abdi teu ngartos,....
... pembicaraan dewasa nya???
paingan,.. da abdi mah masih 17 th kebawah,... 
:)) :)) :))

--- In [email protected], lina herliana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> ahahhahaa...sae pisan asihan teh Ambu...  meni ngeuhkeuy abdi seuseurian
>  
> ti buntut pindah kahulu
> ti hulu pindah ka buntut
> Engangna bulak balik nyeureud
> bareuh...bareuh...awak uing
> sugan buntet....sugan buntet....
> instan....instan......
>  
> Liena.
> 
> --- On Thu, 6/26/08, richadiana kartakusuma
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> From: richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: [kisunda] HATURAN KANG OMAN "KHUSUSON........"
> To: [email protected]
> Date: Thursday, June 26, 2008, 1:02 AM
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Kang Oman.
> Gula beureum anu sa-gede2 piring mah sanes gula kawung, eta mah Gula
KALAPA
> Kade ulah lpat...abdi ge keur budak sok pirajeuneun cinutrung caket
nu ngadamel gula beureum teh ari lembur (jaman nini jumeneng keneh).
Tapi pami Kang Oman bade nandean lahang ku anjeun mah teu nanaon
ketang...sakantenan langkung AFDHOL nya.... ngan aya palakiahna upami
ngala lahang...kdah nganggo acuk anu tos kantos bau lahang
kawung...numawi no sok biasa ngala lahang mah biasana acukna teh
khusus...eta2 keneh...bae. ..da tangkal awung teh geuning gaduheun
irung... sanes bohong...enyaan.
> 
> pami nandean madu kade bilih diseureud keh... upami alim
diseureud... kdah wawanohan heula sareng sakadang ENGANGna...maos
serat Nabi Sulaeman A.S.
> heula cnah...kitu. ..
> 
> kieu Asihanana:
> "Biss...
> putra nabi Sulaeman kang dadi kaceseh
> nu aya di awang2 pangeran  yadadullah
> punika putra nabi Sulaeman kang dadi oray
> raden Gandhatullah
> punika puta nabi Sulaeman kang dadi macan
> raden Mangunjaya
> punika putra nabi Sulaeman nu aya di kulit bumi
> raden Mudatullah
> punika puta nabi Sulaeman di kulit banyu
> raden Rekamaya
> punika puta nabi Sulaeman di dasar banyu
> raden Mayareka
> punika puta nabi Sulaeman 
> roh kayu, roh bumi,
> manusa asih ka dewa
> dewa asih ka manusa
> istan !  istan  !
> 
> Asihan aing Asihan nabi sulaeman
> kula nyuhunkeun idin nyuhunkeun rido
> salametna rejekina
> kula deuk nyieun tegal kahirupan dina leuweung ieu..."
>  
> Teras, Kang Oman nyampeurkeun ka ENGANG tea.... 
> teuteup sing leleb...socana. ..
> Maos ieu:
> 
> " Apa kidam-kidam tilawati
> Sulaeman kang putra Daud
> katututan nabi sulaeman
> ya kadi ya mukin
> sang palayat herang
> ti buntut pindah ka hulu
> ti hulu pindah ka buntut
> tet buntetetet.. .buntet.. ."
> 
> abdi mah sigana dibarung ku heureuy... tapi "daria" ambeh teu setresss
> ieu teh dunga nabi Sulaeman...pepereni an pun AKI tea...
> kaleresan pun bapa PINTUIN (jenatna) nami teh RMM.Sulaeman Kartakusuma
> janten...sim abdi mah pami nyambat dunga ieu teh...langsung ka pun
Bapa...
> hehehhehhhh
> 
> AMBU
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> ----- Original Message ----
> From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com>
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Sent: Thursday, June 26, 2008 2:30:04 PM
> Subject: Re: [kisunda] Re: komik PS; tos seueur masukan, hatur
nuhun,... 'inti POWER PS
> 
> 
> 
> Saena mah gula beureumna meunang nyadap sorangan, naheur legen
> nyalira, nepi ka nitiskeunana. Mmmhhh pedo pisan eta duga dicolek ku
> beuleum sampeu, jadi wae nostalgia keur budak, pipir hawu Mang Eji,
> pangebon jeung panyawah pang solehna ceuk pun bapa mah :). Atuh
> maduna kenging karancagean nyalira, ti mimiti nandaan engang atawa
> nyiruan anu nuju ngaroris kembang, mangdamelkeun sayangna, teras
> misah-misahkeun maduna.....hehehe. Ala kuli hal hatur nuhun pisan
> Ambu. Abdi haqqul yakin kana resep model ti Ambu teh, mung kalan-kalan
> sok keur seepeun barang.
> 
> Madu asana aya keneh, kamari basa mulang ti Indramayu nukeuran sabotol
> di Majalengka. Gula beureum? sigana kudu ngalongok deui Lumbung. Di
> Pasir Pogor-Lumbung, gula kawungna baradag, sagede-gede piring teh
> lain bohong. Henteu sagede piring pisan mah, ampir wae. Naon deui nya?
> oh muhun, endog hayam kampung. Ngan kudu anu karek crut ti surgana
> saurna Ambu? Leuh ieu anu matak ngalatih kasabaran oge manajemen teh.
> Kumaha carana sangkan unggal isuk aya anu ngurunyung ngasongkeun endog
> hayam kampung baru crut tina ...busurna. Aya nu gaduh ideu? mangga
> sakantenan ulah pameng. diantos pisan.
> 
> Dina leresan ideu-ideu manajemen sangkan gaduh akses kana endog hayam
> kampung (kampung mana wae, moal dibeda-beda) , abdi sacara khusus
> ngahaturanan gan Ema, gan Agus, Mh, oge nu sanesna kanggo ulubiung
> maparin bongbolongan. Mangga dihaturanan.
> 
> baktos,
> manAR
> 
> On Thu, Jun 26, 2008 at 2:03 PM, mh <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
> > On Thu, Jun 26, 2008 at 2:57 PM, richadiana kartakusuma
> > <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com> wrote:
> >> oge kang Oman
> >> poma ulah hilap, unggal dinten kdah ngeureuyeuh ngaleu-euutan
Madu "ASLI"
> >> sareng parud koneng + endog hayam KAMPUNG beu-beureumna. .
> >>
> >> Kdah endog hayam kampung...nu nembe "prol borosot" tina si
burik...antosan
> >> bae...sing sabar...pami aya nu ngingon hayam kampung..wios nu
tatangga
> >> ge...enggal. ..didodoho. ..tewak pencet beuteungna.. .ngkeh prol
> >> endogna....hayamna uihkeun deui ka tatangga nya.
> >>
> >
> > ambu, mani nyiksa pisan resep teh, telenges kacida teuing, teu aya
> > ras-ras-an peri-kahayaman. hehehe. matih eta resep teh ambu? hehehe.
> >
> > salam,
> > mh
> >
> >
>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke