Yaktos, Abah awitna ti Aceh...aya pedagang nu disebat "kelompok lima 500" tea
----- Original Message ---- From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Tuesday, July 1, 2008 10:13:07 AM Subject: Re: [kisunda] Karajaan <> kadatuan ???? > From: richadiana kartakusuma > Punten nya Kang, Abah, oge para wargi > Urang Malayu anu di Malaka saleresna TAMIL nu tos ngagem Islam sareng > ngadaptasi budaya Islam ku hasil proses > "extreme acculturation" ieu anu saleresna mayoritas dikembangkeun di > Nusantao (alias Nusantara) Leres Ambu, urang Melayu aya nu kateureuhan urang Tamil ( Sigana Mahatir Muhammad oge). Ngan upami di Indonesia wetan mah katingalina "getih Arab" anu dominan teh. Sultan Pontianak Hamid II (nu kapungkur kalibet kajadian APRA/ Westerling di Bandung) dedeg pangadegna persis urang ARab. Kitu deui di sababarha kasultanan di Indonesia Timur. Dina situs "Habib" ti Malaysia, ieu janten kareueus maranehna, sabab cenah nu ngaradegkeun kasultanan di pulo-pulo "India wetan" teh nya para Habib ieu. Sigana mah ieu teh kaum padagang nu akhirna jadi pangawasa kulantaran ari di luar Jawa mah penduduk aslina saeutik (jarang) jeung acan maju, masih kolompok-kolompok suku nu acan kaiket kunu disebut nagara. Ngan ari di Jawa mah beda deui, penduduk aslina loba, geus kaiket kunu disebut Nagara (Majapahit & Pajajaran). Kaum padagang henteu sabebas di luar Jawa (baca: Indonesia wetan) bisa kitu wae ngadegkeun Kasultanan. Prosesna jadi lami, pinuh ku peperangan jeung ngalibetkeun penduduk asli. Mung aya bedana anatara padagang nu asalna ti ARab jeung urang Eropa. Ari padagang urang Arab mah daratang kadieu "atas nama" pribadi, henteu "atas nama" nagara siga para padagang/ petualang ti Eropa. Nu jelas, abad ka 15/16, diurang sigana tempat campuh marebutkeun pangaruh, kakawasaan jeung harta ti kaum pendatang ku ayana komoditi rempah-rempah. Persis siga minyak ayeuna di Timur Tengah! Baktos, WALUYA
