Abdi sapuk sareng pamendak bah Willy. Namung, sami pisan nya urang Portugis sareng Spanyol oge kitu sanaos dina prak-prakanana mah sok disarengan ku misi agama. Urang Indian di nagara-nagara di Amerika Latin pan gen-na tos kacampuran gen sareng budaya oge agama ras Spanyol sareng Portugis margi para penjelajah Portugis sareng Spanyol oge teu keresaeun marulang malah ngadamel koloni enggal dibawah kekuasaan karajaanana. Buktosna seueur padrao anu diwangun ku maranehanana (Portugis) sabage pananda koloni-koloni eta teh patalukan karajaan Portugis. Urang Malayu katitisan getih Arab sanes getih Eropah, nya eta mah tos takdir panginten. Salam, Aschev Schuraschev
----- Original Message ---- From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Monday, June 30, 2008 8:48:18 PM Subject: Re: [kisunda] Karajaan <> kadatuan ???? > From: Aschev Schuraschev > Di belahan dunia lain, saat itu terjadi penjelajahan dan penjajahan oleh > kerajaan-kerajaan dari Eropa. Benua Amerika, > benua Afrika dan bahkan Filipina di Asia jatuh ke tangan mereka. Ulah hilap Kang Asep, kawasan urang teh di jaman harita produsen komoditi rempah-rempah. Rempah-rempah tepi ka urang Eropa ngaliwatan jalan panjang, salah sahijina ngaliwatan kawasan Kekhalifihan Turki Othoman. Tah di abad 15/16 di kawasan Turki Othoman teh sering kajadian peperangan, cukai anu ageung keur para padagang, tepi ka harga rempah-rempah di Eropa mahal pisan. Hal ieu ngadorong urang Eropa neangan jalan sejen, keur neangan sumber rempah-rempah. Samemeh urang Eropa, kaum pedagang ti Arab oge ngalalana ka urang ( Umumna Urang Hadralmaut). Beda jeung Urang Eropa, urang Arab henteu satia ka tanah luluhurna, tapi ngaradegkeun nagara-nagara (kasultanan) di "India Timur". Karajaan2 ieu, karjaan leutik, ngawasa palabuhan jeung perdagangan. Matak ulah kaget upami ningali fisik tturunan sultan-sultan diluar Jawa, nu masih katingali aya katurunan Arabna ( Sultan Hamid II, Kasultanan Pontianak, oge di Ternate/ Tidore, Kasultanan Moro di Philipina jrrrd). Jadi, ceuk kuring mah di abad ka 16 teh, sabenerna kajadianana rebutan komoditi rempah-rempah, antara kaum pedagang ........ Baktos, WALUYA
