb...socana. .. Maos ieu: " Apa kidam-kidam tilawati Sulaeman kang putra Daud katututan nabi sulaeman ya kadi ya mukin sang palayat herang ti buntut pindah ka hulu ti hulu pindah ka buntut tet buntetetet.. .buntet.. ." abdi mah sigana dibarung ku heureuy... tapi "daria" ambeh teu setresss ieu teh dunga nabi Sulaeman...pepereni an pun AKI tea... kaleresan pun bapa PINTUIN (jenatna) nami teh RMM.Sulaeman Kartakusuma janten...sim abdi mah pami nyambat dunga ieu teh...langsung ka pun Bapa... hehehhehhhh AMBU ----- Original Message ---- From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com> To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Thursday, June 26, 2008 2:30:04 PM Subject: Re: [kisunda] Re: komik PS; tos seueur masukan, hatur nuhun,... 'inti POWER PS Saena mah gula beureumna meunang nyadap sorangan, naheur legen nyalira, nepi ka nitiskeunana. Mmmhhh pedo pisan eta duga dicolek ku beuleum sampeu, jadi wae nostalgia keur budak, pipir hawu Mang Eji, pangebon jeung panyawah pang solehna ceuk pun bapa mah :). Atuh maduna kenging karancagean nyalira, ti mimiti nandaan engang atawa nyiruan anu nuju ngaroris kembang, mangdamelkeun sayangna, teras misah-misahkeun maduna.....hehehe. Ala kuli hal hatur nuhun pisan Ambu. Abdi haqqul yakin kana resep model ti Ambu teh, mung kalan-kalan sok keur seepeun barang. Madu asana aya keneh, kamari basa mulang ti Indramayu nukeuran sabotol di Majalengka. Gula beureum? sigana kudu ngalongok deui Lumbung. Di Pasir Pogor-Lumbung, gula kawungna baradag, sagede-gede piring teh lain bohong. Henteu sagede piring pisan mah, ampir wae. Naon deui nya? oh muhun, endog hayam kampung. Ngan kudu anu karek crut ti surgana saurna Ambu? Leuh ieu anu matak ngalatih kasabaran oge manajemen teh. Kumaha carana sangkan unggal isuk aya anu ngurunyung ngasongkeun endog hayam kampung baru crut tina ...busurna. Aya nu gaduh ideu? mangga sakantenan ulah pameng. diantos pisan. Dina leresan ideu-ideu manajemen sangkan gaduh akses kana endog hayam kampung (kampung mana wae, moal dibeda-beda) , abdi sacara khusus ngahaturanan gan Ema, gan Agus, Mh, oge nu sanesna kanggo ulubiung maparin bongbolongan. Mangga dihaturanan. baktos, manAR On Thu, Jun 26, 2008 at 2:03 PM, mh <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: > On Thu, Jun 26, 2008 at 2:57 PM, richadiana kartakusuma > <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com> wrote: >> oge kang Oman >> poma ulah hilap, unggal dinten kdah ngeureuyeuh ngaleu-euutan Madu "ASLI" >> sareng parud koneng + endog hayam KAMPUNG beu-beureumna. . >> >> Kdah endog hayam kampung...nu nembe "prol borosot" tina si burik...antosan >> bae...sing sabar...pami aya nu ngingon hayam kampung..wios nu tatangga >> ge...enggal. ..didodoho. ..tewak pencet beuteungna.. .ngkeh prol >> endogna....hayamna uihkeun deui ka tatangga nya. >> > > ambu, mani nyiksa pisan resep teh, telenges kacida teuing, teu aya > ras-ras-an peri-kahayaman. hehehe. matih eta resep teh ambu? hehehe. > > salam, > mh > >
