sampurasun Kang Wirabudiman
sakantenan nepangkeun, da abdi mah nembe knal. sateuacan ngaguar perkawis 
RADEN. Punten sigana abdi "bodo" raraosan rada bingung kanu dimaksad di dieu. 
Kumaha nya. Mung gelar Raden = rahaden = rahadyan teh "asli" ti urang > ra = 
honorefix prefix ; hadyan = jalmi

Tabe pun 
AMBU "wirumananggay"



----- Original Message ----
From: Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]>
To: [EMAIL PROTECTED]
Cc: [email protected]
Sent: Saturday, July 5, 2008 5:32:12 PM
Subject: [kisunda] [Urang Sunda] re: Raden-Juragan Pangaruh PEODAL


//---
MJ Nyerat 
:Perkara raden jeung 
sajabana,
Ari dongengna mah, 
kieu....sugan ieu ge J 
.....
"Sistem 
di Arab mah duka tah. Tapi mun ngaitkeun ka sebutan ka Nabi, tangtu teu 
nyambung 
jeung urusan feodalisme, sabab Nabi asa teu kasebut raja Arab, sanajan beliau 
oge asana memang jadi pamingpin “nagara” Madinah oge.  Cek nu kungsi gawe 
di arab, urang arab mah teu aya istilah sebutan nu ngaharib-harib ka raden 
atawa 
sebutan menak. 
Habib jeung Sayid 
Habib jeung Sayid, sebut we 
sesebutan pikeun manusa nu mulya, konteksna lain, malah lucu atawa romantis mun 
nempo hartina langsung. Habib teh asana kabogoh atawa nu pikanyaah. Yang 
tersayang atawa yang tercinta, cara Ya Habibie Ya Muhammad- Yang tercinta, 
(nabi) Muhammad.  Cek nu kungsi jadi TKI di KSA (Kingdom of Saudi Arabia, 
ngaran resmi  arab saudi) Sayid mah rada sarimbag jeung Tuan atawa Bapak 
atawa Mr. Nya sigana aya harti yang terhormat tea mun di urang 
mah."
------//
Nuhun-nuhun, katampi 
Mang...
 
Numawi mang Jamal, anu 
nyebatkeun Sayyid=Raden etateh urang Iran (janten sanes simkuring 
"ngaharib-harib" ), turunan kangjeng Nabi SAW, dimana di Iran mah atanapi anu 
nyepeng Madzhab Syi'ah panghurmatan sebatan eta teh diarangge keneh. pon Kitu 
di 
Arab Saudi oge anu ngamadzhab Syi'ah mah diarangge, pun Bibi kawitna TKW teras 
ditikah ku Urang Arab margi Bojona tos ngantukeun, gelar sebatan panghurmatan 
teh benten-benten, tapi tetep saurnah upami aya lulungsur/runtuyan ti Ahlul 
Baet(Keluarga Nabi)-mah sok disebat Sayyid ku panganut Madzhab Syi'ah, boh 
kaya/miskin eta jalmina teh.
 
Upami nilik kana sejarah 
Kanjeng Nabi gumelar lahir ti kulawarga anu sederhana pisan tur para 
Ulama-ulama anu ngaranggo sebatan Sayyid hampir sadayana sanes jalmi 
"Bisnisman"/ teu Jegud. Sebatan Sayyid sakaterang simkuring sanes hartos 
Bapak/Mr/Tuan, margi sebatan Bapak/Mr mah aya anu langkung lumrah Abu Tholib, 
Yaa Aba Tholib.
 
Waktos acara Sillaturahmi 
(Kempelan Kulawargi), wargi anu ti urang Arab Saudi tadi, nyauran ka pun Bapak 
teh sanes Sayyid Adang/Ya Aba Adang, tapi nyauran ka pun Bapak teh : Ya Aba 
Yusuf :
ari Adang nami pun 
Bapak (Alm)
ari Yusuf, lanceuk simkuring 
pang gedena.
Kabiasaan urang Arab Saudi 
mah tara nyebat nami langsung, tapi nami putra pang ageungna, Yaa Aba Yusuf, 
sedengkeun upami sebatan Sayyid lazimna diteraskeun kunamina, Sayyidina 
Muhammad.
Sayyid diteraskeun ku Nami anu di tujuna.
Abun=Bapak/Tuan/ Mr diteraskeun ku Nami Budak pang gedena.
 
Kuhal sakitu nguping wartos 
ti Urang Iran yen Sayyid=Raden, simkuring teh asa cocok pisan. Upami Sayyid 
mangrupikeun sebatan nuduhkeun kamulyaan boh dina Elmuna/Akhlakna, naha ari 
sebatan Raden nuduhkeun kamulyaan heunteu??? atanapi Warisan wae ti Walana???. 
Simkuring sapuk pisan sareng kang Jamal (MJ), yen Raden teh tina Raha Dian 
(Getih Suci).
 
RADEN=Raha Dian (Getih 
Suci), memang teuaya dina naskah kuno sunda mah..., ayana gelar Raden kabeh 
dieunakeun, margi memeh aya gelar Raden, nami-nami karuhun sunda/raja-raja 
sunda 
sok nganggo gelar ka Elmuannana, contona Sanghiyang (Jalmi anu parantos 
Mampu Ngahiyang/Tilem) atanapi PRABU SILIWANGI (SILIH WANGI), Raja anu parantos 
ngajarkeun Elmu tur Akhlakna pikeun Silih Sengitan jeung papada, teu luhur teu 
handap pikeun Silih Asah, Silih Asuh, Silih Asih. Jalmi anu parantos 
ngahijikeun 
sababaraha Karajaan tur nentremkeun Rahayatna di pasihan gelar/pada nyarebat 
Prabu Silih Wangi. aya ling bacaan perkawis Siliwangi=Silihwang i 
http://sukapura. wordpress. com/2008/ 07/01/siliwangis ilihwangi/ #more-92
 
Nilik sajarah sunda kabeh 
dieunakeun, Sajarah Cianjur, Garut, Sukapura, Subang, Purwakarta gelar anu 
dipaparinan/ sebatan Raden nyaeta kanggo jalmi anu parantos berjuang dina 
bebeneran (Wani Pati-Batur Bagja) merangan Penjajah, sok sanajan teu di 
tempelkeun ku Karajaan ti Mataram oge, merangan Penjajah anu loba nyangsarakeun 
rahyatna, tangtu Getihna teh Suci alias SYAHID (sebutan pejuang Islam mah) ieu 
panginten anu disebat Raha Dian tea/Getih Suci.
 
Sebatan Raha 
Dian (Raden) ieu dilungsurkeun kana ngaran anak incuna, 
supaya dijadikeun du'a pikeun nuluykeun perjuangan luluhurna nyaeta 
Kudu Wani Pati pikeun Kabagjaan Balarea, teu Luhur teu Handap, Teu Jegud 
teu Miskin. Upami ningali sajarah sukapura (Sumber ti Ketua Komisi Sejarah, 
Yayasan Sukapura), dugi ka kiwari hektaran sawah warisan (Wakaf Sukapura), 
hasil tatanenna di pasihkeun ka masyarakat anu kirang mampu di sabudeureun 
kota/kabupaten Tasikmalaya (Khususna).
 
Timana Hektaran Sawah eta 
teh??? Naha kenging ngagalehan ku pedah Jegud???
Sanes.., Saurnah kenging 
ngarampas deui ti Walana anu tos di cepeng, di olah ku Walana mangpuluh bahkan 
ratus tahun.
Kusaha ngawitannana di 
Sukapura ieu???
Saurnah anu 
Mimpin berjuang ngusir panjajah teh, Raden Wira Wangsa gelarna Wira Adeg 
Daha I (Wira Dadaha I). pon kitu deui di Cianjur Raden Wiratanudatar 
jsb.
 
Upami ningal ti luluhurna 
Sukapura, Raden Wira Wangsa teh lungsuran ti Eyang Padarek (Makamna di 
Padarek Singaparna) anu mulih deui ka Tatar Sukapura kawit ti Mataram milari 
karuhunna di tatar para hiyangan, Janten Raja Pajajaran+Raja Mataram teh upami 
dijugjugmah adi lanceuk (masih keneh dulur sadarah Sunda). Kahartos upami ti 
Mataram nyematkeun Raden teh, salianti berjuang nyata pikeun balarea, katambih 
ku ikatan kulawarga tea.
 
Tah...tah... upami ningal 
kana sajarah eta sareng hartos tina kecap Raden (Raha Dian) Getih Suci (Wani 
Pati Batur Bagja) asa patojaiah upami disebatkeun yen sebatan Raden teh 
warisan Penjajah Walana (pangaruh Peodal). Ieu nu janten simkuring 
ngemut...heheh J
 
Simkuring sok mikir deui, ti 
iraha sebatan Raden teh di identikeun sareng Jalmi anu Jaregud???, 
pangaruhna Jalma anu teu Jegud (kabeneran pakayana pas-pasan) malah 
katalangsara 
tur padahal ku luluhurna ditempelan ngaran Raden, antukna diganti kapangadilan 
supaya dina KTP/Akte kalahirannana ulah ngangge Raden da era tea, alias teu 
Jegud.
...oooh mereun ieu pangaruh 
tina KAPITALIS tea,nyata ari kitu mah budaya urang sunda teh eleh ku paham 
Kapitalis... anu ngukur sagala rupa teh ku ukuran harta 
banda.
 
Le-ehna sebatan Sayyid di 
masyarakat Arab Saudi ayeuan khususna anu sanes Madzhab Syi'ah, sebatan 
pikeun turunan Kanjeng Nabi SAW, ieu teu leupas tina burem-na sajarah Islam, 
tikawit kangjeng Nabi SAW wafat, Incu Kanjeng Nabi Sayyid Imam Husain di 
teuk-teuk mastakana, di arak-arak ngurilingan kota Karbala (Iraq), nya kocap 
singkatnamah dugi ka Iran ayeuna ngungsina, susulumputan tur sumebarna 
turunan ti kanjeng Nabi teh.
 
Rusiahna tiasa ngadeg dugi 
kayakaeun Revolusi Islam Iran, tiantawisna mayoritas masyarakat leuwih 
hurmat+Satia ka Sayyid-Sayyid/ Para Imamna tinimang ka Pamarentahan anu Keji 
tea. Aya bacaan bubuka perkawis Revolusi Iran  http://sukapura. wordpress. 
com/2008/ 07/01/rahbar- dan-revolusi- islam-iran/ #more-105
 
Eta mah salah sawios hikmah 
tina ngagunakeun Sayyid di Nagara tatangga anu kahartos ku simkuring, 
tantos benten upami sareng hikmah tina ngagunakeun Raden (Raha Dian) Wani Pati 
pikeun Kabagjaan Balarea di Tatar Nusantara mah....heheh :).
 
Panghurmatan sebatan nami 
Sayyid ngawitan leeh, diakibatkeun ku Politik Kapamimpinan (Kholifah 
Islam).
Panghurmatan sebatan 
nami Raden ngawitan leeh, diakibatkeun ku Politik Penjajah Adu Domba 
tea.
Duanana sebatan nami eta, 
nuduhkeun kana Kamulyaan.
 
Sakitu heula emutan 
simkuring teh, hapunten sanes bade wawantunan, mung tadi oge aya pasualan anu 
jadi pamikiran simkuring...
hapunten anu 
kasuhun
baktos
Agus 
Wirabudiman
 
//---------- -------
Dupi sejarah sebatan 
Raden/Juragan teh eta pangaruh Peodalisme?? ? kumaha asal usulna eta sebatan 
Rade/Juragan teh mangrupikeun pangaruh tina peodal??
ke urang rada ngaler heula, 
simkuring kenging wartos ti adi ipar, yen anjeuna gunem catur sareng 
salahsawios 
Sayyid ti Iran, anu nerangkeun sebatan nami Sayyid eta teh di tujukeun ka 
kangjeng Nabi SAW katut turunannana dugi ka ayeuna, tawis sebatan ta'dim+satia 
ka Kanjeng Nabi+turunanana, mung ari dina nuju Ibadah mah sapertos maca 
sholawat 
dina nalika sholat, teu kenging nganggo Sayyid (kitu nu kapendak oge 
kusimkuring 
dina Shohih Bukhori). 
Anapon di luar Sholat mah 
Nabi SAW oge teu tiasa nyarek, margi etamah mangrupikeun ekspresi adat Arab 
dina 
ngahormat+satia kapamimpinna. Dugi ka ayeuna, dimana-mana aya jalmi turunan 
kangjeng Nabi SAW teu weleh nganggo Sayyid. kitu nu ka jadian di Iran boh di 
Arab Saudina.
Atuh panghurmatan ka 
tokoh/ulama Islam anu sanes turunan kangjeng Nabi mah sok disebat Syaihkul 
Islam 
(Syekh), misalna Syekhul Islam Ibnu Taimiyah, Habib 
dst.
Mungkin di Adat sunda oge 
kitu, Juraga, Aden teh mangrupikeun panghurmatan tawis ta'dim+kasatiann ka 
pamimpinan (upami dina karajaanmah) .
tah anu janten pertarosan 
simkuring teh naha Sayyid/Habib/ Juragan/Aden eta teh sami mangrupikeun 
sebatan pangaruh peodal???
sakitu heula 
bah..
------------ --------/ /     


      

Kirim email ke