Leuh teuing, Agan Ema......sok ngaheureuya kitu? abdi mah apan Gap-Tek...nya 
teu terang..ke pami pun anak jol warangsul kempel.. nembe tiasa naroskeun...da 
abdi diajar teh ti barudak kaleresan nu hiji mah dina komputer (mung tebih 
pisan, wangsul sataun sakali..eta ge pami taya pamengan)

kieu bae atuh
nu disebat kadatuan (kadaton) teh waruga na digambarkeun ku istilah 
"saunggalah" > saung = wangunan bumi; galah = panjang". Janten > "saung 
panjang" ngaderet sajajar...pon kitu kadaton Pakwan Pajajaran oge nu disebat 
"Sri Bima Punta Narayana Madhura Suradipati" cobi dimanahan ku salira

Janten ISTANA (Kadaton) Urang Sunda teh nya kitu wangunan aju ngajajar...boh 
ngahiji boh diheuleutan....asli kadaton "etnis MALAYU" tea, Agan! cobi 
bandingkeun sareng wangunan istana Pagar Ruyung (dipageran ku tangkal ruyung = 
aren = kawung= enau = hanau), oge wangunan istana Sri Wijaya, oge wangunan 
istana nu di Kalimantan, katut wangunan imah Urang Dayak.......sami kitu.

Mung ari wangunan kadaton mah dihias langkung endah, ari wangunan rakyat mah 
nya dihias oge mung teu patos lengkep 
Kitu Gan Ema.

Baktos
Ambu Wirumananggay
 

a



----- Original Message ----
From: Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, July 1, 2008 10:08:54 AM
Subject: Re: [kisunda] Karajaan <> kadatuan ????


Ambu punten, ngeunaan kadatuan ieu,
panginten Ambu mah aya koleksi image atanapi link anu langsung tiasa diakses
teu kokoteangan di gugle, dina raraga hoyong terang kumaha gambarna anu dimaksad
ngeunaan karajaan, kadatuan, karaton sareng sanesna,
di wiki oge seuseueurna mah teu patos lengkap...

punten, 


On Mon, Jun 30, 2008 at 3:58 PM, richadiana kartakusuma <richadianakartakusu 
[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

 culang cileung dipilarian.. .waleran kang AZai  teh bet lebetna kana "Spam"
Kieu atuh Kang

1) istilah "kadaton" tina "kadatuan" diserat dina prasasti Kawali. Tilasna? aya 
nu di Ciamis mah...kadatuan titilar Karajaan Galuh ngan nyaeta ulah-alih > 
kawit di Medangjati,  teras ka Karang Kamulyan, teras ka Kawali...mung 
ruruntukna mah kantun pondasina... wangunanana mah da tina bahan "teu permanen" 
nyaeta kaso tea; pami kadaton Karajaan Sunda mah.... diduruk ku Islam.... 
seep.... ngan aya hiji "tawis tineung" rehna kadaton urang Sunda mah teu leupas 
tina "SURA"
Suawisesa (Wastukancana) - Suradipati (Pakwan Pajajaran) - Surasowan (Banten)   

2) candi? tah nu ieu mah punten ulah lpat hartos. Margi teu hiji2 acan sumber 
data (boh prasasti..boh karyasastra/ manuscript) ti karuhun SUNDA anu 
nyebatkeun istilah "candi" eta mah istilah wetan > dicandak tina istilah 
'candika" 
nu aya di urang Sunda mah bangunan suci teh disebatna "KABUYUTAN" 
numawi sanaos Kang AZAY kokotetengan dugi ka tijuralit oge moal mendak candi di 
tatar Sunda ma, tapi KABUYUTAN

Kitu Kang AZAY

Baktos
AMBU
 

----- Original Message ----
From: "[EMAIL PROTECTED] com" <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com

Sent: Monday, June 30, 2008 3:40:27 PM
Subject: RE: [kisunda] Karajaan <> kadatuan ????


Sumuhun tah ambu kadaton (da tatadi milarian nami kadaton 
meni hese pisan hilap deui).
teu aya tilasna eta kadaton sareng candi-candi kusabab 
bencana alam atawa kusabab lebetna islam ka tatar sunda?
Baktosna
AZ
 
Safety Security and 
Environment I PT. Kraft 
Ultrajaya Indoneisa I Jl. 
Raya Cimareme No. 131, Padalarang - Bandung Barat - 40552 I Phone: 62-22 665 
7458 ext. 235 I Fax: 62-22 662 0792 I 
 


________________________________
 From: [EMAIL PROTECTED] .com 
[mailto:kisunda@ yahoogroups. com] On Behalf Of richadiana 
kartakusuma
Sent: Monday, June 30, 2008 1:51 PM
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Subject: [kisunda] Karajaan <> kadatuan 
????


nu dimaksad teh karajaan 
atanapi kadatuan (kadaton)?
ari karajaan mah buktosna 
seu-eur...palay numana? mung ari kadaton (di Tatar Sunda mah teu nyebat karaton 
tapi kadaton-kadatuan) 

Karajaan di Tatar Sunda teh, 
aya 
Tarumanagara 
Kendan 
Galuh 
Indraprahasta
Saunggalah
Sunda...dst

Baktos 
AMBU


 

----- 
Original Message ----
From: "[EMAIL PROTECTED] com" 
<[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: 
Monday, June 30, 2008 12:57:41 PM
Subject: RE: [kisunda] Re: "Basa 
Sunda"


Aya hiji patarosan ngenaan karajaan-karajaan di tatar sunda 
pangpangnamah karajaan sunda/pajajaran anu teu acan tiasa kajawab sagemblengna 
nyaeta kunaon ari patilasan karajaan sunda teu katingal 
waragatna? Seuseurna mah ari di sunda mah sok kadangu aya 
patilasannana wungkul sapertos batu tapak, ngan ari tilas karajaanana teu 
aya. Cikanlah aya nu tiasa pang mairankeun?
 
Baktosna
AZ
 
 
Safety Security and 
Environment I PT. Kraft 
Ultrajaya Indoneisa I Jl. 
Raya Cimareme No. 131, Padalarang - Bandung Barat - 40552 I Phone: 62-22 665 
7458 ext. 235 I Fax: 62-22 662 0792 I 
 


________________________________
 From: [EMAIL PROTECTED] .com [mailto:kisunda@ yahoogroups. com] On Behalf Of 
Aschev Schuraschev
Sent: Monday, 
June 30, 2008 12:32 PM
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Subject: Re: [kisunda] Re: "Basa Sunda"


Sareng deui, pengaruh Mataram mah lebet ke daerah Priangan 
(sabagian tina sesa kerajaan Sunda) saparantos Banten jenten lemah sarta 
tungtungna ragrag ka Walanda sanes pas Sunda Kalapa leupas.
 
 
 
Permios,
 
Aschev Schuraschev
 



----- 
Original Message ----
From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] 
com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Monday, June 30, 2008 12:02:19 
PM
Subject: Re: [kisunda] Re: "Basa Sunda"


Punten mang Ucup Sarkucup sareng bah Rochajat Harun,
 
 
 
Dumasar kana cutatan sajarah, Karajaan Sunda mah runtagna ku Kasultanan 
Banten, sanes ku Kasultanan Mataram.
 
 
 
Perkawis ragragna Sunda Kalapa, eta ge sanes ragrag ka Mataram 
tapi ragrag ka Demak. Tapi ieu teu tiasa disebat sabage runtagna karajaan 
Sunda margi masih aya perlawanan Ti lima raja Sunda saparantos Sri Baduga 
Maharaja.
 
 
 
Perkawis runtagna Karajaan Sunda, nyumber kana seratanana Herwig 
Zahorka, ku abdi tos dilebetkeun kana Wikipedia basa Inggris 
(http://en.wikipedia .org/wiki/ Sunda_Kingdom) sapertos kieu:
 
 
 
The Decline of Sunda Kingdom
After Sri Baduga Maharaja's death in 1521, the succeding kings, Prabu 
Surawisesa Jayaperkosa alias Ratu Sang Hiang (by the Portuguese called Ratu 
Samian), faced the threat of expansion by expansive Sultanate of Banten and 
Demak. Under this threat, Prabu 
Surawisesa Jayaperkosa, who reigned over the kingdom from 1521 to 1535, 
concluded the treaty with Portuguese from Malacca to establish a warehouse and 
fortress at Sunda Kelapa in return for 
protection against the expansive forces. The contract document was drafted into 
two copies and signed, with the agreement commemorated by the placement of the 
PadrĂ£o stone monument at the mouth 
of the Ciliwung River in 1522 AD. His trade and defense treaty with the 
Portuguese from 1522, which is called Luso Sundanese Treaty, lacked its 
realization because Fatahilah had conquered Sunda Kalapa harbour 
just before the Portuguese arrived back there.
        * From 1535 to 1543: Ratu Dewata, alias Sang Ratu Jaya Dewata, was his  
successor but not his son. 
        * From 1543 to 1551: Ratu Sakti. He was the fourth Pajajaran king in 
Pakuan. 
        * From 1551 to 1567: King Nilakendra, alias Tohaan di Majaya. Because 
of  ongoing battles, he could not stay in the kraton. 
        * From 1567 to 1579, under the last king Raja Mulya, alias Prabu Surya  
Kencana, the kingdom declined essentially, particularly after 1576 due to  
expansive pressure, and finally collapsed in 1579. In Carita Parahyangan, his  
name is Nusa Mulya. He lived in Pulasari, Pandeglang, or in Kaduhejo, Menes  
Subdistrict, at the slope of Mount Palasari. 
The final kings could no longer reside in Pakuan Pajajaran. The Sultanate of 
Banten now ruled 
the former Sunda Kingdom.
 
 
 
Salam,
Aschev Schurascehv
 



----- 
Original Message ----
From: mangucup88 <[EMAIL PROTECTED] de>
To: 
[EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Sunday, June 29, 2008 10:21:17 AM
Subject: 
[kisunda] Re: "Basa Sunda"


Kahatur saderek mh<[EMAIL PROTECTED] 
com

Hatur nuhun kana koreksianana. Leres pribados lepat, nyerat 
jenengan 
raja Pajajaran Prabu Sinala Aji. Nu leres mah Jayadewa atanapi 
jenengan nu kasohor mah Sri Baduga Maharaja, raja Karajaan Sunda nu 
puseur dayeuhna di Pakuan Pajajaran. Ari Prabu Sinala Aji mah raja 
sateuacana nu jumeneng di daerah Rumpin Jasinga, kuloneun Bogor 
ayeuna. 
Rada tebih oge.

Dupi patilasan Kawali tea, leres pisan henteu los-los ka 
Banten. 
Kawali Mah nya di Kawali wae, didaerah wewengkon Ciamis palih kaler. 
Di Banten ge aya, nanging taya hubungan sareng patilasan Kawali. Eta 
mah 
upami teu lepat aya di wewengkon Kanekes Banten, wilayah Baduy 
dalam.

Sakali deui hapunten nya. Maklum nyeratna rada gurunggusuh, 
janten 
hilap teu ka koreksi.

Hatur nuhun kana 
perhatosannana.

Baktosna,
Rochajat Harun <Rochajat_harun@ yahoo.co. 
id





 


-- 
Ema Sujalma     


      

Kirim email ke